[Urang Sunda] Re: Meunang Undian Honda Jazz ti Carrefour

2008-07-04 Thread fatonahade
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Saminggu katukang, indung barudak nampa surat ti Rudy Sulistio 
minangka Manager Promosi Carrefour.
> 
> Suratna siga nu asli, malah aya kupon undian asli anu dieusian ku 
kuring harita (sataun katukang meureun).
> Naha teu di ancurkeun kupon undian anu lenkep jeung alamatna ku 
pihak crerrefour ?
> 
> Cenah, kuring meunang Honda Jazz VTEC. Pajak 25% ditanggung 
pemenang (39.500.000).
> Pikeun proses pangiriman kudu ngahubungi Carrefour Lebak Bulus ka 
Bapa Rony Sulistio minangka Manager Promosi. Telepon 021 32420851, 
HP 08161146214.
> 
> Samemeh nelepon ka si cucungik Rony Sulistio, kuring nempo heula 
web Carrefour. Geuning beda nomer telepon carrefour Lebak Bulus 
jeung nu di tulis dina surat.
> 
> "Selamat siang Carrefour, ada yang bisa saya bantu ?" ceuk si 
cucungik nu ngaku Rudy Sulistio.
> "Apakah ini benar Carrefour Lebak Bulus ?" ceuk kuring.
> "Benar pak, ini Carrefour Lebak Bulus !" tembal si Rudy Sulistio.
> " Kok, nomer teleponnya beda ?" ceuk kuring.
> "Beda dengan yang mana pak ?" tembal si ontohod
> "Saya lagi buka internet dan melihat Web-nya Carrefour, kok 
nomernya beda dengan nomer yang ada di surat" ceuk kuring.
> "Kalau bapak tidak percaya, datang aja ke Carrefour Lebak Bulus 
no. 8-9 !" ceuk si Rudy Sulistio, bari nutupkeun telepon.
> 
> Carrefour Lebak Bulus: Tlp 021 75911968, HOTLINE 0811997355. Ti 
tanggal 25 Juni nepi ka ayeuna ditelepon euweuh nu ngangkat.
> Naon atuh hartina HOTLINE ? teu bisa diangkat alatan panas kitu ? 
Kitu deui e-mail, lebeng we teu di bales..!
> 
> 
> Emod,
> 
> 
> 
>   
_
__
> Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download 
sekarang juga.
> http://id.toolbar.yahoo.com/
>


hanjakal nya...boro atoh kalah seueul. Nepangkeun ah



Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2008-07-06 Thread fatonahade
hampuraeun ning sim kuring teh...maklum ari geus kolot mah sok babari 
lieur... aya ku 
resep ngabandungan aranjeun anteng sempal guyon..adat ngora bet kagarugahkeun, 
lat 
poho ka umur, asa jadi tujuh las deui...piraku nya..





[Urang Sunda] Re: Balebat Edisi 10 --- Bogor Dina Peta Kabudayaan Indonesia

2008-07-09 Thread fatonahade
Urang Cirebon pesen hiji tiasa? Ning teu aya agenna di cirebon mah...atawa 
sakantenan we 
daftar jadi agennya..diantos kabarna. nuh. 



[Urang Sunda] Re: Balebat Edisi 10 --- Bogor Dina Peta Kabudayaan Indonesia

2008-07-10 Thread fatonahade
Urang Cirebon pesen hiji tiasa? Ning teu aya agenna di cirebon mah...atawa 
sakantenan we 
daftar jadi agennya..diantos kabarna



[Urang Sunda] Re: Balebat Edisi 10 --- Bogor Dina Peta Kabudayaan Indonesia

2008-07-11 Thread fatonahade
--- In urangsunda@yahoogroups.com, hadi darajat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> mangga upami bade ngalanggan mah, bade kamana di alamatkeunana? parantos 
> terang 
panginten hargi sareng katentuanana, mangga di toong heula di :
> http://balebat-online.com/?page_id=2
> upami bade janten agen di cirebon oge mangga tiasa...
> 
> di antos waleranana
> 
> 
> haturnuhun
>
Tos ditoong malih janten teras maos eusina. Nuhun diperhatoskeun. Ga,engke 
kontak  deui 
pami cios sareng tos transfer.Sasasih sakalinya medalna? etangana pami janten 
agen kumaha 
Kang,sami 96rb ? nuhun



