Re: [silatindonesia] Keris Tangguh Pajajaran

2007-06-21 Terurut Topik iwan setiawan
kang-akang gak salah tuh tulisan masak Prabu Siliwangi pergi ke Singapura? 
hongkong ..kali?

Marwan Faizal A. Bachtiar [EMAIL PROTECTED] wrote:  

Pamairan Sili(h)wangi

Kasmaran ku Sili(h)wangi

Ngariung dina Seminar

Pada pogot pada moho

Pada ngaluarkeun hojah

Pamanggih sewang-sewangna

Sili(h)wangi pada nulup

Dirucat ti unggal Madhab

Para Ahli teu saeutik

Nu tarandang makalangan

Pada nembrakeun kanyaho

Enggeus pada boda alas

Garapan sewang-sewangna

Ngeunaan poko lulugu

Sili(h)wangi Raja Sunda

Keris Tangguh Pajajaran(2)

Keris teh salahiji hasil budaya nu dikenal masarakay jawa husuna,nang
dinu ilmu keris atawa kristologi teh aya keris nu pangtangguhna jeung
pangkolotna nyaeta Keris Tangguh Pajajaran.

Dini hiji makalah nu dipedar ku Haris Sukanda Natasasmita ngeunaan
Sejarah dan Tradisi Tentang Prabu Siliwangi ngeunaan Keris Tangguh
Pajajaran teh tiasa di talungtik tinu 4 sumber, 

Kahiji. Tiasa ditingali ti relief candi nu nunjukeun loba bukti ngeunaan
sanjata

Kadua. Titinggalan baheula nu masih keneh ka palihara ku masarakat,
atanapon di museum

Katilu. Naskah Kuna anu nyebutkeun jinis jeung ngaran-na.

Kaopat. Para panalungtik dinu cateutan ngeunaan keris eta jeung kaasup
tradisi lokal.

Dina hiji sumber (wirosoekadga,t.t:3,7-9) disebutkeun aya
lima belas jinis tangguh. Tangguh Pajajaran kaasup nu pangkolotna
tibatan tangguh Majapahit. Ieu ge dijelaskeun dumasar kanu sumber yen
Tangguh Pajajaran teh aya tujuh Empu, nyaeuta:

1. Empu Ki Keleng
2. Empu Ki Luwung
3. Empu Ki Loning
4. Empu Ki Angga
5. Empu ing Pagelen
6. Empu Ki Sikir Dusun Tapan
7. Empu Siyung Wanara, nalika taksih jumeneng Bupati Arya
Banyakwide. 

Titujuh Empu sakti eta, ngan aya dua Empu nu kanyahoaan hasil tempa na
teh :

Empu Keleng nu nyieun keris Kyai Kopek (Keris Lempeng, Dapurna tilam
upih pamor Tambal) tinu wesi saperti batutulis, jeung Empu Kyai Manca
disebat tinu kitab, nang teu kanyahoan ngaranna.

Sumber nu lian (Winter jeung Soejonoredjo, 1993:12-23),
digambarkeun limapuluh hiji jinis keris kuna, dimana duapuluh jinis teh
ti Pajajaran, atawa abad ka XIII - ka XV, ngaranna teh nyaeta Keris
brojol,Keris Betok jrrd.

Dinu Cariosan Prabu Silihwangi aya duakali ngeunaan
sesebutan keris, nyaeta

1. IX:9 saacan mangkati ti Sindangkasih ka Singapura, keris nu
dipake Silihwangi disebatna dhuhung ginanja pitu
2. XXI:47 keris nu dipikaboga ku SilihWangi nu di bawa ku
Ambetkasih keur nusuk dirina, nyaeta kebo.

Dinu pupuh ka VII Naskha Sang Nata Agung, (KBN no 545. inv.EFFO-Bdg. No
2032), saacan Prabu Silihwangi angkat ka Prabu Singguru arek cacahan,
manehna mawa sanjata keris Pusaka karuhun Prabu Ciung Wanara (warisan)
nu diaraanan Kebo Teki, laju Prabu Singguru ditusuk ku keris sakti eta
nepi ka perlaya, nu akibatna kabeh bala tantara Tanjung Singguru
nyerahkeun maneh ka Prabu Silihwangi.

[Non-text portions of this message have been removed]

-
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.

[Non-text portions of this message have been removed]

[silatindonesia] Keris Tangguh Pajajaran

2007-06-20 Terurut Topik Marwan Faizal A. Bachtiar