Re: [Urang Sunda] UU Porno

2008-11-01 Terurut Topik Waluya
 From: Mamad Ahmad [EMAIL PROTECTED]
  kumaha mun ayeuna mah urang tewakan wae lamun aya awewe di buligir 
 teh.,
 kumaha kang satuju teu?, mun satuju sok bejaan deui saya

Lah  mani segut ari newakan awewe buligir mah. Kabeneran dua minggu 
kamari ningali awewe buligir di jalan, tonggoy we leumpang di sisi jalan. 
Da harita mah UU Pornona acan sah, jadi diarantep we. Duka ayeuna mah, 
meuereun ditewak tah awewe teh .

Baktos,
WALUYA 



Re: [Urang Sunda] UU Porno

2008-11-01 Terurut Topik Waluya
 From: Mamad Ahmad [EMAIL PROTECTED]
  kumaha mun ayeuna mah urang tewakan wae lamun aya awewe di buligir 
 teh.,
 kumaha kang satuju teu?, mun satuju sok bejaan deui saya

Lah  mani segut ari newakan awewe buligir mah. Kabeneran dua minggu 
kamari ningali awewe buligir di jalan, tonggoy we leumpang di sisi jalan. 
Da harita mah UU Pornona acan sah, jadi diarantep we. Duka ayeuna mah, 
meuereun ditewak tah awewe teh .

Baktos,
WALUYA 



[Urang Sunda] (Serat : 118)(SILIWANGI KI SANTANG)_Geus Tidituna Adam Jeung Hawa Teu Sarua

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Geus Tidituna Adam Jeung Hawa Teu Sarua

 

Awewe
 jeung lalaki istuning beda,

kajeun ditempo
timamana tetep beda,

ulah ngalawan
kodrat hayang sarua,

geus tidituna
Adam jeung Hawa teu sarua. 

 

Ulah
ngababanding aturan Qur’an ku rarasaan manusa,

geus tangtu kahayang
setan mamanas hate manusa,

kajeun geus
puguh eta aturan Nu Kawasa,

angger dicawad
alatan ku ukuran akal jeung nafsu manusa. 

 

Nu percaya
Qur’an boga cecepengan,

nu teu percaya
oge boga cecepengan,

hartina cekel ku
anjeun boga cecepengan,

keun kuring nyepeng
Qur’an nu jadi cepengan. 

 

Lobana awewe
jeung lalaki di dunya teu sarua,

eta tanda lain
kajadian nu teu dihaja,

awewe di dunya
estu nyata leuwih loba,

batan lalaki nu
sarua hirup di alam dunya. 

 

Lamun keukeuh
hiji kudu jeung hiji jodona,

rek dikamanakeun
sesana,

tanda nyata nu
katempo mata kabehna,

teu kudu
dipungkir da geus kitu kanyataanana.




  

[Urang Sunda] (Serat : 119)(SILIWANGI KI SANTANG)_Ulah Ngangluh Komo Bari Ambek

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Ulah Ngangluh Komo Bari
Ambek 

 

Inget
 mangsa Siliwangi pipindahan,

asruk-asrukan
kana leuweung geledegan,

mamawa rahayat
nu kalaparan,

jang neangan
tempat padumukan. 

 

Nu ku aranjeun
disinghareupan ayeuna teu sapira,

ukur ngalakonan bari saaya-aya,

henteu nepi ka
kudu balangsak jiga harita,

ulah ngangluh
komo bari ambek
sagala.




  

Re: [Urang Sunda] MILIS KUSNET, BAREURAT!!!

2008-11-01 Terurut Topik Sarabunis Mubarok
Hehehe... muhun puguh teu acan kafilter...
janten asa kacolongan teh pedah downloadna ku POP3 yahoo via outlook
express.
Ma'lum koneksina ku im3 volbased, ngetangna per kilobyte. hehe...


- Original Message -
From: ua duq [EMAIL PROTECTED]
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Saturday, November 01, 2008 10:28 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] MILIS KUSNET, BAREURAT!!!


kang bun-bun (sksd we ah.. haha), pan tiasa disaring, nu aya
attachmentan langsung dirupus, asup ka kotak runtah :))

On 10/31/08, Sarabunis Mubarok [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Duh... sanes teu suka dikintun attacment, si kuring nu aksesna volbas mah
 asa kacopetan  saena taros heula ka all member perkawis kaabotan
 henteuna dikintun attachmen nu spacena ageung komo nepa ka Juh megana
 mah sakinten file anu dikintunna teh penting...

