Sampurasu,  ngiringan prihatin dan solidaritas

http://ahmadsamantho.wordpress.com/2013/09/03/banyak-situs-prasejarah-maupun-kabuyutan-sunda-terancam-ditenggelamkan-leh-pembangunan-waduk-jatigede-sumedang/


2013/9/2 Ahmad Hazairin <[email protected]>

> Mang Kaby sareng saderek sadayana,
> Dina penilaian aset cagar budaya sacara akuntansi memang sesah atanapi teu
> tiasa dinilai ku nilai artos.
> Tapi pemda tiasa ngadamel lampiran aset daerah anu mangrupa nilai aset
> cagar budaya atawa aset anu ngagaduhan nilai historis.
> Tah tiasa oge memang ngadamel grade penilaian sacara indikator: budaya,
> sosial, historis, aktual.
>
> Misalna Kampung Naga, eta kampung teh salian indikator budayana luhur, oge
> indikator sosialna luhur, salajengna nilai indikator aktual na oge luhur:
> Indikator budaya:  Kampung naga mangrupa budaya unik anu ngandung
> nilai-nilai falsafah lokal anu bisa jadi pangrojong nilai falsafah regional
> oge nasional
> Indikator sosial: Kampung naga sacara sosial aktif keneh ngabentuk hiji
> kampung anu struktur-na jelas sareng ORISINIL (kapala kampung adat, juru
> bicara, tradisina orisinil hirup keneh)
> Indikator aktual: Kampung naga dugi ka danget ieu jelas pisan hirup keneh
> tradisina anu kakait pisan jeung lokasi, moal bisa eta tradisi jeung
> masyarakatna dipindahkeun ka tempat lain
> Indikator Historis: ** sim kuring teu pati apal, he... he.. he..**
>
> Tah mangga, misalna kampung Cipaku kumaha ngeunaan indikaor-indikator eta.
> Misalna, apakah kampung Cipaku mangrupa kampung budaya anu solid, hirup,
> ngagaduhan struktur adat lokal orisinil saperti Kampung Naga sareng
> Kanekes?  Upami teu tiasa dibuktoskeun indikator budaya adat solid sareng
> strukturna maka sesah ngabuktoskeun sacara nilai objektif; kumargi sacara
> nilai subjektif sadayana kampung di mana wae oge bakal ngarasa penting tina
> posisina masing-masing.
>
> Upami misalna indikatorna historis sapertos makam atanapi situs kabuyutan,
> apakah tiasa direlokasi?  Kumargi upami situs kabuyutan sapertos makam teu
> lebet kana indikator sosial anu masih keneh aktif.  Upami direlokasi janten
> tiasa da teu ngarobah struktur sosial/budaya adat orisinil anu aktif.
> Memang pastina dina relokasi aya kakaitan lokasi anu leungit, tapi kedah
> diukur sareng mangpaat anu bakal diala tina waduk jatigede.  Upami waduk
> jatigedena moal aya mangpaat, ya eta mah *waduk* pisan rancana pamarentah
> teh, kantun dihantem wae oge tina azas mangpaat/mudarat sacara
> alam/ekonomi, ka para stakeholder.
>
> Sadayana indikator di luhur mung pamisalan ti pikiran sim kuring, sanes
> nyandak tina referensi formal, janten tiasa dilengkepan tapi oge tiasa wae
> dibabad tandas :)
>
> Wallahu'alam
>
> Febi
> ===
>
>
>   ------------------------------
>  *Von:* mang kaby <[email protected]>
> *An:* [email protected]
> *CC:* [email protected]; [email protected]
> *Gesendet:* 11:05 Montag, 2.September 2013
> *Betreff:* RE: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede
>
>
>  Was wr wb,
> Nuhuuuns Kang Febi sae pisan… leres tah eta ngeureuyeuh rupina kedah
> diinformasikeun jeung diedukasikeun deui upaya/ misi ngajaga Situs-2
> Kabuyutan jeung Kampung Buhun ieu walopun dina realitana mah asa neungar
> cadas hehehe… Margi nyakitu sigana tos jadi kabiasaan bangsa urang mah teu
> ngahargaan sajarah jeung budaya sorangan teh… tong boroning Situs Kabuyutan
> Cipaku Jatigede Darmaraja Sumedang dalah anu bararadag oge diantepkeun wae
> hehehe.
