Wilujeng Sumping ka Kang Yayat, Mugi-mugi tiasa nabih
silaturahmi sareng oge sakeudik ngubaran ka Sono Ka
LSS ITB
Ridwan Farid
(rifa Tea)
--- Kang Yayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> This message was sent from: BuCur.
>
<http://www.lssitb.org/forum/baca.php?f=1&i=125&t=125>
>
>
----------------------------------------------------------------
>
> Ass. wr.wb.
>
> Nepangkeun yeuh, anu nyarebat mah Kang Yayat,
> kaleresan nembe terang aya
> portal LSS ITB, ngiring bingah ah. Akang teh tos
> lami ngumbara di Jawa
> Timur, ayeuna oge tos bade pangsiun, rencanana mah
> insya Allah hoyong
> pangsiun di Bandung.
>
> Akang teh salah sawios anu ngadegkeun LSS di taun
> 1969, harita teh upami teu
> lepat mah janten Sekretaris Pangurus LSS anu ka-1,
> teras janten Ketua Umum
> LSS Pangurus LSS anu ka-2 sareng ka-3. Malih mah
> logo LSS anu dugi ka
> ayeuna dianggo teh diciptakeunana dina th. 1971 dina
> waktos kapangurusan
> Akang, anu ngarancang ngawitan teh Kang Ujo
> (Sutardjo) ti Fisika Teknik. Ari
> Akang mah ti Tambang harita teh angk. 1967.
>
> Ti ngawitan 1976 dugi ka ayeuna janten kuli di PT
> Semen Gresik, Jawa Timur.
> Anu saangkatan pangurus LSS teh Kang Mulyadi FT,
> Kang Ara TM, Kang Uus MA,
> Kang Burhan EL, Kang Uum TM, Ceu Heyi Makmun SR, Ceu
> Wiwit TP, Ceu Dina FA,
> Ceu Sriwulan FA sareng seueur deui anu rada harilap
> deui.
>
> Kumargi kitu, sakali deui ngiring bingah ku ayana
> sarana kanggo komunikasi,
> mugi2 wae tiasa langkung akrab kanggo urang sadaya.
> Mugi2 wae LSS teras majeng sanaos mayunan era
> globalisasi oge, ulah luntur
> ah. Hatur nuhun ah.
>
> Wass. wr.wb.
>
>
>
----------------------------------------------------------------
> Sent using Phorum software version 3.3
> <http://phorum.org>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Yahoo! - Official partner of 2002 FIFA World Cup
http://fifaworldcup.yahoo.com