CARA PANDANG BENAR
==================

Sateuacna sim kuring nyuhungkeun dihapunten, ngadamel judul 'cara pandang 
benar'. Sim kuring anu pangabisa basa Sunda-na pas-pasan ngaraos teu tiasa 
mendak padanan kalimat 'cara pandang benar'.

Maksad cara pandang benar, nyaeta cara pandang pikeun jalma anu keur ngajalanan 
jalan spiritual. Umat Islam mah geus teu aneh ku jalan spiritual teh da unggal 
poe oge netepan sholat 5x, ditambah dzikir jeung do'a.  Tingkat lanjutna aya 
'suluk' nyaeta jalan khusus nuju ka cahaya gusti nu maha suci. Atuh dina agama 
lain oge aya, samisal samadhi (neangan hening, konsentrasi), meditasi, retreat, 
atawa basa arabna uzlah.

Jalma anu nyukcruk jalan spiritual perlu cara pandang benar supaya teu sasab 
jeung efektif tur optimal dina jalan spiritual.  Ari lawan cara pandang benar 
teh nyaeta ilusi atawa delusi, angan-angan, khayalan, anu kabehanana sifatna 
subjektif.

Tong Nafsirkeun
===============
Pikeun jalma anu keur uzlah, meditasi, samadhi, tong nafsirkeun pangalaman 
batin atawa pangalaman anu karandapan.  Alusna, tingali wae naon ayana. 
Misalna: manggih tapak suku gedena sameter deukeut situs prabu Siliwangi. Terus 
ditafsirkeun eta tapak suku prabu Siliwangi anu ngadatangan deui eta tempat.  
Eta tafsiran mawa sasab. Faktana aya tapak suku. Urang teu apal eta tapak suku 
saha. Tapak suku di hareupeun imah urang can tangtu tapak suku urang sorangan. 
Loba pisan kamungkinana. Kunaon atuh bet ditafsirkeun eta tapak suku teh tapak 
suku prabu Siliwangi?  Kulantaran geus aya kahayang ti jalma anu nafsirkeun yen 
prabu Siliwangi datang ngalindungi tatar Sunda. Eta kahayang mawa ilusi, mawa 
khayalan.  Tapak suku mah nya ngan saukur tapak suku, teuing tapak suku saha 
teu nyaho ari can kapanggih buktina mah. Teu kudu ditafsirkeun.

Tong Aya Kahayang Goreng/Sasab
==============================
Jalma anu uzlah, dzikir, meditasi, samadhi; kudu boga niat bener. Niat anu 
paling bener nyaeta pikeun mersihkeun kokotor tina batin. Ari kokotor batin 
misalna: tamak/rakus, rasa kuciwa, amarah, ujub/sombong, riya, loba kasieun. 
Kaasup kokotor batin lamun anu meditasi/samadhi/dzikir, hayang panggih jeung 
luluhur, hayang jadi jalma suci, hayang beunghar, hayang kasaktian.  Eta kabeh 
teh kokotor batin.  Jadi lamun urang salah niat meditasi/samadhi/dzikir/uzlah; 
malah bisa nambahan kokotor batin, lain ngurangan.

Tina niat, kahayang anu sasab, engkena bakal mawa kana proses 
meditasi/samadhi/uzlah anu leuwih sasab deui. Misalna: pas keur meditasi 
ningali cahaya jiga matahari terbit ti kulon, lain ti wetan. Langsung dianggap 
pertanda. Padahal nya eta kamungkinana loba pisan. Dina batin urang sok aya 
pangalaman historis samisal trauma, amarah jeung lain-lain. Lamun urang 
meditasi, eta pangalaman historis bisa kaluar dibedahkeun supaya batin urang 
bersih tina trauma historis. Teu jarang eta kaluarna trauma historis teh sok 
aya pangaruh visual kana pikiran urang. Misalna asa ningali cahaya, atawa 
karasa aya gempa (padahal euweuh) atawa awak kukurunyudan. Eta kabeh gajala 
normal sacara jaringan syaraf jeung pikiran dina diri urang. Tong 
disambung-sambung, ditafsirkeun kaditu kadieu kulantaran saencana urang geus 
aya kahayang anu sasab, jadi pangalaman jaringan syaraf/pikiran urang 
disambungkeun jeung kahayang; jadina ilusi.

Makhluk Alam Lain
=================
Boh dina Islam, boh dina agama lain, geus dibewarakeun ayana makhluk alam lain 
saperti jin jeung malaikat; atawa istilah lain: makhluk halus/ririwa jeung 
dewa.  Tapi urang teu boga data anu akurat kumaha macemna, misalna kumaha 
rupa-rupa species wangsa jin?  ngan dina hadits dicaritakeun aya jin anu 
kadaharana teh kotoran jeung tulang; kaasup kadaharan jin anu kieu teh nyaeta 
sasajen ti jalma anu mere sasajen. Aya oge jin anu mangrupa fisik jiga oray, 
aya anu jiga serangga.  Loba pisan.  Jadi tong aneh, di tempat-tempat anu sok 
dihaturkeun sasajen ku jelema teh memang sok jadi loba makhluk halus da atuh 
diparaban, ngan teuing nu kumaha, anu kelas ningrat atawa kelas galandangan 
wangsa jin-na.

Makhluk halus/jin/ririwa mungkin wae milih tempat-tempat anu maranehna resep 
ngumpul ngajadikeun imah atawa kampung manehna anu oge lokasina 'tumpang 
tindih' (beda dimensi?) jeung alam/wilayah kahirupan manusa.  Lamun tempatna 
hirup maranehna ku urang diganggu, diancurkeun; nya wajar weh lamun maranehna 
ambek atawa ngamuk atawa ngalakukeun kajahatan ka manusa anu geus ngaganggu. 
Jalma wae mun kampungna rek katarabas jalan tol atawa rek dijadikeun bendungan 
kudu direlokasi heula. Atuh meureun wangsa jin/makhluk halus/ririwa oge sarua 
kudu direlokasi heula, ku jalma anu bisa komunikasi jeung wangsa anu kitu.

Tapi anu penting, lamun pangaweruh urang teu lengkep, teu pati apal ka alam 
makhluk halus, ulah sok direka-reka; komo disambung-sambung jeung prabu 
Siliwangi anu dipihormat ku urang Sunda, jadi kabawa citra anu sasab.  Sok 
mangga geura ditafakuran pan prabu Siliwangi teh raja anu bijak; asa moal 
mungkin ngalakukeun amarah anu jahat nepi ka nilasan jalma ku cara mere supata 
(kutukan).  Meureun eta pamanggih teh kulantaran sabagean masyarakat Sunda 
hayang nyalindung ka raja anu adil jeung kawasa, kulantaran asa teu walakaya 
deui ngalawan karakusan jalma di jaman ayeuna.  Tapi lamun carana sasab, 
kulantaran teu boga pangarti/pandangan anu bener, kadituna oge jadi mawa sasab 
kana pamikiran masyarakat.  Salah sahijina mere citra goreng ka prabu Siliwangi.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke