[Urang Sunda] Re: Fwd: Re: Taqdir-2 Kanggo nucinta (gan agus )

2008-11-08 Thread abas_amin08
AA: Punten pisan bah Oman, sanes kuring nyanyhoanan, ngan ku pikiran 
sim kuring, mudah2an ieu teh PituduhNa; ari nu disebat Taqdir mah 
hiji tindakan ANU Parantos sampurna dilakukeun ( completely done ); 
nya atuh moal aya nu tiasa ngarobih ka na Taqdi mah.
Mung bae, eta Taqdir teh dibagi dua , nya eta :
1.Qadha , program sagemblengna ti Allah pikeun tiap inviduu manusa
ieu mah kakara rencana , teu acan dijalankeun
2. Qadar, proses alternatif piliheun, anu dilakukeun ku individuu eta
Mun eta dua proses tos dilaksanakeun nya janten Taqdir tea.

Taqdir teh janten, proses pamilihan tina sakitu rebu alternatif nu 
tos diserat ku Allah di Lauh Mahfudz, dimana sanggeus manusa 
nanmgtukeun pilihan, program nu sejenna bakal dipupus da tos jadi 
Taqdir tea. Tah pamilihan ieu nu kudu lempeng teh, da urang mah teu 
apal tea kapan, nya kedah nyuhunkeun ka Mantenna supados urang tetep 
nincak di Shiratal Mustaqiem.

Satiap manusa mun rek ngalengkah pasti nyanghareupan puluhan atanapi 
ratusan Qadha, dimana upami tos dipilih (Qadar) sareng dilaksanakeun, 
maka jadi Taqdir.
Usaha nabusa, atawa kabebasan manusa nya eta di na Milih ieu; tapi 
sadayana oge tos aya di na Program Allah; naon wae nu dipilih ku 
urang eta PASTI Kauninga sareng aya di na ProgramNA.

Kitu kinten2na, nyanggakeun, mugia sing janten brainstorming, kanggo 
salira neuleuman ieu masalah TAQDIR, da ti sim kuring mah bubuhan 
masih bodo keneh, mung sakitu katerang teh. Mangga.
Abbas Amin