 Punten ah ka moderator nembe lebet ujug2 protes!


 Salam,
 Sarabunis Mubarok - Singaparna




--
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~



Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links






Re: [Urang Sunda] Si Inji : ASIA SATIRA

2008-11-01 Terurut Topik Sarabunis Mubarok
Hatur nuhun Kang, 
Salam kenalna oge ti si kuring
Alamat lengkep singkuring tos dijaprikeun. 
Mugia urang tiasa silaturahmi, diantos.

salam,
Sarabunis Mubarok__Singaparna

- Original Message - 
From: abas_amin08 [EMAIL PROTECTED]


 AA: Kang Sarabunis anu Mubarok, abah teh tos kenal ka si akang teh 
 tos rada lami oge; tapi naha ari linggih di Singaparna, nembe apal 
 ayeuna tah; dimana atuh alamat lengkepna di spa na teh; ke upami abah 
 pareng wangsul deui upami teu disaha saha, bde nyimpang paninten ka 
 bumi akan Mubarok. Sasih Mei dugi Agustus 2008 kapan abah teh di Jakt-
  Bdg- Tsm- Mrj !
 



Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2008-11-01 Terurut Topik Sarabunis Mubarok
Salam kenal oge ti sim kuring,

Sarabunis Mubarok___ Singaparna


- Original Message - 
From: Sugeng Soeprapto 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Friday, October 31, 2008 1:54 PM
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun


  Assalamu'alaikum Wr.Wb

  Dulur Sadaya...
  Anu dipilarian ti baheula teh tos dupi,..Alhamdulillah kapengdak oge 
wadah silaturrahmi urang sunda di dunia maya ieu.
  Nepangkeun sim kuring Muhammad Basir, yuswa 25tahun, tinggal di Kota 
Bogor leresna di Kedung Halang - Bogor Utara. 
 


 


[Urang Sunda] (Serat : 122)(SILIWANGI KI SANTANG)_ Kula Didideu Milu Nyakseni

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak

 Kula Didideu Milu Nyakseni


·
Cik ku aranjeun tempo nu taliti,

naha bet gujrud kyai gede boga pamajikan
deui,

turunan sunda nu ngarti hukum islam sajati,

nepi aranjeun nyawad Qur’an oge wani. 

 

Abdullah Gymnastiar salira muslim sajati,

kula didieu milu nyakseni,

yen anjeun bener make hukum nu islami,

bakal keuna mamala nu maledogkeun fitnah ka
anjeun jiga kiwari. 

 

Kuring nonggerak,

nyekel aturan islam nu geus katempo negrak,

ulah sakali-sakali kana Qur’an calutak,

hirup anjeun bakal paburantak.




  

[Urang Sunda] (Serat : 120)(SILIWANGI KI SANTANG)_Teu Hayang Nempo Rahayatna Pasea

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Teu Hayang Nempo Rahayatna Pasea

 

Siliwangi
 nu didongengkeun ngahiang harita,

dicaritakeun
ngaleungit harita,

dicaritakeun
jadi maung harita,

ku kaula geus
ditelekkeun kajadian nu sabenerna harita. 

 

Kuduna jadi
conto aranjeun sarerea,

Siliwangi nu
nyaah ka rahayatna,

teu hayang nempo
rahayatna pasea,

teu ngan ukur
ngabelaan diri nyalira. 

 

Milu nalangsa
mun rahayat nalangsa,

milih
ninggalkeun kawasa batan rahayat tunggara,

milih
ninggalkeun banda batan ngeunah nyalira. 

 

Harta banda
pamere Nu Kawasa hey Urang Sunda,

moal matak
sangsara mun mere saeutik kanu sejena,

teu kudu jumawa
pedah loba harta banda,

raja anjeun teu
nurunkeun sipat jiga salira. 

 

Jang naon
ngarasa leuwih luhur tinu liana? 

Kunaon
ngumpulkeun pakaya nepi teu inget ka sasama? 

Teu cukup kaula
mere conto ku carita? 

Dina kasenangan
aranjeun loba nu keur ngalaman sangsara sakulawarga?

 

Atawa aranjeun
nyangka kaula nyarita teu sapira? 

Atawa aranjeun
nyangka kaula teu wasa menta ka Nu Kawasa? 

Nasib nu loba
banda ngadadak jadi sangsara? 