[Urang Sunda] Re: Fwd: [kisunda] Nga-Blank

2008-07-14 Thread fatonahade
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kamarana ieu teh? asa tiiseun. Dumeh Senen kitu? atawa keur - ceuk
> basa gaul tea mah - nga-blank? Mangga, nyanggakeun oleh-oleh ti Garut
> dina judul nga-blank.
> 
> manAR
> 
> -- Forwarded message --
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Sun, Jul 13, 2008 at 7:57 PM
> Subject: [kisunda] Nga-Blank
> To: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
> 
> 
> Baraya,
> 
> Gede sangkaan kuring yen ayeuna bangsa Indonesia umumna loba anu keur
> aya dina kaayaan -ceuk barudak abg atawa basa gaulna mah - "blank"
> alias "kosong". "Nga-blank" (B.Ind. "Nge-blank") teh lamun
> disederhanakeun mah meureun ngajentul wae teu puguh (atawa teu nyaho)
> naon anu kudu dilakukeun. Olohok, tapi lain mata simeuteun; ngajentul
> tapi lain ngaraga meneng; ieu mah ngajentul teu puguh. Nya eta wae
> basa anu pas na mah basa abg: nge-blank atawa nga-blank. Kaasup kuring
> sakapeun osok ngeblank, ni'mat hehehe teu kudu mikiran nanaon, ngan
> ulah lila teuing, bisi mabok. Lima menitan oge cukup keur nga-blank
> mah, sanes kitu gan Ema? hehehe.
> 
> Eta wae nengetan warta (jeung gambarna) dina tv, ayeuna di kota-kota
> badag ti mimiti Jakarta, Bandung, Padang, Jambi, Bengkulu, Surabaya,
> jst, teu beurang atawa teu peuting, loba anu ngajentul teu puguh
> cabak, kusabab pareum listrik kusabab PLN keur ngagilir (siga anu
> nyandung wae PLN teh heuheu) atawa teu boga BBM da puguh POM bensin
> keur suwung stock. Jadi, salah sahiji anu ngabalukarkeun nga-blank teh
> nyaeta BBM. Tapi, bibit panyakit nga-blank ieu sigana geus aya ti beh
> ditu, ti 20 taun katukang.
> 
> Akibat teu puguh udagan da Pamarentah oge masyarakat (kusabab geus
> kadidik sapopoena, jadi ngabudaya) tetela geuningan teu ngahargaan
> prestasi, jadi wae nga-blank, asa teu pararuguh naon anu rek
> dilakukeun. Kusabab ajen teh teu kitu wae aya hubunganana jeung usaha
> satekah polah, lila nga-blank wae. Kabehdieunakeun jadi nambahan
> sabab-sabab anu bisa jadi matak nga-blank teh. Upamana, komputer keur
> hurung, interna online, ujug-ujug pret wae pareum, jadi wae nga-blank
> sakedapan mah.
> 
> Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank
> heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad
> kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu kadieu.
> Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu mieling
> kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di desa
> Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain
> milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen
> patani sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng
> ningal nu hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat
> lain resep ka nu hejo-hejo ieu mah).
> 
> Emh aya waas neuteup G. Papandayan rada ti kadeukeutan. Naha enya kitu
> di dinya teh teu weleh aya wae anu mandai. Boa-boa gunung anu keur
> miruha dina kawahna teh katingalna ku awam mah gunung anu keur manday?
> saha nu terang, da kongang ieu beda pandangan mah. Tetela, endah oge
> pola pikir sakedapan nuturkeun umum, kumaha reana.
> 
> Aeh, kang Ustad Soleh, di Cipaganti, hatur nuhun. Eta, neda pasisiang
> sangu bodas pulen ngebul keneh, baturna jeung  goreng nila, capcay anu
> sayurna saleger pisan da karek metik ti kebon, jeung sambel dadakan
> sarupa jeung sambel cibiuk, aya ku ni'mat. Mangkaning hawa keur tiris
> da di suku gunung tea (ketinggian 1500 di luhureun rata-rata bengeut
> cai laut ceuk anu sarakola mah), Gunung Puntang.
> 
> Dipikir-pikir urang lembur sebenerna bisa pisan swasembada malah
> produksi anu manfaat keur urang kota. Teu rek kitu kumaha, unggal
> aranjeunna taruang oge nyuguhan semah, geus teu ngahesekeun nu sejen,
> teu kudu impor istilahna mah. Sanguna nang melak sorangan, laukna
> ngala ti balong sorangan; sayurna ti kebon sorangan, sambeleun ukur
> tarasi anu kudu ngunyang ti warung teh. Kari pamarentah wae mere jalan
> keur usahana, infarstruktur tea, jalan, listrik, bbm jeung sajabana
> sarana dasar. Ngan lamun sarana dasar wae teu aya atawa entot-embol
> nya tangtu panyakit nga-blank baris nyaliara ka pakampungan.
> 
> Lah aya ku gagah eta Cikuray. Ngajegir di tebeh wetan Garut, Barang
> ditingal rada ti deukeutna, ti lebah Cikajang, lah tambah gagah.
> paingan aya kabuyutan di dinya, tempat luluhur sisimpenan. Sisimpenan
> anu tinimbang kabaca sakabehna malah loba anu geus rek srusak. Kumaha
> nya naskah-naskah di kabuyutan Cikuray teh, arawet keneh kitu?
> Hanjakal kamari ka deukuet Cikuray mah lain rek neang naskah tapi
> hayang tepung jeung kang Cecep anu melak kentang kaholodoan tapi
> lumayan cenah masih kapuluk, malah sabagean rek dijadikeun bibit.
> Alhamdulillah.
> 
> Baraya,
> Lain pedah nga-blank si kuring nganjang ka Cipaganti, Cisurupan jeung
> ka Babakan, Cikajang. Tapi, sono wae ka pilemburan. Tetela endahna
> keneh alam Parahiyangan teh, sok sanajan keur usum werit