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Paralun bah Abbas, ieu mah seja ngiring aub wae,
> 
> Sakapeung mikiran "taqdir" teh sok rada lendeng oge. Di hiji jihat,
> aya anu disebut TAQDIR anu - ceuk pamahaman sabagean Muslim - 
hartina,
> hiji katangtuan anu geus pasti, moal bisa dirobah masing kalah ka
> kumaha oge (papasten). Di jihat sejen, aya USAHA (dina istlah Islam-
na
> atawa Arab-na: IKHTIAR), malah manusa dipiwarang usaha. Taqdir jeung
> Usaha, naon hubunganana? Dua hal anu pagedrug? atawa, dua hal anu 
bisa
> dikompromikeun?
> 
> Dina lebah dieu, poma ulah buru-buru ngarujuk ka Al Qur'an heula,
> lamun can siap ngajelaskeunana. Sabab, loba ayat Al Qur'an anu
> ngarojong pamahaman "taqdir" siga anu bieu disebutkeun di luhur 
(sebut
> wae: "ayat-ayat taqdir"). Sakumaha, teu saeutik ayat Al Qur'an anu
> jadi dadasar ayana "usaha" atawa "ikhtiar" (sebut wae: "ayat-ayat
> ikhtiar").
> 
> Dina Al Qur'an sorangan (sigana, kapanggih oge dina akar-akar agama
> samawi sejenna, oge dina budaya-budaya), ayat-ayat atawa
> istilah-istilah anu aya patula-patalina jeung taqdir vs ikhtiar 
atawa
> transisi diantara duanana, teu saeutik oge. Upamana wae, aya istilah
> "suna'a" (sakumaha dina "sun'alloh"), "sunnah" (sakumaha dina
> "sunnatulloh"), "qodlo", "kitab", "qolam", "al bada", jrrd. Jadi,
> henteu kitu wae hideung-bodas antara "taqdir" (dina pemahaman bah
> Abas) jeung "ikhtiar" anu minangka lawanna teh. Masing-masing eta
> istilah mibanda definisi oprasionalna sewang-sewangan. Hal ieu hiji
> bukti anu nuduhkeun ayana atawa dimungkinkeunana usaha manusa. Hal 
eta
> oge nuduhkeun yen henteu aya anu pagedrug dina Al Qur'an
> (masing-masing mibanda teks jeung konteksna).
> 
> Ku cara sejen disebutkeun: konsep "ikhtiar" teh siginifikan tur gede
> hartina keur manusa (manusa lain "boneka" atawa "wayang") anu
> sagemblengna kumaha "dalang". Malah, aya sagolongan ahli anu
> nyebutkeun yen "ikhtiar" teh ciri utama manusa. Kukituna, ngabedah
> soal "taqdir" memang kudu rada ati-ati alias ulah sagawayah.
> 
> Salah sahiji pikeun ngungkulan kamusykilan "taqdir" vs "ikhtiar", 
aya
> hiji pamadegan anu dimekarkeun ku salah sahiji golongan. Dasarna nya
> Al Qur'an keneh (plus as Sunnah oge)- pikeun ummat Islam. Ceuk ieu
> golongan, cenah "taqdir" teh dibagi dua: 1) anu geus final alias teu
> bisa dirobah deui ("definitif", "makhtum"), jeung 2) anu can final
> ("undefinitif", "ghoer makhtum"). Kukituna, "taqdir", dina harti
> "papasten anu moal bisa robah" atawa "manusa dina darma wawayangan
> wae" eta pakuat-pakaitna jeung wilayah katangtuan atawa sacara umum
> "taqdir" anu geus final tea (makhtum atawa definitif tea. Contona: 
yen
> sakabeh anu jiwaan baris ngalama maot, atawa "lamun ajal geus datang
> moal bisa dipundurkeun atawa dipajukeun". Sabalikna, "ikhtiar" aya
> dina wilayah "taqdir" anu can final atawa anu masih bisa dirobah
> (ghoer makhtum).
> 
> Iraha jeung kumaha cenah rubuh-robahna "taqdir" anu "can final" jadi
> "taqdir anu sejen anu sarua can final" atawa jadi "taqdir anu final"
> teh? Nya definisi operasional istilah-istilah anu kasebut di luhur 
anu
> bisa mukakeun lawang pamahamana. Lebah dieu oge urang bisa
> ngahartikeun salah sahiji ayat Al Qur'an anu netelakeun yen aya
> katangtuan anu goreng anu ditulis ku Alloh dina kitab, tapi Alloh 
oge
> (tiasa wae) ngahapuskeun eta katangtuan (jeung ngarobahna jadi
> katangtuan anu sae). Nuturkeun pamahaman anu akhir ieu nya rada
> nyay-nyayan ayeuna mah harti jeung fungsi du'

[Urang Sunda] Taqdir (bil khusus kanggo Kang Oman Abr)

2008-11-08 Thread Abbas Amin
Kumaha cenah qadha teh ? ( program Tuhan sagemblengna )
Misalna program keur hiji manusa; sebut we si Maman.
Misalna poe Ahad ieu, mun Maman indit isuk2 ka Tasik ti Bandung; make mobil 
pribadi, bakal panggih jeung kacilakaan. Tapi mun inditna beurang moal. Lamun 
make beus salamet. Mun make KA bakal panggih dodoja wanita; mun inditna Shalat 
safar eula; sagal kasalmetan aya di Maman. Mun inditna ngado'a heula, bakal 
manggih bagja jst jst
 
Tah kira2 kitu Qadha teh; tah kumaha engke Taqdirna ? Eta mah gumantung ka na 
Qadar nu dipilih ku Maman. Ngan wae Maman tangtuna ge teu apaleun ka na eta 
program teh; tapi pasti milh teh ngan bisa hiji!! da teu asup akal Maman indit 
make beus jeung bai make mobil pribadi. Jadi pilihan teh tergantung ka 
Mamansorangan; tapi plihan nu mana wae geus aya tulisanana ti Lauh Mahfudz.
 
Ieu oge bari ngajelaskeun FUNGSI tina DO'A.
 
Hiji deui, ayeuna soal Umur, contona si Dadang.
 