>
> Ngeunaan Obyektifitas Situs Kabuyutan ieu mangga aos link ieu :
> http://www.cipaku.org/wp/?page_id=2 sareng
> http://jatigede.org/wp/?page_id=90 Kampung Buhun Cipaku teh tos di
> Aknowledge atanapi tos diakui ku Budayawan Salevel Kang Jakob Sumardjo
> salaku kampung tradisional di Sunda anu tos aya tikapungkur jeung masih
> keneh menganut Tritangtu tea, meureun kirang langkungna sami sareng Kampung
> Naga,  Kasepuhan Ciptagelar oge Baduy Kenekes. Kitu oge Situs-2 Sejarahna
> kantos ditulis ku Prof Nina Herlina Lubis tea.
>
> Mung nyakitu Kang… sigana memang kapitalismeu jeung nagara ieu memang
> sagala dirumpak jeung sagala ditajong katinggali pan tina tolak ukur
> Corruption Perception Index anu nyungseb. Kumargi kitu memang hal- hal
> kesejarahan, kabudayaan, jrrd mah anu pastina euweuh jang ka imahna rada
> kurang diperhatoskeun hehehe.
>
> Leres pisan Kang… salami ieu pamarentah kurang ngainventarisir naon wae
> asset-2 anu dipiboga boh Aset Tangible anu bisa dicekel/ Aset Pisik jeung
> Aset Intangible non Pisik… samodel Kampung Cipaku jeung Kabuyutanna ieu
> Aset Intangible.
>
> Aya oge anu nyarita sok weh atuh ceunah eta Aset dinilai secara duit
> nilaina sabaraha… engke menta ganti rugi/ penggantian… Hoooor tah ieu
> kumaha nya logikana memang rada teu nyambung, Aset Fisik wungkul anu teu
> pakuat pakait jeung sajarah oge budaya mah meureun bisa diitung nilaina di
> appraise ku konsultan professional bisa…. Tapi Situs Kabuyutan jeung
> Kampung Buhun anu keur masyarakat didinya geus melekat di hatena eta kumaha
> nganilaina… Istilahna mah benda anu sangaaat berharga pisan panginten…
> Tidak ternilai hargana/ tak terhingga. Kumargi kitu pan Karuhun Urang jelas
> dina Amanah Galunggung puguh pentingna kabuyutan teh.
>
> Siga kieu weh… Analogi Pentingna Kabuyutan teh… Nilaina anu Tak Terhingga
> sangat berharga pisan….  Ka’bah di Mekah… ciiik lamun diniley secara fisik
> mah naon ngan saukur kotak bentukna oge teu nyeni terus eusina oge ngan
> saukur batu… lamun diniley secara pembentuk unsur-2 na mah meureun hargana
> moal leuwih ti 100jt rupiah… tapi kulantaran Ka’bah teh simbolna/
> Kabuyutanna Umat Islam dimana didinya Ibrahim AS ngamimitian negakeun
> Monoteismeu ku cara ngawangun Ka’bah ku cara ninggikeun pondasina +
> dituluykeun ku Nabi Muhammad SAW anu tadina kiblat nyanghareup ka Yerusalem
> dipindahkeun ka Ka’bah… sok ayeuna tah Ka’bah lamun rek di eleb kumaha
> protest-na umat Islam sapanjuru dunya… Tah Kabuyutan Cipaku teh kitu… geus
> melekat di hate masyarakat jeung lain ngan saukur kabuyutan Urang Cipaku
> wungkul da ieu teh salah sahiji Kabuyutan Urang Sunda anu geus aya ti jaman
> Megalitikum :).
>
> Dina Al Qur’an mah pan anu ngaruksak Kabuyutan dina hal ieu  Ka’bah pan
> meunang Azab ti Alloh hehehe… padahal kurang kumaha gagahna tah Firaun
> ngirimkeun pasukan gajah tea pan… tapi eleh geuning ku pasukan manuk tea
> hehehe bari marawa batu panas? Asa ceuk logika akal sehat mah teu mungkin
> manuk maledogan make batu panas…. Anu mungkin mah gunung meledug terus
> batu-2 maluncrat tina gunung bitu antukna anu tadina rek nyerang
> ngancurkeun kabuyutan teu jadi weh hehehe.