Atawa aranjeun
kakara percaya mun kaalaman ku salira?  




  

[Urang Sunda] (Serat : 121)(SILIWANGI KI SANTANG)_Hapunte n Anu Kasuhun. Haturan…

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Hapunten Anu Kasuhun. Haturan…

 

Haturan Kang Dudi
 Herlianto (Ua Duq),Kang Djoni Rochyana,Kang Abbas Amin (abas_amin08),Kang
 Hendian (Astrajingga19),Kang Rahman Syaifoel (rsyaifoel),Kang Tubagus
 Taufik Iskandar(prabu_wangi),

 

Lamun
 bener aya tanda,

geura tepungkeun
tanda nu aya,

supaya bisa
geura sawala,

mapag mangsa nu
geus katunda. 

    

    Dibarengan
ku muntang ka Nu Kawasa,

keur patepungna nu mawa tanda,

    geura
ngahiji jeung nu geus aya,

rido Nu Kawasa eta anu dipenta.

 




  

[Urang Sunda] (Serat : 123)(SILIWANGI KI SANTANG)_ Sanghareupan Nu Bakal Ngadatangan

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Sanghareupan Nu Bakal Ngadatangan

·
Sing saha nu wani-wani nyawad aturan Qur’an,

sanghareupan nu bakal ngadatangan,

kayakinan anjeun cepeng ku anjeun sorangan,

kayakinan kula rek dicepeng ku kuring
sorangan. 

 

Lamun anjeun nu nyawad Qur’an lain islam,

geura jempe kusabab lain islam,

beureum hideung aturan islam,

urusan Allah SWT nu nurunkeun islam. 

 

Lamun aranjeun angger wae nyeungseurikeun
aturan agama kuring,

moal lila deui aranjeun didatangan ku
kuring,

anjeun moal kungsi bisa deui nyaring,

saumurna anjeun bakal hirup bari gering. 

 

Kuring nonggerak teu gimir ku aturan
anjeun,

kuring ngan ukur sieun ku Nu Nyiptakeun
kuring jeung aranjeun. 

 

Disaksian ku langit jeung bumi,

widian sim kuring negakeun hukum-hukum ti Gusti.




  

[Urang Sunda] Cing Nyuhunkeun bantuan tulung Lagu Sunda

2008-11-01 Terurut Topik Abbas Amin
Sanes VCD na tapi seratanana we
Sim Kuring teh resep ka lagu Mang Koko tapi teu terang judulna
 
Tapi ari sababaraha bait mah apal keneh , misalna
 
Sajuringkang lemah putih 
tatapakan meureut getih
nya didieu awor asih
 
neundeun harepan 
nyeungceum angkeuhan
di na galindengna kawih
 
asih tumekaning pati
nyaah tinandonan nyawa
demi lautan katut ombakna
demi daratan katut gunungna
 
tah tos nu ieu mah duka tah kumaha terasna; aya nu tiasa ngabantu ?
da ari BASA NGABANTOS mah duka ti rerehan mana; da asa teu acan mendak
aya teu aya nya nu bade ngabantuan ?


  

[Urang Sunda] Re: nami wangunan

2008-11-01 Terurut Topik Maman Gantra

Waalaikum salam Wa Rahmatullahi Wa Barakatuh,

Pa Kuswara, 
Pangapunten pisan wirehna serat salira nembe kabuka ayeuna. Sim kuring memang 
kaetang langka muka email -- paling ge sasasih sakali. Oge, dua tilu sasih ieu, 
kaleresan abdi pleng les pisan.

Kalih ti kitu, sim kuring oge sanes pakeunna dina naon nu ditaroskeun ku 
salira. Ku sim kuring ieu serat di-cckeun oge ka milis urangsunda sareng 
kisunda. Manawi bae aya wargi-wargi di eta milis nu iasa ngawaler eta patarosan.

