This message was sent from: BuCur. <http://www.lssitb.org/forum/baca.php?f=1&i=117&t=114> ----------------------------------------------------------------
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Alhamdulillah, dinten kamari (Minggon 21 April 2002), "Dies Games" dina raraga ngareuah-reuah Dies Natalis LSS ITB XXXI teh parantos kalaksanakeun kalayan kabingahan :). Gim-gim anu dilombakeun teh kalintang seueurna, diantawisna aya galah asin, balap karung, balap bakiak (5 jalmi sakaligus), pajago-jago newak belut :), teras ditutup ku perang cai ala wisudaan. Sumpah baraseh! Ngan hanjakal, alumni anu dongkap teh teu pati seueur, ngan anu eta-eta keneh we nu dongkap teh. Ari rencana mah aya 8 regu, tapi mung tiasa 4 regueun. Regu alumni, regu mantan pengurus alias 98 dkk (menamakan diri regu "Taeun"), regu pangurus sareng regu anu aranom keneh alias 2001. Tapi segitu juga sudah uyuhan :). Ari alumni anu sanesna kamarana nya? saribuk kitu K'Dian? Teu sawios-wios lah teu dongkap kamari mah, asal engke Pagelaran September 2002 ngiring ngaramekeun. Mung sakitu rupina anu tiasa dicarioskeun ku simkuring. InsyaAllah engke disambung deui. Kanggo K'Dian, mugia sukses mentasna. Sok lah hiliwirkeun kaendahan seni urang Sunda (=Indonesia) teh. Didu'akeun ku urang sadaya. Wassalam, a.n. PanDies -=Supta=- ---------------------------------------------------------------- Sent using Phorum software version 3.3 <http://phorum.org>