Di LauhMahfudz diserat kieu : Dadang wates umurna bisa wae nepi ka 100. Eta 
wates umur si Dadang; jadi moal bisa jadi 101 taun mah, watesna akhir geus 
ditangtukeun.
Tapi manehna bisa oge umur 30 taun maot lantaran manehna harita gering, bari 
teu usaha diubaran atawa ngado'a, nomongna h umur mah geus ditaqdirkeun, 
jadi keun we antep panyakit teh.
Bisa oge 40 tan maot, lantaran kacilakaan di Nagreg, ngajalankeun mobil ngebut, 
aaah ari geus ditakdirkeun maot mah nya maot weee. masing mobil ngeteyep ge !
 
Bisa oge manhna maot na umur 50 taun, kantaran sok olah raga , 
ngajagakasehatan, tapi rada gagabah sok ngobral duriat, jadi we keuna ku 
kasakit.
 
Bisa oge manehna maot teh umur 60 taun, alesanana bla bla..
 
Tah ari Dadang nu nepi ka bisa umur 100 taun, lantaran kalakuanana estu 
ngusahakeun pisan ka na kasalametan, ari indit teu weleh bebeja ka nu di imah, 
zikir di jalan tawa di mana wae, di jalan teu asal nyimpang, olah raga 
dibiasakeun, dahar inum basajan , tara jajan teu pararuguh, komo ngaroko mah. 
Najalankeun mobil ati ati pisan. Pasea oge dijaga pisan. Ka batur someah, tara 
buntuh banth bari teu puguh tujuan.
 
Tah nu diluhur eh PRORAM keur UMUR si Dadang; tah di na pelaksananana
nya gumantung ka Dadang milih alternatif nu di luhur. Bari jeung Dadang teu 
apaleun ka na eta Qadha teh.
 
Tah kitu kulan, jalanna Taqdir teh. Umur oge bisa diusahakeun panjang, da 
munkin wae aya katangtuanan ti Gusti Allah anu nuliskeun yen urang panjang umur.
 
Jeung deui Qadae teh lain ku urang wungkul ditangtukeunana, tapi oge ku 
lingkungan urang ! Kumaha cenah ta teh ?
Orok upamana, manehanana teu bisa nagtukeun dirina, pasti gumantung ka na 
kaheman indung bapana, bidanna, dokterna jste.
 
Kitu deui jelema nu ditodong Penjahat, Qadarna gumantung manehna jeung penjahat 
eta.
Mun manehna bisa ngolona jeung penjahatna lain jelema nekad tukang maehan, 
meureun salamet.
 
Kitu deui Taqdir masalah Perkosaan, gumantung ka sababaraha pihak Qadarna.
Tapi Qadhana tetep ditulis sagemblenna di Lauh ahfudz.
 
Kitu kulan
 
Lajengjeuneun


  

[Urang Sunda] Fw: Silat - 19 Disundakeun

2008-11-08 Thread Abbas Amin


--- On Wed, 10/29/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat - 19
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>, "padhangmbulan" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Wednesday, October 29, 2008, 11:06 PM