Pangapunten sareng pangbaktos sim kuring,

Pun
Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441

--- On Thu, 9/25/08, Kuswara [EMAIL PROTECTED] wrote:
From: Kuswara [EMAIL PROTECTED]
Subject: nami wangunan
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Thursday, September 25, 2008, 9:54 AM

As. Wr. Wb.Sampurasun  rempes..Salam Kenal Pa. Maman, abdi kuswara yuswa 54 
Th. katarik ku artikel/waleran ti pa Maman perkawis jalan Kopo, anu ngabahas / 
ngusulkeun nami-nami jalan protokol ku nami inohong urang sunda.Kukituna abdi 
bade nyuhunkeun tulung ka ahli bahasa sunda salah sawiosna Pa maman, nyaeta 
masihan nami wangunan serba guna di instansi abdi ku bahasa sunda. eta wangunan 
fungsina kanggo penunjang proses pembelajaran mahasiswa sapertos aya 
perpustakaan, aya lab. bahasa, aya warnet, Multi media, sareng sajabina anu 
berbau informasi. kinten-kintenna upami nami wangunan eta ku nami sunda anu 
caket kanu fungsina naonnya ?Hatur nuhun


  

[Urang Sunda] File - Ngeusi Database

2008-11-01 Terurut Topik urangsunda

Baraya!

Pan, Perceka teh hoyong ngamajukeun Ki Sunda... Iwal ti pangdua teh, butuh 
tanaga, butuh dana, butuh rojongan nyata...

Ti mana ngamimitiannana? Eusian database nu aya di homapage milis Urang Sunda. 
Kumaha carana? Gampang pisan... 

Tah, turutan lengkah-lengkah di handap ieu :

1. Buka homepage milis Urang Sunda di http://groups.yahoo.com/group/urangsunda
   Mung, supados tiasa lebet ka eta homepage, Saderek kedah gaduh heula Yahoo
   ID. Nya ngadamel we. Da teu mayar ieuh.

2. Upami tos lebet ka homepage Urang Sunda, di palih kenca ngaberedel
   sababaraha menu. Di antawisna, nya menu Database tea. Tah, diklik we eta
   seratan Database teh. Engke, di handapeun seratan Table Name, aya seratan
   Komunitas UrangSunda. 

3. Tong asa-asa...klik deui bae eta seratan Komunitas UrangSunda teh!

4. Teras klik seratan Add Record. 

5. Lebetkeun data-data nu dipundut ku eta formulir. Nami, yuswa, alamat, oge nu
   sanesna. Nu jentre ambeh upami aya nanaon, urang gampil pakumaha-pakumahana.

6. Beres eta, klik save record. 

7. Maca Al Fatihah dua balikan. Insya Allah, naon nu ku urang dicita-citakeun
   teh diijabah ku Pangeran.

Gampil, pan? Sok atuh geura areusian. (Langkung sae deui upami sakantenan 
ngeusian kencleng. buka web 
http://www.urang-sunda.or.id
http://yp.urang-sunda.or.id

Saha nu terang, Perceka kedah muka kantor di London atanapi di New York. 
Tangtosna ge peryogi cicis nu rada murekis, pan?).

Omat... ulah heunteu, ah! Sareng ulah kaget, ieu bewara teh bakal sumping tiap 
sasih. Ngewartosan nu teu acan terang, ngemutkeun kanu sok api-api lali...

Sakitu bae, nya. Salam baktos ka sadayana...



Ki Van Yumpiet


[Urang Sunda] File - Bewara Kencleng!

2008-11-01 Terurut Topik urangsunda

Baraya!

Ngamajukeun urang Sunda teh, tangtuna teu cukup ku carita. Tapi, mibutuh 
tanaga, dana, jeung lengkah nyata. Tah, perkara dana, tong asa-asa... 
Kintunkeun bae sodakoh atanapi infak saderek teh ka Kencleng Perceka. 

Di mana persisna? Nya rekening-rekening di handap ieu. 


BNI ITB Bandung
Atas nami: Jamaludin,
No. rek:  002 808 6964

BCA DAGO Bandung
Atas nami: Jamaludin
No rek: 777.0265.473


Sok tong asa-asa. Ngan omat... Mun eunggeus ngirim sodakoh, lapor ka [EMAIL 
PROTECTED]

Lain nanaon, supaya dicatet jeung dilaporkeun ka kumna baraya Kusnet. Ambeh 
tertib administrasina! Pan diheunteu-heunteu oge eta teh dana titipan. Nu kudu 
puguh tanggungjawabna.

Sak ah, diarantos.

Jeung ulah kaget mun ieu bewara mucunghul tiap bulan. Lain nanaon. Bisi aya nu 
poho atawa api-api poho. Atawa era. Pan ari keur sodakoh mah urang teh sok rada 
era prakna, lin?

