Runtagna
Karajaan Tarumanagara
Di na hiji
mangsa di Kadipaten Wanakerta, nu kaasup Karajaan Tarumanagara, di lembur
Awipari …. Aya hiji jelema asup ka eta lembur; papakeanana sing sarwa hideung,
nyoren bedog mani nyulagrang; pasemonna kaciri gede wawanen, tapi teu siga
nguntup atawa ngajago.
Eta jelema
teh teu luak lieuk terus we nuju ka hiji imah, atawa saung anu kacida
basajanna; malah teu di pantoan2 acan.Barang geus deukeut, aya budak awewe umur
kira2 7 taun kaluar ti eta saung terus nyampeurkeun ka jelema nu datang, enya
ge awewe eta budak teh kaciri gede wawanen; teu kaciri kaget atawa sieun, pok
nyarita :”Si mamang rek nepungan abah ? Ayeuna abah keur di huma; tungguan we,
sakeudeung deui ge balik ?”
Eta jelema
teu loba omong , terus we diuk di na jojodog nu dibikeun ku eta budak awewe,
budak awewe teh nawaran cai na batok; nu terus diinum ku eta jelema. Eta jelema
teh teu loba carita, ngan melong we ka si budak awewe, nenjokeun tingkah
lakuna.
Teu kungsi
lila kurunyung  hiji lalaki nu manggul
pacul bari bobolokot kesang, kaciri awakna sembada lantaran teu make baju da
keur digawe tea; umurna sarimbag jeung jelema nu datang tadi. Kaciri eta jelema
teh rada kaget nempo ki semah teh, terus we ngomong :”Eh Sarta , aya naon ka
dieu ? Kawas aya urusan ? Arum, cokot jojodog hiji deui keur abah.”
Duanana
ayeuna ngobrol hareupeun imah, bari nginum cai teh na batok; lalawuhna gula
kawung nu kakara kamari dijait, meunang nyieun sorangan.
“Ka, ari eta
teh Arum nu basa eta kakara lelengkah halu ?” Cek ki Semah anu disebut Sarta.
“Heueuh ..
da moal aya dua Arum atuh, cawene ngan hiji2na; kapan indungna geus dipundut ku
nu ngayuga 3 taun nu geus kaliwat.”
Sarta
:”Baruk ? atuh uing teh geus lila pisan tara ka dieu nya ?  Wah enyaan uing teu 
apal pisan, hampura we
Kaka ulah nyangka uing tambelar ka dulur.”
Pribumi nu
disebut Kaka teh ngaranna Ki Jara, manehna ngan hirup duaan jeung anakna awewe
nu ngaranna Arum, lantaran pamajikanana geus tilar dunya 3 taun nu geus
kaliwat. Enya ge budak awewe, ku Ki Jara Arum teh diajar rupa2 pagawean nu biasa
dilakukeun; nya atuh eta budak awewe teh jadi dewasa saacan waktuna, lantaran
kudu bisa ngalakukeun hal2 nu biasana mah keur lalaki nu geus dewasa. Tapi Arum
dasarna budak bageur, naon wae nu diparentah ku bapana, ku manehna dilakukeun
bari teu loba ngabantah; asal geus ngarti habek we dilaksanakeun. 
“Sarta,” Ki
Jara ngamimitian nyarita deui. “Ari di dinya ka dieu aya naon ? siga nu penting
pisan , cing pok naon pamaksudan teh, jauh2 ti dayeuh ka dieu? jeung kumaha
kulawarga calageur ?”
“Aya hibar
.. eu eu kieu ieu teh kang …Ki Adipati Waduk Bumi keur ngahangkeutkeun kakuatan
ayeuna teh, loba tamtama jeung prajurit anyar nu diangkat waktu2 ieu; manehna
ayeuna merlukeun pisan tanaga2 nu bisa diandelkeun ….. “ Ki Sarta eureun heula
nempo pangaruhna pikeun ki Jara.
Saenyana ki
Sarta teh salah sahiji Manggala Yudha di Tarumanagara; manehna  kaasup ka 
Pasukan Kadipaten Cikurubuk, nu
dipimpin ku Adipati Waduk Bumi. 
Nagara
Tarumanagara teh ngadegna ku hiji gegeden ti Hindustan ngaranna Purnawarman; nu
ngajorag ka Yawadwipa bagean Kulon; manehna datang bari mawa pasukan nu lengkep
pikeun perang; ieu Purnawarman teh hiji Kasta ksatriya turunan Wangsa Bharata,
nu kausir sabab eleh ku musuhna; nya kakaburan ka lautan; salila 5 taun
lalayaran manehna loba papanggihan, nu saterusna jadi jelema sakti; ku sabab
embung balik deui ka Hindustan; nya manehna mikirkeun hayang badarat di tempat
nu subur mamur loh jinawi; nya akhirna kapilih Yawadwipa bagean Kulon; nya
barang badarat teh, teu ditarima kitu wae ku pribumi, nu akhirna banjir getih;
tapi Purnawarman memang sakti manggulang mangguling; akhirna pribumi taraluk.

Kirim email ke