Sampurasuuun - Hampura ingsun.
Mang Kabayan perkawis buku mah ka Abah Sepuh we, tos komplit di anjeunna.
heee....

Bah Sepuh Oman, lan Barayasadaya,
Sadaya ciciptaanNa dialam dunya boh di Jagat Raya boh di Galaksi tinangtu
boga mangpaat.
Ngan kumaha urang ngaguarna we atawa rek ciga ngagugulung kalapa? heu
Reungit ? bisa ngajadikeun urang milyuner sabab bisa ngajual obat nyamuk.
Majun (sesa potongan tekstil), tingali di Leuwi Gajah, nk bisa boga
pamajikan lima, ngajajar lima imah sajalan !
Supir kuring harita keur di Bogor kaluar ti pagawean nyupir. Tuluy jadi
pemulung bungkus kardus ti unggal toko,
ayeuna geus lima kali naek haji plus !.
Abah Sepuh mah ahli fenomena.  Sabab lancar ngabaca sagala ka ayaan ayat
Qauniyyah. heu

AYAT versus UYUT...
Ayat
Ayat-ayat  teh teu saukur nu aya dina buku Qur'an wungkul. Heureut atuh.
Oge mangrupa tanda Tanda hadirna Alam jrrd, emutaneun. Ayat
Allah.(Ayatullah ?).
Tah, ALAM - Alip Lam Mim.
Alip Lam Mim - Alam teh , buku 'gede'na Al Qur'an. (Qur'an buku leutik).
Jadi ngan aran ayat Mutassyabihaat wungkul lamun diguarna teu maca alam
sabudereun.
Teu bisa ngan dijawab ku: 'eta mah urusan Gusti'
Maca kudu make amparanana. ALAS - Alip Lam Shad.
Jeung kudu puguh ALUR na -. Alip Lam Ro
MACANNA kudu BODAS.......maung bodas?

Uyut
Kabuyutan teh tempat uyut.nyaliara. Bisa dileuweung, di cai, di sagara ,di
samudra, diangkasa.
Bisa mangrupa lontar atw batu tulis jeung produk manusa unggul na
Conto anu mo bireuk deui di Tatar Sunda,nyeta Eyang Prabu Siliwangi.
Lontar balatak, contona di Koropak Amanat Galunggung, Siksa kanda ng ka
resian jrrd
Batutulis araya ciga Di Bogor, ku Surawisesa, Di Sukabumi katelah SangHyang
Tapak jrrd.
Carita uyut mah sementara anu kadata ti Jaman Salakanagara kl abad ka I.

Dua 'barang' ieu (ayat-uyut) sabenerna gumulung. eta keneh.
Ngan beda cara murakna wungkul. Conto dina rumpaka: teang di galeuh bitung
, hate kangkung.
(eta conto guaran samemehna ...si angka '0' tea).
Ngan aya kesan, uyut ciga 'barang' lila. padahal karak diguarna dina carita
abad XVII
Ari perkara ayat, ciga carita nu geus heubeul padahal mimiti abad ka X nepi
ka dieuna.
Kunaon? Sabab aya usaha,di' pareum obor'keun perkara kabuyutan teh.
Tah ieu conto pendekatan Islam make budaya Sunda, lain ku budaya Arab. Cag

Marikitahayuuuuuu....!
Rampes - Rampa Salira.
hn*R3M

Kirim email ke