Maman Gantra



[Urang Sunda] File - NLD

2008-11-01 Terurut Topik urangsunda


File: NLD 
Description : Nu Loba Ditanyakeun 

 


NLD
Description: Binary data


[Urang Sunda] (Serat : 124)(SILIWANGI KI SANTANG)_Islam

2008-11-01 Terurut Topik Nong Gerak




Islam

·
Islam teu ngan ukur make logika,

islam teu ngan ukur make rasa,

islam ngahijikeun duanana,

ditambahan iman sajati ka Nu Kawasa.




  

[Urang Sunda] Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA

2008-11-01 Terurut Topik Waluya
 From: Nong Gerak [EMAIL PROTECTED]
 awewe di dunya
 estu nyata leuwih loba,

Tadina mah teu katarik  rek ngometaran postingan Nong gerak, ngan kulantaran 
tulisanana NGAMANIPULASI DATA, nyebutkeun awewe leuwih loba ti lalaki, ku 
kuring dibere nyaho,  di Indonesia hasil sensus pangkahirna (taun 2000), 
seks ratio lalaki jeung awewe teh 100.6, hartina babandingan lalaki jeung 
awewe teh 1006: 1000, jadi lalaki surplus saeutik ( 
http://www.bps.go.id/sector/population/pop2000.htm)

Kulantaran Nong Gerak, nyebutkeun dikamanakeun awewe nu sakitu lobana ari 
teu dicandung mah, tah ku kuring dibere data seks ratio di nagara-nagara 
Teluk, dimana aturan nyandung gampang pisan: (Sumber : 
http://www.census.gov/cgi-bin/ipc/idbsprd)

1. Arab Saudi, lalaki : 15,285,286  awewe : 12,861,371, seks ratio 119 
lalaki : 100 awewe
[Di Arab Saudi loba nu ngabujang tepi ka kolot, keur mah loba lalaki, 
ditambahan kabiasaan nyandung]

2.Qatar lalaki: 550,568  awewe: 274,221 seks ratio  200 lalaki : 100 awewe
[Di Qatar kuduna mah lain poligami nu diijinkeun, tapi poliandri 
heuheuheu]

3. Kuwait lalaki: 1,570,287  awewe: 1,026,512. Seks ratio 152 lalaki : 100 
awewe
[Pamarentah Kuwait ngangluh, lalaki Kuwait loba ngawin urang asing, heueuh 
da meureun teu kabagean]


Tah Nong Gerak, ari satuju kana nyandung mah teu nanaon, ngan ulah 
NGAMANIPULASI DATA, aranna eta teh ngabobodo batur ...

Salam,
WALUYA






Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Syekh Puji-saha inyana teh?

2008-11-01 Terurut Topik oman abdurahman
Hatur nuhun Bah,

Jadi, aya sababaraha hal anu si kuring perlu ngoreksi sorangan.
Diantarana, kahiji, aya pasantren anu dipimpin ku eta kiyai atawa
syekh, lengkep kalawan santri jeung wangunan lingkungan pasantrenna.
Kaduana, sigana memang rada nyentrik ieu syekh teh, da eta wae teu
make peci, padahal dijujubah bodas; nganggo gelar syekh dina jaman
anu teu ilahar make eta gelar (rupina ieu gelar syekh teh gelar
anjeunna salaku anu naratas pasantren di wewengkon Magelang?
wallohu'alam).

manar




2008/10/31 Waluya [EMAIL PROTECTED]:n
 From: oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]

 Saha syekh Puji teh? ieu patarosan mucunghul sapadaharita nalika

 Kaleresan kuring mendakan Kang Oman, duka lengkep henteuna mah. Nyanggakeun:

 Senin, 27 Oktober 2008 , 10:21:00
 Istri Pertama di Ruang Utama, Istri Kedua di Paviliun
 http://www.pontianakpost.com/index.php?mib=berita.detailid=8419

 Syeh Puji selalu beralasan menikahi Lutfiana Ulfa yang masih di bawah umur
 itu dengan niat baik. Tapi, apakah niat baik saja cukup meski melanggar
 undang-undang?

 ANDAI tidak ada ribut-ribut soal perkawinan dengan istri kedua yang masih di
 bawah umur, Pujiono Cahyo Widianto alias Syeh Puji adalah contoh pemuda desa
 yang berhasil. Pujiono adalah salah satu ikon bagi desanya, Bedono, sebuah
 desa yang asri di jalan raya antara Ambarawa (Kabupaten Semarang) dan
 Magelang.