>
> Tah Jatigede teh… ti taun 60-an proyekna… nepi ka ayeuna CAN KASEBUT JADI
> hehehe… taun 80-an geus santer rek jadi malah pendanaanna ti World Bank…
> tapi ternyata bener anu dicaritakeun Kang Oman… kasalametkeun ku Gunung
> Galunggung hehehee tahun 1982 Gunung Galunggung Meledug
> http://indocropcircles.wordpress.com/2012/02/15/sejarah-meletusnya-gunung-galunggung-sejak-1822/eduuun
>  pan…. Ieu video-na :
> http://www.youtube.com/watch?v=pzJgDbkq7-c . Taun 1993… Gunung Badigul
> Rancamaya Siliwangi diancurkeun… 1998 Krismon Suharto lengser hehehe….
> Taaah ayeuna 2013 Jatigede ceunah rek di eleb deui… duka tah taun 2013
> jeung 2014 bakal aya kajadian naon….Nu jelas ayeuna dollar geus nerekel
> naek… malah ceunah bakal nepi ka 15rb lamun teu diintervensi ku pamarentah…
> Nu jelas maca di Pikiran Rakyat ceunah Gunung Guntur di Garut geus rada
> hareeng hehehe.
>
> Nyakitu meureun Alloh SWT oge dina Surat Al Fil pan kitu… pasukan Gajah
> anu bakal ngelehkeun nya manuk-2 kiriman ti Alloh SWT anu marawa batu
> panas… Gunung Bitu kitu? Mun manusa geus teu bisa ditahan… Alloh SWT
> meureun Nu Kawasa, Nu Nangtukeun, Nu Maha Murbeng Alam anu bakal nindak
> hehehe.
>
> Wallohualam Bishawab….
>
>  nuhuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
>
>  *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Ahmad Hazairin
> *Sent:* Monday, September 02, 2013 9:05 AM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede
>
>
>   Assalaamu'alaikum wr. wb.
>
> Hapunten sim kuring ngaraos nembe terang ayeuna di milist perkawis recana
> bendungan Jatigede; teu ngiring nuturkeun ti awalna ti media sanesna.
> Mung upami ngaos tulisan-tulisan mang Kaby, sim kuring ngagaduhan pikir
> supados ngelompokeun permasalahanana:
>
> (1) Stakeholder
>    a. Masyarakat lokal
>     b. Pamarentah Lokal (Pemda Sumedang)
>     c. Pamarentah Regional (Pemda Jabar)
>     d. Pamarentah Pusat
>     e. Masyarakat + Ormas/Paguyuban lokal + regional
>     f.  Masyarakat/Ormas/Paguyuban Nasional
>
>  Ieu stakeholder kedah disosialisasi heula supados ngaraos pentingna
> 'misi mang Kabayan'.  Upami eta stakeholder tos ngaraos pentingna eta misi,
> kapayuna bakal tiasa sasarengan ngudag eta misi.  Sosialisasi awal kedah
> kiat di point a, b, c, sareng e; kumargi ngawakilan budaya Kasundaan.
>
>  (2) Nilai Objektif
>  Misi anu diperjuangkeun kedah tiasa nampilkeun Nilai Objektif, ulah
> kajebak ku nampilkeun nilai subjektif.  Nilai subjektif misalna upami imah
> sim kuring rek katarabas jalan tol.  Eta imah pikeun sim kuring penting
> pisan kulantaran warisan ti jaman uyut jeung jangawareng.  Tapi sacara
> objektif nilaina teu aya pikeun masyarakat umum.  Tah, dina merjuangkeun
> warisan kabuyutan teh kedah tiasa ditampilkeun nilai objektifna, nyaeta
> nilai-nilai anu bisa karasa penting lain ku masyarakat lokal wungkul, tapi
> oge pikeun masyarakat regional (jawa barat); atuh hade pisan lamun bisa oge
> ngadukung nilai objektif nasional.
>
>  Nilai objektif misalna tiasa ditampilkeun yen nilai budaya di kabuyutan
> anu rek dilelepkeun dina waduk teh ngawakilah titinggal budaya regional anu
> penting.
