Perkara Sunatullah sareng abakadabra, kuring janten emut kana kasus "bulan 
dibeulah". Ceuk cenah salah sahiji astronout anu kantos nyaba ka bulan, aya 
tanda-tanda (sambungan) tilas bulan kantos beulah. Dina salah sahiji riwayat, 
cenah kanggao ngabuktoskeun ka masyarakat Arab anu harita masih kafir Allah 
ngabeulah bulan janten dua, teras rapet deui. Naha leres eta cariosan teh? 
Boa-boa gambar Nini Anteh anu katingali ti urang teh, "patahan" bulan, 
ngelemeng janten gambar Nini Anteh?

Asana teh teu aya para ahli luar angkasa, anu ngabuktoskeun bulan beulah, 
kajabi astronot anu kantos nganjang ka bulan. Eta oge cenah.

mrachmatrawyani



________________________________
 From: Tantan <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Wednesday, July 31, 2013 12:19 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] kun faya kun = abakadabra?
 


  
Dina ushul fiqh, Allah teh disebut Syaariun atawa pembuat syar'i. Pembuat 
hukum. Hukum allah ( sunnatullah ) anu ayeuna tos kapaham logis-rasional teh, 
can tangtu geus ngaruoakeun sakabeh hukum Mantena. Janten salaku pembuat hukum 
Allah kumawasa pinuh ngaluarkeun hukum-hukum alam anu anyar. 

Conto, pertanyaan kumaha asal muasal alam semesta anu ayeuna geus dugi kana 
partikel anu ka 16 anu baheula mah ngan atom, terus neutron, terussss..... Jst. 


Tantan Hermansah
Sent from my iPad

On 31 Jul 2013, at 13:30, "Iskandar A. Adnan" <[email protected]> wrote:

.

Kirim email ke