 Di Bedono, keluarga Syeh Puji kini tinggal satu kompleks dengan Pondok
 Pesantren Miftahul Jannah yang berada di pinggir jalan raya. Desa itu
 memiliki stasiun kereta tua yang sampai sekarang aktif dipergunakan sebagai
 kereta wisata dari Ambarawa. Wisata dengan kereta bergerigi (satu-satunya di
 Indonesia) ke Bedono -sambil melihat pemandangan alam pegunungan yang sangat
 indah- hingga sekarang diminati wisatawan asing, terutama dari Belanda.

 Ponpes Miftahul Jannah yang memiliki gerbang tembok dengan hiasan tulisan
 Arab pada pilar dan pintu besinya bukan ponpes biasa. Dibangun di atas lahan
 lebih dari lima hektare, kompleks pondok yang memiliki 600 santri itu juga
 menjadi kantor PT Sinar Lendoh Terang (Silenter), perusahaan sang pendiri,
 Syeh Puji.

 Sebagai putra asli Bedono kelahiran 4 Agustus 1965, Syeh Puji awalnya hanya
 lulusan SPG (Sekolah Pendidikan Guru) Don Bosco, Semarang. Setelah tamat
 dari SPG, dia hijrah ke Jakarta. Di ibu kota dia bekerja serabutan, termasuk
 menjadi kuli bangunan, sebelum akhirnya sukses jadi salesman buku-buku
 ensiklopedia.

 Saya kenal keluarga Cendana, kata Pujiono ketika ditanya tentang salah
 satu kunci sukses menjadi salesman buku-buku mahal itu.
 Pada awal 1990-an dia kembali ke Bedono. Dengan uang Rp 460 juta yang
 dikumpulkan dari kerja kerasnya, dia membuka usaha di kampung halaman yang
 sebagian besar warganya adalah petani (terkenal dengan buah kelengkeng).

 Usaha kerajinan kuningan PT Silenter yang produksinya, antara lain,
 kaligrafi berbingkai itu berkembang cukup pesat. Dengan jumlah karyawan
 sekitar 2.600 orang, produk perusahaan itu kini sudah merambah ke Malaysia,
 Brunei, dan Arab Saudi. Menjelang Lebaran lalu pengusaha nyentrik itu
 membagi zakat mal secara terbuka senilai Rp 1,3 miliar di desanya.

 Tak ada yang tahu pasti berapa omzet PT Silenter. Namun, jumlah zakat mal
 dan gaya hidup Syeh Puji bisa menjadi salah satu indikatornya. Di areal itu
 terdapat ruang berdinding kaca -mirip showroom- untuk menyimpan mobil-mobil
 Syeh Puji.

 Total dia memiliki sembilan mobil, yakni lima BMW, dua Mercedes Benz, serta
 masing-masing sebuah Nissan X-Trail dan Kijang Innova. Di luar X-Trail dan
 Innova yang sehari-hari dia pakai, mobil-mobil BMW dan Mercedes Benz itulah
 yang disimpan di showroom khusus tersebut. Dari beberapa koleksi itu, yang
 terbaru adalah sebuah Mercy merah yang dia beli seharga Rp 2,5 miliar.

 Kehadiran Lutfiana Ulfa, 12, sebagai istri kedua, seperti pengakuan Syeh
 Puji, juga dimaksudkan sebagai proses regenerasi di PT Silenter. Gadis itu
 dijanjikan akan dikader menjadi general manager (GM) di sana, karena istri
 pertama Syeh Puji, Umi Hanni, lebih fokus mengelola pondok pesantren.

 B. Agung Ngadelan, salah seorang tim panitia pencari pendamping (istri) Syeh
 Puji, mengakui bahwa Ulfa punya kelebihan di atas rata-rata gadis seusianya.
 Selain berprestasi di sekolah, bocah kelahiran 3 Desember 1995 itu selalu
 masuk peringkat sejak kelas 1 SD.
 Nilai rata-ratanya 8,5. Dia bisa mendampingi Syeh Puji untuk memimpin
 perusahaan, kata salah seorang pengajar di SMP Theresiana di Sumowono itu.

 Ditemui di kediaman Syeh Puji di kompleks Ponpes Miftahul Jannah, seperti
 layaknya bocah, Ulfa tampak malu-malu ketika dicecar berbagai pertanyaan.
 Saat itu dia didampingi Syeh Puji dan Umi Hanni. Karena masih malu itu,
 banyak pertanyaan malah dijawab Syeh Puji.
 Ketika ditanya apakah dia siap memegang kendali PT Silenter seperti amanah
 sang suami, Ulfa hanya menjawab singkat. ''Insya Allah, segala kepercayaan
 yang diberikan Syeh kepada saya akan saya jalankan dengan sebaik-baiknya,''
 katanya.