>  Lamun rek dinilai sacara akuntansi maka kedah ngalibatkeun konsultan
> penilai aset independent (akuntan publik) sareng tim arkeologi (?) anu
> handal pikeun tiasa nampilkeun nilai objektif sacara akuntansi.  Oge kedah
> disarengan ku tim ahli budaya anu handal pikeun ngarealisasikeun nilai
> akuntansi kana nilai budaya terapan dina imbasna kana kahirupan budaya
> lokal+regional ka payuna.
>  (**note: ieu oge kalemahan pemda teh, teu ngagaduhan daftar aset anu
> lengkep. Ari aset teh ngan saukur wangunan, tanah, mobil dll. tapi cagar
> budaya teu acan kalebetkeun kana nilai aset daerah sapertos na mah)
>
>  Upami eta nilai objektif tos tiasa kaungkap, salajengna tiasa janten
> bahan sosialisasi anu jelas kaukur (measured values) ka para stakeholder
> dina point (1).
>
>  Panginten sakitu heula ilubiung ti sim kuring.  Hapunten upami janten
> sapertos lauk buruk milu mabok  :)
>
>  Wassalaamu'alaikum wr. wb.
>
>  Febi
>  ===
>
>    ------------------------------
>  *Von:* Ahmad Dimyati <[email protected]>
> *An:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Gesendet:* 8:41 Montag, 2.September 2013
> *Betreff:* Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede
>
>
>  Kang Kaby,
>  Hatur nuhun kana fasilitasina kamari......sanaos teu aya leunca sareng
> daun pohpohan, teu burung ngalimed...he he he.
>  Usul: kahiji, saenggalna dihimpun para pakar sareng pelaku nu tiasa
> ngiatan masing-masing fungsi nu  disebatkeun ku kang Irpan....
>  Kadua, saenggalna diayakaeun riungan model kamari di Bandung...nu
> hasilna kumaha membangun sinergi sareng kegiatan tim Bogor. Ping 7 wengi
> atanapi 8 sonten abdi tiasa partisipasi, margi insyaalloh nuju di Bandung.
> Kang Oman, kang Mubyar, kang Sobirin, sareng ceu Nina Lubis jelas tiasa
> sejalan sareng skenario kang Kaby...
>  Saha nu terang aya oge nu ngarojong skenario mitigasina kang Nana....
>  Kanggo diplomasi, advokasi, negosiasi, publikasi, edukasi oge di Bandung
> seueur mandahna boh kanggo tingkat Sumedang, tingkat Pantura, tingkat Jawa
> Barat, oge tingkat Nasional....
>
>  Baktos,
>  AD
>
> Sent from my iPad
>
> On 1 Sep 2013, at 19:11, "mang kaby" <[email protected]> wrote:
>
>
>  Singkaaap Kang Irpan,
> Nuhuuuuns pisan yuuu mari kita hayuuu... Kin urang inpokeun dina riungan
> salajengna perihal babagi tugas ieu.
>
> Diantawisna anu kapireng ku Mamang mah Kang AD bade nyobian ngalakukeun
> Diplomasi ka nu dilaluhur diantarana anggota DPR susuganan nyangut :).
>
> Mamang meureun coba meta-keun oge terus nga-edukasi ngeunaan pentingna
> nyalametkeun situs Susundaan ieu. Aya rencana rek balik deui ka lembur
> pikeun nyieun Video terus diasupkeun ka Youtube supaya tiasa ditinggali
> kaayaan Situs Kabuyutan Sunda anu rek dilelepkeun tea.
>
> Publikasi meureun urang-2 mun boga akses ka media oge minimal di pesbuk
> atawa widang laina hayuu urang silih bantu rempug jukung sauyunan :).
