Serat Ti Caroge

 

Hiji kulawarga salaki jeung pamajikana anu pada-pada boroga pagawean ngarasa
bosen kana kasibukan di pagaweanana di Ibukota.

Maranehna ngarencanakeun rek pelesiran ka Cipanas Garut jeung nempatan deui
kamar hotel anu sarua mangsa maranehna bulan madu 10 taun katukang. 
Kulantaran kasibukanana, sibapana kudu indit tiheula anu disusul isukna ku
si Ibuna.
Saenggeus cek in di hotel Cipanas Garut,Si Bapa nempo aya pasilitas komputer
anu geus sakalian nyambung kana internet di kamarna.

Kalayan bungah si Bapa langsung ngetik pikeun ngirim E-Mail ngabaran ka si
Ibu anu masih keneh digawe di kantorna tea di Ibukota.

Cilaka duabelas, Si bapa salah ngetik alamat E-Mail terus tanpa mariksa deui
kana kasalahan manehna tetep ngirimkeun eta Email jalaran mencet gambar
tombol send nu aya dina monitor.

 

Di Cicadas, hiji kulawarga kakara mulang ti pakuburan Cikutra numana Si
Bapana anu maot kakara rengse dikurebkeun.

Sajolna di Imah, indungna barudak langsung muka komputer anu geus make
fasilitas koneksyen internet spidi tea, maksudna rek mariksa E-mail macaan
kanu ngirim ucapan-ucapan belasungkawa.
Kakarage rengse maca E-Mail nu kahiji, si Ibu langsung pingsan.

Budak anu cikal ngarenjag kaget terus manehna maca eta E-Mail, anu tulisna :

 

To: Pun Bojo nu dipikadeudeuh
Subject: Akang geus nepi!!!
Date: 22 Nopember 2008
Akang nyaho pasti nyai kaget, tapi pasti oge bungah meunang kabar ti Akang.

Singhoreng di dieu oge geus dipasang internet, ceunah meh bisa ngirim kabar
ka sakabeh anu dipikanyaah.

Akang kakara nepi jueng geus cek in, ceuk anu didieu maranehna oge geus
nyiapkeun sagalana pikeun nyambut jeung ngabageakeun kadatangan nyai isuk.

Geus teu sabar Akang nungguan nyai.

Mugi diperjalanan Nyai isuk oge geunah siga diperjalanan Akang tadi.
Ohh enya., Cai didieu keur panas-panasna. Sakalian lamun daraekeun, barudak
di arajak wae. 

 

Love,
Akang

 

Kirim email ke