[Urang Sunda] Re: Kuteungteuing ari PULISI euy!

2007-05-01 Thread dide sunda
haha, uing apal kudu kamana lapor Ji!
  Nya ka indung budakna we, bejakeun yen budak diajak ulin ku bapana nu keur 
tugas di jalan raya. Harita uing ge apal yen waktu budak dikerewed ku eta 
pulisi si budak malah atoh sabab dibawa momotoran dina kandaraan dines bapana! 

   
-
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

[Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag

2006-11-16 Thread dide sunda
Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya sadaya!
  Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh (Moal kitu engke mah ngadamel 
millis urang-ciamis mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng mung 
getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah ka lemah cai (atawa teu betah di 
lembur batur? duka tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias tetep betah 
di ciamis. Kitu tah!
  Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. Salami nyunyuhun hulu, 
pangwangunan ciamis teh asa cicing wae. Kumaha carana nya?




 
-
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

[Urang Sunda] desain mang jamal gunung cupu

2006-11-19 Thread dide sunda
Mang, kuring teh maca balesan CIAMIS MANIS MANJING DIGEBRAG ti mamang tea. 
Bongan we aya diembel-embelan situs mamang, kuring nyoba teuleum. Eeh, hebat 
oge tah desain desain korsi. Kataji pisan!
  Kabeneran sugan jeung sugan (oge kanggo balarea nu kagungan info) pedah 
kuring sok rada iseng ngumpulkeun kertas-kardus jsb. (Ari nu ngumpulkeun na mah 
batur-batur urang lembur nu pakasabanna teu cindek, kuring mah ngan saukur 
nampung). Cikcikcik, ku ahli desain mah jigana kairong, kumaha carana supaya 
eta barang sarupaning kertas kardus teh boga nilai jual plus. Pedah kuring 
sampe ka kiwari mah ngan saukur ngajual deui ka pabrik daur ulang di Bekasi 
bari hargana teh terus mojret. 
  Tulungan nya mang peupeujeuh! (Rada maksa nih yee! Hehehe)

 
-
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows. $420,000 Mortgage for $1,399/mo - Calculate new 
house payment

[Urang Sunda] Peryogi beas organik?

2007-09-05 Thread dide sunda
Assalamu'alaikum! Baraya, hapunten pribados dulur joledar nu nonghol sataun 
sakali margi patali ku kumaki jarang ngabuka surelek. Sakali muka tiasa puluhan 
diggest mail katampi.
  Pribados kaleresan ayeuna teh sering pendak sareng patani sa jawa barat margi 
nuju gaduh tekad kanggo ngaronjatkan harkat patani. Saparakanca, pribados 
ngembangkan tatanen pare sawah nganggo metode SRI (System of Rice 
Intensification). Ku metode ieu patani dididik supados teu tergantung ka pihak 
sareng unsur ti luar (low input matterial). Bibit, gemuk, sareng ngakalan hama 
diusahakeun nganggo nu aya di lingkungan sawah. Tangtos hasilna janten pare 
alami atanapi nu katelah ayeuna mah beas organik. Kadituna, mudah-mudahan 
patani urang nu salami ieu janten rakyat marginal (mung janten kuli wungkul da 
etangan ekonomis teu kantos untung jalaran pangaos sarana produksi ajol-ajolan 
ari tos waktos panen pangaos pare mirah pisan).
  Pangaos eta beas upami tos dugi ka toko mah ngalangkungan Rp.15.000/kg, 
malihan aya nu langkung awis. Tah, upami baraya sadaya peryogi beas nu tos 
bebas residu kimia pribados siap nyalurkeun mung kanggo sementawis minimal 
kintunan kedah 100 kg supados pangaos tiasa langkung mirah ti toko. Ieu beas 
teu ngalangkungan rante pasar nu panjang, janten insya alloh nu kenging untung 
patani langsung. Bilih peryogi partey ageung oge insya Alloh tiasa di kintun. 
Stok kanggo sasih ieu kirang langkung aya 20 ton posisi di Ciamis.
  Kanggo baraya nu bade tumaros langkung detil mangga hubungi pribados di 
alamat: [EMAIL PROTECTED] Hatur nuhun! 

   
-
Yahoo! oneSearch: Finally,  mobile search that gives answers, not web links. 

[Urang Sunda] Re: Wilujeng Saum Romadon

2007-09-07 Thread dide sunda
Teu Den, uing mah ti pertama ge make ngaran nu ieu, wew! 
   
-
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

[Urang Sunda] Re:OOT: Berhala Rokok

2007-09-07 Thread dide sunda
Sae pisan sajak teh! Mung sok rada isin tah kanu sok ngaroko teu terang tempat. 
Isin nalipak, hehe!
   
-
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out. 

[Urang Sunda] milari KANG WIDYA FRAHMAT

2008-04-03 Thread dide sunda
Sampurasun!
  Hapunten ah pribados nonghol deui. Mugia kabar balarea aya dina cageur, 
bageur, pinter, singer, mulus, rahayu, jsb. jsb.
  Manawi aya di antara balarea nu janten tatangga, dulur, atawa TTM na kang 
Wedi alias Widya Frahmat, mugi kersa ngadugikeun wartos alamat cindekna, 
atanapi tiasa langsung ngintun surelek ka alamat pribados. Wartoskeun we si 
dadi, musuh gerotna, nangtang deui panco! Anjeuna teh alumni SMAN 2 Tasikmalaya 
taun 1986, ganteng, pinter, jago ngaleungit. Maksadna, pribados kaleungitan 
kontak sareng anjeuna saprak sakola tamat. Hehe. Kantos milari kontak ka 
cs-csna, tapi hapena teh geuning pareum wae.
  Hatur nuhun

   
-
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.