abdi mah nuju icalan data, bi oeti. sabab katiasa abdi mah ukur di dinya.
tangtos ngiklankeunna kedah nganggé nu seksis. ngarah seueur nu ningali
bilbodna heuheuheu

:D


2013/9/13 Yeni Kurnia <[email protected]>

> **
>
>
> ** Duh, geus nyandung deui waé .....
> Mani dikoréhan
> www.bioeti.com
> precious moment with someone special
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> From Kahayangan With Nasi tutug jeung babaturan na
> ------------------------------
> *From: * dudi <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 13 Sep 2013 16:50:02 +0700
> *To: *UrangSunda<[email protected]>; [email protected]<
> [email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] ciamis, hayu urang nyandung!
>
>
>
> data!
>
> di kalangan kaum intelék jiga vicky prasetyo mah data téh penting kacida.
> labilna ékonomi, konspirasi atawa statutisasi kemakmuran ngan ukur jadi
> catur tanpa bukur mun teu diwedelan ku data.
>
> dina dunya kaimanan gé, ngawedelan hiji dalil ku data téh osok dilakukeun.
> kuring yakin, urang sadayana kungsi ngadéngé, samalah boa diantarana aya nu
> 100% yakin bener kana warta nu nyebut wenangna nyandung téh dipunggu ku
> data yén awéwé leuwih loba manan lalaki. patarosanna, naha wartos éta téh
> leres? waleranna bisa leres bisa ogé salah. tergantung data di mana nu
> dipaké :)
>
> contona, keur urang ciamis mah warta lalaki leuwih saeutik dibanding awéwé
> téh bener pol. cek bps jawa barat taun 2011, lamun dijieun pasangan
> éwé-laki, di ciamis bakal aya 14 rebu punjul salapan ratus salapan puluh
> hiji wanoja nu teu kabagéan pasangan.
>
> ciamis jadi daérah tingkat dua nu pangpunjulna dina jumlah awéwé nu teu
> kabagéan pasangan di jawa barat. aya tilu deui nu siga ciamis, nyaéta
> majaléngka, kota tasikmalaya jeung kota banjar. sésana, 22 kab./kota di
> jawa barat mah sabalikna. surplus ku lalaki.
>
> tah ka para salaki (da biasana lalaki) nu palay kacida kana nyandung mah,
> kuring nyarankeun upama dakwah ngayakinkeun (calon) pamajikan kolot,
> ngareueuy hotbahna téh cekap nyebutkeun data-data di opat kab./kota di
> luhur. omat samunikeun data di daérah séjénna hahaha
>
> tapi omat ulah nepi ka nyebut sakabéh wewengkon di jawa barat surplus
> awéwé. bohong mah dipahing pisan dina etika statistika :P. upama teu
> nyebutkeun data nu teu ngadukung kana kahayang urang mah masih meunang lah.
> keun perkara ditarima atawa ditolak kahayang mah, urang serahkeun wé ka
> jamaah jikan heuheu
>
> ku kituna, keur jamaah jikan, upama dihotbahan ku salaki nu pangseng
> nyandung, omat ulah neureuy buleud kitu waé. najan dakwah salaki téh matak
> ngayakinkeun, direumbeuy ku data anu réa, pra jikan kudu pinter-pinter
> narimana. kudu ditalaah deui.
>
> salasahiji cara keur nalaah data nu asup ka urang nyaéta ningali
> kredibilitas nu masihan data. tingali trék rékod salaki. biasana nu beuki
> nyandung mah beuki sumput salindung. najan tara bohong, nang remen ogé teu
> jujurna
>
> hahaha...
>
> uaduq!
>
>   
>

Kirim email ke