salam,
Tambah ngaramekeun milis., ngadongeng sakedik ah ngeunaan buku anu kamari 
loncing tea. Acarana rame pisan. komo pas angklungna maen mah, matak muringkak 
bulu punduk, lain sieun tapi kumahaaaaaa kitu tah. takjub (naon sundana takjub 
teh?) meureun nya! Bakat ku atoh. 10 jam lila perjalanan ti jogja ka bandung 
teh lunas lah. peserta pinuh, undangan sumping, sumawona wartawan mah aya kana 
salosin. SCTV, ANTV, TPI, TRANS 7, STV, PJTV, BANDUNG TV, RADAR BANDUNG, PR, 
TRIBUN JABAR, SARENG PUPUHUN YAYASAN PERCEKA.

Hanjakal na memang, teu seueur wargi sunda anu sumping. pedah teu apal kitu. 
anu katingali mah mang jamal tea geningan. eta oge bari salah. Diajak ngobrol 
teh sugan teh apal keneh. singhoreng geus sabaraha lila tuluy MJ teh nanya, 
"ari salman ka mana nya?" hahahaha. kalinglap meureun. pedah tiheula botak 
ayeuna mancala putra mancala putri jadi kover boy.

format acara kuduna mah jalan tilu jam. tapi, waktu indonesia mah memang osok 
telat. persis ceuk maul dina bukuna. lamun ngayakeun acara dibejaanana teh kudu 
sajam saacanna. jadi, lamun undangan jam 10. kudu dibejakeun teh jam 9. 
diitung2 kurang leuwihna ngised 30 menit ti jadwal. Tapi, kabayar lah. nonton 
tiluan dibaturan mj jeung kang hermawan aksan. plus, aya lalawuh kopi, cai amis 
jeung sarupaning.betaaaaaaaaaah!

tah ngeunaan buku, eusina memang mundel (sakalian promosi :)) pinuh ku 
pangalaman tur hal-hal positip ngeunaan sikep hirup, sumanget, teu epes meeran 
jrrd. salah sahiji contona nyaeta hutang anu ngagunung anu jumlahna Rp 200 
jutaan.  karunya pisan. duta budaya anu kuduna disupport teh malah ballik ti 
eropa ninggalkeun hutang sakitu gedena. bandingkeun jeung anggaran muhibah 
anggota2 dewan anu sering disebut studi banding tea. keur acara2 budaya mah 
wayahna wae usaha sorangan.

tapi, najan banga, tetep keukeuh. acara kudu jalan. grup kudu indit ti bandung 
sok sanajan teu realistis. tinangtu lain hiji keputusan anu babari, nginditkeun 
tim  anu  kurang dana.  tah, di  dieu pisan andil maulana teh. NEKAD 
NGAJADIKEUN TIM KPA 3 KA EROPA. naha bet nekad? nya kitu tea, ku kaayaan dana 
kuraaaaaaaaang pisan. tapi dipaksa datang. akibatna naon? tim kudu usaha 
satekah polah nutupan dana. tiap KBRI "diontrog", komunitas orang indonesia 
didatangan, teu weleh di tiap tempat anu mungkin ieu tim teh usaha satekah 
polah supaya bisa ngahasilkeun 10000 euro.

Tah ... kumaha dongeng saterasna? mangga diaos nyalira dina buku 40 Days in 
Europe. harga eceran Rp59.000,- 

salman
     




     







       
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.

Reply via email to