Poe katujuh peuting, eta para jago silat nu ngumpul ngariung di imah Tilu Dewa 
teh keur guntreng we ngarobrol naekkeun sumanget, bari dahar inum, keur anteng2 
ngarobrol kitu aya seuri nu sinis bari dibarengan ku niupna angin anu kacida 
santerna; teu loba mikir jago2 teh gancang pisan ngaleupaskeun peso jeun Piau 
ka eta sora angin tea; kadenge sora seuri nu ngahinakeun pisan. Jol teh hiji 
jelema make pakean hideung2 jeung diberego ngan ukur katenjo panonna wungkul. 
Eta jelema datangna kadinya teh kacida kesitna, dan ngan sakilat kabeh senjata 
rasih teh teu aya nu ngeunaan dirina, boro2 kulitna, bajuna oge teu keuna; 
kabeh senjata teh mun teu ditewak ku eta jelema nu diberego, sawarehna 
ngarepluk ka na ubin.  
“Hai, Pedang Perak! Silaing geus ngajangjian 10 poe bakal datang ka dieu teh, 
naha kakara ge 7 poe geus datang !? Urang sarerea didieu, lain sieun, ngan wae 
sakur jalma nu boga liangsim mah ( haga diri ) pasti bakal nyekel jeung tuhu ka 
na jangji !” Eta omongan teh dikaluarkeun ku Sie Thian Toojin bari ngahina 
saeutik ngingetkeun ka na Jangji suci lumrahna Kaum Kang Ouw. 
Ieu jelema teh boro2 ngajawab, malahan mah ngan sakilat ujug2 nyerang we ka Si 
Tilu ewa, nepi ka ieu nu Tilu Dewa teh paburisat laluncatan bari hese beleke 
ngamankeun diri ti na eta serangan, tapi angger we tiluanana oge keuna ku ieu 
gempuran teh, nepi ka leungeun nu tiluan asa nyareri pisan ! Eta serangan teh 
ngan sakilat pisan, nepi ka nu sejen teu kaburu ngayakeun tindakan naon2 ku 
kesit2na eta serangan jeung teu kanyahoan gerakanan rek kamana; enya oge kaget, 
tapi Si Angkin Beureum gancang pisan nyerang ku angkinna, dibarengan serangan 
pedang Nyeri Hate; terus serangan haseup racun ti si Kian Lung; geus kitu 
nyusul oge si Sie Thian Toojin jeung Khong Kong Jie nyerang ka jelema nu 
diberego tea.



  

[Urang Sunda] masalah taqdir

2008-11-08 Thread Abbas Amin
upami urang bade ngabahas Taqdir, kedah diemut di na dua hal :
1. Yen Allah teh Maha Adil
2. Yen Allah teh Maha Kawasa
 
Upami Allah Maha Adil, naon atuh margina nangtoskeun jalmi kedah kitu kedah 
kieu ? sareng bakal kitu bakal kieu ?
 
Upami jalmi anu nangtoskeun sagalana, Allah mah ngan ukur NYIPTA wungkul, 
dimana atuh Maha Kawasana Allah ?
 
Tah ku margi aya patarosan sakitu, upami ngabahas Taqdir kedah nyepeng jejeran 
dua eta nu diluhur, nya eta Maha Adil sareng Maha Kawasa.
 
Ku margi kitu, sim kuring nyebatkeun yen Taqdir teh, kajadianana tina Qadha 
sareng Qadar.
 
Qadha hartosna Allah Maha Kawasa lantaran tindakan naon wae nu dilakukeun ku 
manusa AnjeunNa tos Uninga; pilihan naon wae nu dilakukeun ku manusa masih 
keneh aya di na Program Anjeunna.
 
Qadar, hak pilih manusa ku ngagunakeun BRAIN nu meunang bebas DAMELAN 
AnjeunnNa. Tah didieu Maha Adilna Allah.
 
Tah ku margi eta, tos kacumponan KaMAHAADILAN sareng KAMAHAKAWASANA Allah
di na waktos anu sami . Tindakan vs Program.
 
Mudah2an tiasa katampi, upami henteu , nya atuh da abdi ge sami sareng sadayana 
wargi2 masih milarian keneh. Da dugi ka tutup ieu umur moal aya perena soal 
"milari" mah...
 
Da Usaha tea nu diparentahkeun ka urang oge sanes ? 
Hasilna mah nya teu langkung Gusti Nu Murbeng Alam, kapan


  

Re: [Urang Sunda] wilujeng kenal...

2008-11-08 Thread ninik chomsi
wilujeng ...

--- On Thu, 11/6/08, Yura Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Yura Iskandar <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] wilujeng kenal...
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, November 6, 2008, 9:48 PM











muhun leres pisan... geuning seueur oge urang cicalengka anu di 
dunya maya... he...

--- On Wed, 11/5/08, rosidin rosidin <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: rosidin rosidin <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [Urang Sunda] wilujeng kenal...
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Wednesday, November 5, 2008, 8:47 PM








mangga kang yura.upami teu lepat mah kang yura teh urg 
cicalengka nyasalembur atuch kang?

--- On Thu, 11/6/08, Yura Kalfataru Iskandar <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: Yura Kalfataru Iskandar <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [Urang Sunda] wilujeng kenal...
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Thursday, November 6, 2008, 9:18 AM








assalamualaikum

bade ngiringan nongkrong di komunitas urang sunda

nepangkeun abdi yura urang cicalengka