Re: [Urang Sunda] Hag siahhh... roko rek diharamkeun...!!

2008-08-14 Thread fatonahade
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Iskandar Rachmansyah"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pabrik rokokna  nu dilarang alias di tutup mah
> 
> 
> iskandar
> 
> 2008/8/14, Yuliadi [EMAIL PROTECTED]:
> >
> >mun enya teh jadi,udud haram. eta MUI hahampuraan ka sabaraha juta
kaasup nu resep lalajo menbal,patani bako,buruh pabrik roko,tukang
asong roko,tukang korek api,tukang mulung kuntung.wahhh moal
cukup ku 5 lambar folio.

ah,sabodo da lain urusan uing,uing mah nyalametkeun dunya tina bahaya
roko

eh karunya mun seug ditembal...ah sabodo fatwa yang aneh.
leuwih ironi lamun iklan layanan masyarakat eta ditayangkeun make
iklan roko...ah kacow.

> > 
> >
>




[Urang Sunda] Re: Ternyata...

2009-03-12 Thread fatonahade
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Rukayadi Yaya  wrote:
>
> Ternyata banyak film barat yang diilhami dari daerah sunda, seperti yang di 
> bawah ini : The followings are top Hollywood Blockbusters (In Sundanese)
>  
> 1. Saving Private Ryan -- Nulungan si Rian 
>  
> 2. Enemy At The Gate -- Musuh Ngajedog di Pager 
>  
> 3. Rocky -- Osok Neunggeulan Batur 
>  
> 4. Rain Man -- Lalaki Cicing di Bogor 
>  
> 5. Die Hard - Teu Paeh-Paeh 
>  
> 6. Die Hard II -- Can Paeh Keneh 
>  
> 7. There's Something About Marry -- Ari Ceu Meri Kunaon Teh? 
>  
> 8. Mission Impossible -- Kaduhung, Moal Bisa 
>  
> 9. Titanic -- Tilelep 
>  
> 10. Paycheck -- Nganjuk Heula
>  
> 11. Reign of Fire -- Beubeuleuman 
>  
> 12. Original Sin - - Tara Ka Mesjid 
>  
> 13. Sleepless In Seattle -- Cenghar Di Ciateul 
>  
> 14. Silence of The Lambs -- Embe' Pundung 
>  
> 15. Ghost -- Jurig Kasep 
>  
> 16. Bad Boys -- Budak Baong 
>  
> 17. Are We There Yet ? -- Lila Pisan Teh Nepina? 
>  
> 18. Home Alone -- Katinggaleun 
>  
> 19. Freddy vs Jason -- Pasea 
>  
> 20. Casablanca - - Mengkol Ti Sudirman 
>  
> 21. Gone In Sixty Seconds -- Indit Siah Kaditu! 
>  
> 22. The Awakening - - Hudang Sare
>  
> 23. He'es After The Sunset - - Tereh Maghrib 
>  
> 24. The End of Days -- Seep Waktosna nyantai dooong,..
>  
> koq serius amat,.!!   
> 
> 
> 
> Yaya Rukayadi 
> B504, Biomaterials Research Laboratory
> Department of Biotechnology
> College of Life Science and Biotechnology
> Yonsei University
> 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu
> Seoul, 120-749, South Korea
> Tel: 82+2+2123+4097
> Fax: 82+2+362-7265
> Mobile: 82+10-7677-0817
> E-mail: y...@... or yrukay...@...
> 
>  
>he..he..he kayungyun ku kreatifna Kang..enyaan batur mah boa teu engeuheun. 
>Nepangkeun..sim kuring nu matuh di cirebon.