Re: [Urang Sunda] Re: nami wangunan

2008-11-01 Terurut Topik K7/P1
Kandaga SUnda, kumaha tah? he...he.

On Sat, Nov 1, 2008 at 5:42 PM, Maman Gantra [EMAIL PROTECTED]wrote:


 Waalaikum salam Wa Rahmatullahi Wa Barakatuh,

 Pa Kuswara,
 Pangapunten pisan wirehna serat salira nembe kabuka ayeuna. Sim kuring
 memang kaetang langka muka email -- paling ge sasasih sakali. Oge, dua tilu
 sasih ieu, kaleresan abdi pleng les pisan.

 Kalih ti kitu, sim kuring oge sanes pakeunna dina naon nu ditaroskeun ku
 salira. Ku sim kuring ieu serat di-cckeun oge ka milis urangsunda sareng
 kisunda. Manawi bae aya wargi-wargi di eta milis nu iasa ngawaler eta
 patarosan.

 Pangapunten sareng pangbaktos sim kuring,

 Pun
 Maman Gantra
 Jalan Salemba Tengah 51,
 Jakarta 10440.
 0812-940-5441

 --- On *Thu, 9/25/08, Kuswara [EMAIL PROTECTED]* wrote:

 From: Kuswara [EMAIL PROTECTED]
 Subject: nami wangunan
 To: [EMAIL PROTECTED]
 Date: Thursday, September 25, 2008, 9:54 AM

 As. Wr. Wb.

 Sampurasun  rempes..

 Salam Kenal Pa. Maman, abdi kuswara yuswa 54 Th. katarik ku artikel/waleran
 ti pa Maman perkawis jalan Kopo, anu ngabahas / ngusulkeun nami-nami jalan
 protokol ku nami inohong urang sunda.

 Kukituna abdi bade nyuhunkeun tulung ka ahli bahasa sunda salah sawiosna Pa
 maman, nyaeta masihan nami wangunan serba guna di instansi abdi ku bahasa
 sunda. eta wangunan fungsina kanggo penunjang proses pembelajaran mahasiswa
 sapertos aya perpustakaan, aya lab. bahasa, aya warnet, Multi media, sareng
 sajabina anu berbau informasi. kinten-kintenna upami nami wangunan eta ku
 nami sunda anu caket kanu fungsina naonnya ?

 Hatur nuhun


  




-- 
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com


[Urang Sunda] Fw: Silat- 16 disundakeun

2008-11-01 Terurut Topik Abbas Amin


--- On Tue, 10/28/08, Abbas Amin [EMAIL PROTECTED] wrote:

From: Abbas Amin [EMAIL PROTECTED]
Subject: Silat- 17
To: proletar [EMAIL PROTECTED]
Cc: radioliner [EMAIL PROTECTED], padhangmbulan [EMAIL PROTECTED]
Date: Tuesday, October 28, 2008, 12:56 AM







Di na riungan eta Si Tilu Dewa rempek aya tiluanana; nya eta Dewa Kahiji ( Toa 
Sian ) ngaranna Ong Kiok Louw si Bedog neang Pati; saterusna Jie Sian ( Dewa 
kadua ) ngaranna Phang Jie Kiong Si Ceker Rajawali; ari nu katilu ( Sam Sian ) 
ngaranna Louw Tie Kin Si Kalangkang Malaikat, lantaran ksit ilmu Ginkangna. 
  
