Re: [Urang Sunda] Amerika gering euy ....

2008-10-07 Terurut Topik kunkun sobirin
cenah ieu mah kang, ti nempo tina talisa

Baheula basa taun 97 krismon dimimitian ti thailand sektor properti (usaha
taneuh,imah) ayeuna di amerika oge sarua dimimitian ti kiridit  macet
properti anu ngarana subprime mortgage . Ieu teh skema kiridit anu nyieun
jelema nu aslina teu sanggup meuli imah jadi sangup meuli imah ku jalan
kredit.skema ieu narik pisan investor lantaran sukubungana leuwih luhur ti
bunga pamarentah (the fed) atuh pausahaan finansial (bank, asuransi,finance)
ngabring meuli surat utang SM ieu.

Ku sabab the fed naekkeun sukubungana  usaha SM oge suku bunga na ditaekkeun
atuh kreditor jadi ngajerit teu sanggup mayar (pan urang kabeh nyaho yen
bisnis properti mah loba mark up harga tanah, harga material, nu pasti
gampang pisan jadi kredit macet ). lantaran kreditor macet atuh pausahaan SM
oge teu bisa mayar setoran ka pausahaan finansial (AIG, lehman brothers dll
) atuh milu kollaps sabab usaha finansial oge kan lain duit manehna (duit
nasabah anu diputer) tah mun pausahaan finasial geus kollaps dunia usaha
(sektor riil )  bakal kollaps, surat utang SM kari 20% ti harga awal, naha
teu bisa mayar??? pan boga agunan taneuh ???  nya heu-euh da asset manehna
ngan boga taneuh maenya dibayar ku taneuh puguh da keur riweuh kabeh
bororaah hayang meuli taneuh harga kabutuhan pokok geu ting terekel.

Tah tuluy wae pamarentah ngaluarkeun bail out nepikeunka 700 milyar (mun di
urang mah BLBI tea) manehna ngajamin duit nasabah bakal balik deui
naon pangaruhna ka urang ???

1. siga pausahaan di mana saya keur digawe ayeuna dana pensiun teh
dititipkeun ka AIG atuh meureun bakal lapur da manehna bangkrut
2. usaha anu ekspor ka amrik bakal seret da urang amrikna keur seret ,
maranehna moal meuli barang-barang anu teu penting, (loba usaha sapatu ,
pakean anu ekspor ka amrik ) mun barang na teu aya nu meuli atuh bakal
nganggur pagawe anu rebuan jumlahna , mun katutuluyan bakal aya PHK MASSAL
tuluy loba pangangguran, mun loba pangangguran loba kajahatan mun loba
kajahatan stabilitas keamanan bakal leungit mun stabilitas keamanan leungit
, investor bakal hengkang mun investor hengkang bakal tambah loba tuluy weh
bulak balik dekok ..

jadi urang kudu bisa nyerep barang anu tadina diekspor, carana?? duka teuing
da abdi mah dana pensiuna ge lapur  hehehehe

tah eta nu katangkep ku saya , sok nu lain nambahan

On Tue, Oct 7, 2008 at 10:33 AM, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Ceuk beja, Amerika ayeuna keur gering keuna ku krisis keuangan. Ngan
 nyaeta
 geuning geringna nu beunghar mah bet ngabalerang ka batur. Di urang harga
 saham anjlok, rupiah melempem . pikahariwangeun. Tapi aya ketang nu
 pikabungaheun harga minyak atah turun 40%, ayeuna ngan $89/ barrel. Bapa
 Presiden RI ngayakeun rapat ngadadak, sanajan lebaran keneh. Ari sugan teh
 rek ngumumkeun harga bengsin turun, ari pek teh ukur ngabejaan cenah urang
 Indonesia mah tong hariwang jeung salempang sabab ekonomi indonesia keur
 kuat ..

 Bener kitu eta teh? Cik kanu ngartos ekonomi, kudu kumaha yeuh ...

 Baktos,
 WALUYA

Re: [Urang Sunda] Amerika gering euy ....

2008-10-07 Terurut Topik Waluya
 From: kunkun sobirin
 jadi urang kudu bisa nyerep barang anu tadina diekspor, carana?? duka 
 teuing da abdi mah dana pensiuna ge lapur
 hehehehe

Hatur nuhun Kang Kunkun. Ngan kudu meseran barang nu teu jadi diekspor mah, 
sami kuring oge .hehehe  teu gaduh artos!

Baktos,
WALUYA 

Re: [Urang Sunda] Amerika gering euy ....

2008-10-07 Terurut Topik dede solehudin
tong boto harga bengsin turun nuayamah jigana indoensia teh rek ngalaman
deui krisisi ekonomi kadua.
pemerintahmah sok ngareureus ka rahayat teh, padahal ari ceuk kuringmah
ekonomi indonesia teh keu aya di ujung tanduk (tanuk banteng).
harga minya duania turun, tapi inflasi kalahkah naek da eta atuh aya lebaran
tea. tapi lebaran oge aya untungna bisa ningkatkeun konsumsi masyarakat.
Tapi da angger we tingkat konsumsi naek, hutang ngagedean, pendapatan tetap,
phk masih terus berjalan. nu antukna pertumbuhan ekonomi jadi kacau beliau.

jangdede

2008/10/7 Waluya [EMAIL PROTECTED]

   Ceuk beja, Amerika ayeuna keur gering keuna ku krisis keuangan. Ngan
 nyaeta
 geuning geringna nu beunghar mah bet ngabalerang ka batur. Di urang harga
 saham anjlok, rupiah melempem . pikahariwangeun. Tapi aya ketang nu
 pikabungaheun harga minyak atah turun 40%, ayeuna ngan $89/ barrel. Bapa
 Presiden RI ngayakeun rapat ngadadak, sanajan lebaran keneh. Ari sugan teh
 rek ngumumkeun harga bengsin turun, ari pek teh ukur ngabejaan cenah urang
 Indonesia mah tong hariwang jeung salempang sabab ekonomi indonesia keur
 kuat ..

 Bener kitu eta teh? Cik kanu ngartos ekonomi, kudu kumaha yeuh ...

 Baktos,
 WALUYA

[Urang Sunda] Amerika gering euy ....

2008-10-06 Terurut Topik Waluya
Ceuk beja, Amerika ayeuna keur gering keuna ku krisis keuangan. Ngan nyaeta 