>
> Salama ieu pamarentah nganiley aset teh ngan saukur aset fisikna.. Matakna
> aya wacana Situs eta rek dipindahkeun :((. Pamarentah teu nganiley Situs-2
> Kabuyutan jeung Kampung Buhun ieu sebagai Intangible Aset (Aset Non Fisik)
> nyaeta Nilai/ Value si Aset ieu keur masyarakat. Intangible aset ieu
> nilaina teu berhingga soalna titinggal karuhun urang. Keberadaan situs ieu
> jeung kampung buhun ieu geus jadi Barang LANGKA hese jeung can tangtu bisa
> urang nyieunna. Ceuk teori ekonomi mana wae oge anu ngarana barang langka
> ieu nilaina mahaaaal pisan alias teu berhingga euweuh acuan anu pasti. Cobi
> weh lamun nganiley barang antik pan hese nganileyna komo deui barang na
> mangrupakeun titinggal sajarah arkeologi bangsa urang. Saha deui anu
> ngalestarikeun lamun lain urang :).
>  nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
>  ------------------------------
>  *From: *Irpan Rispandi <[email protected]>
>  *Sender: *[email protected]
>  *Date: *Sun, 1 Sep 2013 18:56:34 +0700
>  *To: *<[email protected]>
>  *ReplyTo: *[email protected]
>  *Subject: *Re: [kisunda] Hasil Riungan Untuk Jatigede
>
>
>  TOP kang.
> Usul, coba rinci deui we "jatah tugas" masing2. Maksudna, dina ngabelaan
> Jatigede the, lengkah nu bisa dilakukeun the diantarana:
> -diplomasi
> -publikasi
> -edukasi
> -dsb
>  Diplomasi, saha nu rek ngadukung lengkah eta. Trus naon2 wae nu bakal
> dilakukeun.
>  Publikasi, idem.
>  Edukasi, idem.
>  Kitu tah ^_^
>  On Sep 1, 2013 6:45 PM, "mang kaby" <[email protected]> wrote:
>
>   Nuhuuuuuuns, terima kasih banyak kepada para senior Mamang yg telah
> datang ke Balong menyempatkan diri walaupun punya kesibukan masing-2 :).
> Alhamdulillah Riungan dihadiri Kang Ahmad Dimyati Ahli Pertanian
> Hortikultura Alumni Unpad, IPB dan Nebraska Amrik, Kang Odjat beserta istri
> Pituin Sumedang Alumni Kehutanan IPB, Kang Nana Dosen Kehutanan IPB, Kang
> Ahmad Mulis Yusuf dari MWA IPB, Teh Nisa Ahli GIS Alumni Kehutanan IPB, dan
> Mamang alumni ITB n' IPB tentunya se :).
>
> Ajiiiiip pisan masukan-2 dari para senior dalam rangka memperjuangkan
> Jatigede ini sehingga menjadi perjuangan lebih terarah epektip n' episien.
> Beberapa hal yang menjadi concern diantaranya:
>
> 1. Perlu kiranya melakukan evaluasi secara komprehensif menilai/
> memvaluasi segala aset baik yg tangible maupun intangible yg akan
> ditenggelamkan dalam proyek Jatigede ini. Pemkab Sumedang harusnya aware
> akan hal ini jangan sampai hanya jadi penonton saja. Pemkab Sumedang
> harusnya menginventarisir dan menilai aset-2 yg berharga yg akan
> ditenggelamkan. Hal yg menjadi concern adalah keberadaan Situs Bersejarah
> Arkeologi yang tentunya apabila dinilai, nilainya akan menjadi tak
> terhingga terutama bagi masyarakat yang ada disana, begitu juga kampung
> buhun yang harmonis dan agamis, juga 33000KK yang akan ditenggelamkan yg
> sudah memiliki tatanan kehidupan sosial yg cukup baik, jangan sampai
> kegiatan relokasi akan justru memiskinkan mereka.
>
> 2. Perlu dibuat target yg jelas dalam perjuangan ini diantaranya target
> paling tinggi adalah menyetop fungsi pemanfaatan bendungan tersebut, tidak
> diairi sehingga menjadikan Bendungan Jatigede sebagai monumen saja sebagai
> sarana edukasi sebuah pembelajaran tentang kurangnya perencanaan yang
> matang dan juga monumen kepedulian sosial dan lingkungan dari Pemerintah
> serta kepedulian pemerintah dalam menjaga Kabuyutan/ Situs-2 Bersejarah
> Arkeologi Indonesia.
>
> 3. Perlu dibuat maping/ pemetaan keberadaan lokasi Situs-2 Sejarah
> tersebut. Keberadaan situs-2 itu melekat dengan masyarakat sehingga apabila
> solusinya dipindahkan justru akan menghapus nilainya/ keberadaan situs
> tersebut apabila dipindahkan sudah tidak bernilai lagi.