“Hehehe, cenah Si Pedang Perak geus ilubiung deui dina dunya Silat; malah 
ngaganggu katentreman 3 saderek; leres atanapi henteu eta teh ? Si Sie Thian 
Toojin ngamimitian ngabuka obrolan. 
“Hahahaha, enya oge Jago, bisa naon manehanana ngan sorangan ngalawan ka urang 
sarerea ?!” Nu ngomong ayeuna nya eta Si Gede Ambek Khong Kong Jie .. 
“Bener, bener pisan eta teh ! Pokona saderek nu tiluan tong hariwang tong 
salempang, aya kuring sarerea di dieu, saha wae nu wani nyisikudi ka tilu dewa; 
urang bakal babarengan ngabasmina .” Ayeuna mah nu milu ngomentar teh nyaeta 
Wan Khian Si Pedang Nyeri Hate . 
“Saha nu geus ngabuktikeun kalihayan Si Pedang Perak , cing sok 
dongengkeun Perak !?” Ayeuna nu ngaluarkan pertanyaan teh nya eta si Angkin 
Beureum Kwee Lian Eng nu sorana cempreng . 
“Guru kuring  pernah baheula ngadongengkeun ngeunaan hiji budak ngora anu bakat 
silatna kacida alusna, pernah cenah ngadatangan Kuil Siau Lim sorangan, terus 
ngadu kadigjayaan jeung Tilu Guru besar Siau Lim; nyatana hiji hiji eta nu Tilu 
Guru Besar teh asor ku Si Pedang Perak. ! Jadi lamun paamprok jeung Si Pedang 
Perak, guru kuring mapatahan omat omatan kudu nyingkahan we cenah sing jauh.”Nu 
ngomong ayeuna mah si Khian Lung Si Racun Kidul .. 
Kabeh ting paruringis rada gimir, ngadenge carita KHian Lung anu kacida 
hebatna; wah geuningan lain jelema sisiwo eta Si Pedang Perak teh; atuh ana 
kitu mah lain lawaneun yeuh. Kitu pamikirna jago2 waktu harita. Terus Si Dewa 
kahiji nyaritakeun ancaman ti Si Pedang Perak; terus nyaritakeun oge kahebatan 
Si Pedang Perak dumasar carita anak buahna nu ngoroyok Si Pedang Perak; beuki 
tambah2 we gimirna ieu jago2 Kang Ouw teh. Keur ngaharuleng kitu celengkeung Si 
Angkin beureum ngomong mani tarik : Cek beja mah, aya nu bisa nandingan Si 
Pedang Perak teh, nya eta Si Tukang Beusi ( panday = gosali ).



  

[Urang Sunda] (kuncen) ulah loba titik urut poligamai

2008-11-01 Terurut Topik mj
Lain, ari ieu nulis model naon nya? loba titikan? naha mode nu arap eureup
eureup kitu ngomongna? biasa we, teu kudu loba titik. lila macana.

kudu nurut. teu nurut bisi burut :)

--

Bapak-bapak.  anu bade poligami... bade... ngawayuh... deui...
atanapi... bade
mikadua... man. .. teh teuing... mung... ulah... umur... 11 taun
atuh...
ulah berdalih  di balik agama... ulah ngarusak masa depan bangsa pan
eta budak
teh keur... meujeuhna rek ABG... keur... harayang... ulin...

maenya rek... ngarusak mental jeung... bangsa...urang. ..

cik di emutan deui... ulah saukur... pedah... aya kahayang..
pedah
naon wea alesan nana. Kumaha rek maju Bangsa INDONESIA teh...
anu kitu
patut... di antep bae mun rek sirik mah ka urang... barat anu alusna
anu aya
aturanna nampiling... pamajikan... di bui... nyiksa... budak nepi ka
geutihan di bui komo... ngaruksak... sagalana...


mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com





[Urang Sunda] RE: Sunda kawentar ti bihari?

2008-11-01 Terurut Topik mj


hanjakal pangaweruh geografis eta datang ka urang ti bule. atuh make cara
jeung panenjo bule. kyai nu masantren di arab, atawa urang arab cina india
nu ka urang mawa islam sigana teu nepi ka nepikeun matapalajaran geografi.
karek nepi ka soal-soal agama islam, utamana sigana, tauhidna.
 avecina atawa naon bae geus basa latin, sihoreng basa arabna, ibnu sina.
loba ngaran nu sabenerna teu hese dibaca, basa arab, ku sabab datangna ti
bule, jadi siga hese. abdul kareem. zinedin zidan, padahal mah zaenudin
tea. jsb.

--



Keur milihan gampar petingan jang midang minggu hareup di
buruan wiki,

manggih peta balayar Portugis awal abad ka-16. Boa aya 'Sunda'-an, hanjakal

teu bisa macana. Ti dinya mapay ka kartografi, manggih Tabula Rogeriana

(Peta Roger - Sisili) karya Muhammad Idrisi. Kanyataan sajarah anu matak

hookeun, sabab urang mah lolobana apal teh Arab-Eropah Perang-Salib.

Kanyataan kadua, peta dunya nu lengkep pisan (pikeun jamanna, tengah abad

ka-12) ieu teh karya Muslim, dijadikeun rujukan salila 3 abad tanpa revisi.

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com