Re: [Urang Sunda] [Pilkada] Nu Mere Aya Pamenta

2008-03-25 Terurut Topik H Surtiwa
Tah kitu ari praktek pulitik.teh..lolobana teu eucreugTapi si calon oge
.maju keuna mundur keuna..mere jangji salah...kulantaran..PASTI teu tiasa
nyumponan alias bakal jalir jangji...Henteu jangji..nya MOAL kapilihteu
aya anu diical...

On 3/26/08, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>*Nu Mere Aya Pamenta*
> Ku: Kebo Hideung - Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya
>
> Teu dimana-mana teu dikampung teu di kota, mun seug usum Pilkada ngadadak
> calon teh gampang diteangana, gampang wanohna, gampang mere mun rek dipenta,
> pokona bageur tur berehan. Malahan urang teu menta oge calon mah geus surti.
>
> Geus lumrah diurang mah (Indonesia) lamun calon pamingpin anu keur bajuang
> ngarebut hate calon pemilih rupa-rupa polahna, naon wae anu bisa ngaleehkeun
> hate calon pemilih pasti dilakonan.
>
> Ngan sok manghanjakalkeun anu barang bere teh tungtungna sok aya pamenta.
> Sok dukung kuring..sok pilih kuring...Lamun bapak-bapak ibu-ibu ngadukung
> kuring, kuring jangji..bla..bla..bla (tuh nya aya jangji). Tapi mun seug
> geus jeneng sok poho kana jangjina, kadangkala lamun diingetan lain
> nganuhunkeun, kalahka teu ngaku boga jangji.
>
> Padahal lamun rek mere maweh mah, ti baheula saencana jadi calon. Tapi
> ketang kapanan baheula mah basa can jadi calon teu boga pamenta.
>
> Jadi atuh ari kitu mah lamun erek barang bere teh kudu boga heula pamenta
> nya..???
>
> Duka teh teuing...
> Cag
>
> --
>  
> *Real people. Real questions. Real answers. Share what you 
> know
> *.
>
> 
>


[Urang Sunda] [Pilkada] Nu Mere Aya Pamenta

2008-03-25 Terurut Topik Kebo Hideung
Nu Mere Aya Pamenta
  Ku: Kebo Hideung - Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya
   
  Teu dimana-mana teu dikampung teu di kota, mun seug usum Pilkada ngadadak 
calon teh gampang diteangana, gampang wanohna, gampang mere mun rek dipenta, 
pokona bageur tur berehan. Malahan urang teu menta oge calon mah geus surti.
   
  Geus lumrah diurang mah (Indonesia) lamun calon pamingpin anu keur bajuang 
ngarebut hate calon pemilih rupa-rupa polahna, naon wae anu bisa ngaleehkeun 
hate calon pemilih pasti dilakonan.
   
  Ngan sok manghanjakalkeun anu barang bere teh tungtungna sok aya pamenta. Sok 
dukung kuring..sok pilih kuring...Lamun bapak-bapak ibu-ibu ngadukung kuring, 
kuring jangji..bla..bla..bla (tuh nya aya jangji). Tapi mun seug geus 
jeneng sok poho kana jangjina, kadangkala lamun diingetan lain nganuhunkeun, 
kalahka teu ngaku boga jangji.
   
  Padahal lamun rek mere maweh mah, ti baheula saencana jadi calon. Tapi ketang 
kapanan baheula mah basa can jadi calon teu boga pamenta.
   
  Jadi atuh ari kitu mah lamun erek barang bere teh kudu boga heula pamenta 
nya..???
   
  Duka teh teuing...
  Cag

   
-
 
 Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.