>
> 4. Perlu digalang dukungan dari komunitas dan juga para inohong untuk
> penyelamatan Aset Intangible Budaya n' Sejarah tersebut dan rutin
> disuarakan melalui berbagai media, untuk menggugah kesadaran agar bisa
> memberikan balancing terhadap rencana Pengembangan/ Pembangunan Pemerintah
> yang seringkali tidak memperhatikan kearifan lokal yg ada di daerah.
> Seringkali pemerintah melihat secara pragmatis dengan kacamata Jakarta dan
> tidak memperhatikan kearifan lokal yang ada di daerah.
>
> 5. Perlu dievaluasi keberadaan fungsi bendungan yg ada saat ini ternyata
> dari Masyarakat yg berada di Hulu multiplier effect-nya tidak begitu banyak
> terasa, dibeberapa daerah seperti di Cirata/ Saguling masyarakat disekitar
> waduk masih miskin dan byar pet. Perlu dievaluasi juga efektifitas
> keberadaan Bendungan tersebut jangan sampai pemanfaatannya tidak efektif
> apalagi di daerah hilir yg akan diairi saat ini lahan-2nya sudah
> terkonversi menjadi Industri. Untuk solusi masalah kekeringan sawah dihilir
> sebenernya sawah-2 tersebut bisa dikonversi menjadi tanaman hortikultura
> yang justru nilainya lebih tinggi.
>
> 6. Pemerintah Propinsi Jawa Barat harusnya memiliki Divisi Khusus yang
> mengelola Daerah Aliran Sungai, menjaga dan memelihara DAS di Jawa Barat
> dengan melibatkan seluruh elemen dari mulai pemerintah kabupaten,
> masyarakat, dlsb.
>
> 7. Perlu dilakukan lobbying sesuai akses masing-2 ke berbagai pihak untuk
> mengangkat issue ini dan menciptakan awareness.
>
> 8. Ini merupakan langkah awal dan secara kongkrit harus memberikan solusi
> kepada pemerintah berupa usulan yg lebih baik tentunya, perlu dilanjutkan
> pertemuan lebih detail, tentatif minggu depan di Jakarta.
>
> Demikian hasil riungan yg Mamang tangkap untuk menjadi referensi/ acuan
> Mamang dalam melangkah kedepan. Tentunya tidak mudah dan betul banyak yg
> bilang sangat mustahil untuk menyetop Proyek Kapitalis yg sudah melibatkan
> Government to Government ini namun sesuai Hadist Rosululloh yang
> disampaikan Kang Ahmad Dimyati diawal pertemuan bahwa Rosululloh bersabda
> "Walaupun Esok Hari Dunia Ini Akan Kiamat dan kita masih sempat nanam Kurma
> maka tanamlah", tidak ada kata terlambat untuk menyelamatkan n'
> memperjuangkan Kabuyutan Sunda yang akan ditenggelamkan.
>
> Walaupun mungkin pemerintah dan berbagai pihak menganggap ini anjing
> menggonggong kapilah berlalu namun biarlah suara alam pasundan ini menggema
> ke seantero jagat raya sehingga mudah-2an bisa menyentuh hati orang-2 yg
> peduli termasuk para inohong Sunda, tulisan Kang MY sangat menyentuh hati
> Mamang di Status BB-nya "Selamatkan Kabuyutan Cipaku", Mudah2an inohong
> Sunda ka geuing pikeun nyalametkeun titinggal karuhun urang. Lamun caricing
> wae sok sieun lalaunan urang Sunda jadi poho kana akar budaya jeung
> jatidirina, da dikeueum ku Jatigede tea. Artinya: Semoga para Inohong/
> Tokoh Sunda tersadarkan untuk menyelamatkan peninggalan leluhur kita. Kalau
> diam saja khawatir secara pelan-pelan Urang Sunda akan semakin lupa
> terhadap Akar Budaya dan Jatidirinya, karena ditenggelamkan oleh Jatigede.
>
> Pun sapun kaluluhuran...
>
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
>
>
>
>
>

<<image002.jpg>>

<<image001.jpg>>

Kirim email ke