[Urang Sunda] Dongeng si Jay : Ciri

2008-06-26 Terurut Topik Jay
Jay...
Hmmm..
cageur?
saha ?
Nya maneh atuh !
Owh, uing ?
Enya !
Ah, nya kieu we uing mah
Kieu kumaha ?
Katingalina ku maneh kumaha?
Cageur sih katingalina mah
Geus nyaho mah, naha bet kudu nanya sagala ?
Basa-basi we atuh, Jay !
Ah, jeung uing mah teu kudu basa-basi lah
Atuh Jay, jelma mah hade goreng teh ku basa
Owh kitu ?
Nya heueuh !
Piraku...
Emh, maneh mah ti baheula teh angger we pikasebeleun
Ceuk saha ?
Nya ceuk uing atuh !
Ceuk maneh pikasebeleun teh, da ceuk batur mah henteu
Ah, boa ceuk batur ge pikasebeleun, ngan teu pok we..
Mun enya kitu, hartina batur mah masih boga rarasaan,
 tara pok jiga maneh
Enya, tapi maneh tara boga rarasaan ka batur!
Ceuk saha ?
Nya ceuk uing atuh ! maenya ceuk hayam !
Maenya ?
Maenya...maenya, nya heueuh !
Ih, ari maneh, tong ambek atuh, apan tadi ceuk maneh
 bieu, jelma mah hade goreng teh ku basa?
Enya !
Naha atuh bet ambek-ambekan wae? goreng basa kitu teh !
 Biasa we ngobrol jeung uing mah...
Atuda manehna..
Kunaon kitu uingna ?
Puguh pikasebeleun !
Tuh nya, geus pok deui wae kagorengan teh
Heueuh..hampura atuh..
Enya lah, dihampura ku uing. Dimaklum ku uing mah da jelma
 mah kitu ciri-na..
Eh..rada beurat yeuh caritaan teh, maksudna kumaha ?
Kieu, ari jelma mah apanan sok kakapeungan. sakapeung hade,
 sakapeung goreng, kusabab kaancikan ku owah gingsir. Teu hade
 wae da lain malaikat, teu goreng bae da lain saiton..
H
Tah eta salah sahiji ciri-ciri jelma..
Hmmm...
Sagala rupa ge dihargaan teh ku ciri-na..
Hmmm...
ham-hem wae, ngarti teu ?
Teu..!
Tah salah sahiji ciri maneh mah belegug, hese ngarti kana
 caritaan batur !
yeee, naha bet kadinya atuh ? cik mere conto teh nu baleg ih!
Hmm..kieu atuh.
Kumaha ?
Apal tarasi?
Enya apal..
naon ciri-na ?
Bau..
Tah...Kanu bau mah apal wae geuningan. Ayeuna uing rek nanya,
 mun maneh boga tarasi sa-treuk, tapi teu bau. cik mun di jual, 
 payu moal ?
Teuing..
Pasti moal payu, da euweuh cirian, teu bau tea
Hmm...enya oge sih..
Tapi kade, leungitna eta bau tarasi aya dua hal sababna..
Naon ?
Kahiji, yen eta teh lain tarasi..
 Nu kadua, kusabab irungna keur meded. Jadi samemeh ngambeuan
 tarasi, pastikeun geus ngorong heula samemehna
Naha bet jol-jol kana ngorong ?
Kieu belegug ! ku sabab irungna meded, jadi teu bisa nyirian
 sababara hal. Teu bisa mastikeun eta teh tarasi atawa lain,
 teu bisa ngabedakeun eta teh tai kotok atawa lain, atawa teu
 bisa nyirian kelek maneh teh bau haseum atawa henteu. 
 Kitu pan ?
Enya..trus ?
Tah, jelma oge mun hate-na meded ku kokotor, moal bisa bisi
 nyirian hade gorengna batur..
Trus ?
Hartina..samemeh nyirian batur goreng atawa hade teh,
 bersihan heula hate maneh tina rereged-rereged, tong suudzon, 
 tong sirik,  tong dengki, tong adigung adiguna, tong asa aing 
 pangpinterna, asa aing pangbenerna...
Anj...trus...?
Teras terus..jiga tukang parkir wae siah !
Ih lain, uing rada ngahuleng yeuh, geuning maneh bisa nyarita
 bener...
Apan ku uing geus disebutkeun tadi, jelma mah kakapeungan.
 Nya uing ge kitu. Sakapeung gegeloan, sakapeung gelo nyaan...
Tuh nya..kanceuh deui wae..




-Jay-










Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Ciri

2008-06-26 Terurut Topik Ikmal
Paguneman  teh mani nyongcolang euy..neumbreus kana hate nutug 
kana jajantung!! kataji pisan kang, pas dina wanda kaayaan ayeuna di 
bakus!!!
dua jempol lah ka si jay!!!

baktos,

ikmal

Jay wrote:

  



Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Ciri

2008-06-26 Terurut Topik Dadi Kurniadi
Jay!
Euy!
Jay..
Euy..
Jay,...!
Gandeng siah..!
Tong ngambek atuh Jay..
Atuda maneh ngan juy jay jay jay wae..!
Ah henteu uing mah teu juy juy jay jay, da kuring mah ukur jay hungkul.
  
heuheu...garing...

--- On Thu, 6/26/08, Ikmal [EMAIL PROTECTED] wrote:

From: Ikmal [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Ciri
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, June 26, 2008, 9:12 PM






Paguneman teh mani nyongcolang euy. .neumbreus kana hate nutug 
kana jajantung!! kataji pisan kang, pas dina wanda kaayaan ayeuna di 
bakus!!!
dua jempol lah ka si jay!!!

baktos,

ikmal

Jay wrote: