"Jay !"
"Tos timana?"
"Saha ?"
"Nya maneh atuh ih !"
"Owh, uing ?"
"Enya.."
"Ti lembur.."
"Paingan diteangan teh teu panggih-panggih. Aya naon ka lembur..?"
"Ah, hayang ngalongok lembur we. Hayang panggih jeung kolot, 
 hayang panggih jeung dulur."
"Usum naon diditu ?"
"Sarua we, usum hujan…"
"Lain, maksud teh pepelakan keur meujeuhna kumaha ?"
"Pepelakan naon ? apan loba pepelakan di lembur teh…" 
"Ih ieu mah. Pare ! keur kumaha pare ayeuna ?"
"Pare ?"
"Enya.."
"Pare mah nya keur caricing we disawah.."
"Nya heueuh atuh, maenya lulumpatan. Angger teu baleg nyarita teh"
"Tuluy kudu kumaha atuh ?"
"Ah teuing !"
"Lain, pajarkeun maneh neangan uing ?"
"Enya !"
"Aya perlu ?"
"Nya heueuh atuh, mun teu perlu-perlu teuing mah embung panggih
 Jeung maneh teh"
"Naha kitu ?"
"Matak TBC ngobrol jeung maneh mah atuda.."
"Enya, aya perlu naon ?"
"Uing nginjeum duit.."
"Haaar…lain bulan ngora ayeuna teh ?"
"Geus lah tong loba catur. Uing keur perlu yeuh"
"Lain, maenya tanggal sakieu can gajihan ?"
"Uing geus teu digawe !"
"Naha ? Geus teu perlu duit kituh ?"
"Puguh di PHK !"
"Tuluy ?"
"Nya nganggur ! teu boga duit, matakna rek nginjeum ka maneh !"
"Atuh neangan deui gawe mah.."
"Hese, euweuh lowongan !"
"Ih ari maneh, tuh dina koran lowongan gawe pabalatak. Eta teh dina 
 hiji Koran. Sedengkeun Koran nu medal teh apanan aya puluhna. Mun 
 diitung, mun daek nempoan, loba pisan apanan lowongan gawe teh.."
"Enggeus Jay, geus ngalamar kaditu kadieu, ngirim lamaran mah kaditu 
 kadieu, duit pesangon ge beak dipake ongkos ngalamar jeung motokopi  
 bae. 
 Ditarima henteu. Cape na wungkul, kapok !"
"Maenya ku kitu bae nyerah…"
"Lain sakali kitu teh Jay, matak kapok oge."
"Nya mun gawe teu hasil, nya nyobaan usaha atuh, dagang boh naon"
"Ah, uing mah euweuh bakat dagang.."
"Nya cobaan heula atuh, can ge dicobaan geus nyerah tiheula. 
 Saruana teu ngahargaan kana diri sorangan maneh mah!"
"Lain kitu Jay, apanan dagang ge perlu modal"
"Enya atuh, sagala ge kudu dimodalan. Tapi pan loba modalna mah."
"Enak wae siah nyarita teh…"
"Naha ?"
"Yeuh mun hayang nyaho, dagang baso bae modalna jutaan !"
"Ah, ceuk saha ?"
"Nya tukang baso atuh ! maenya ceuk tukang cendol !"
"Nya mun kitu mah dagang cendol we !"
"Sarua, dagang cendol ge jutaan !"
"Ah maenya ?"
"Enya !"
"Ceuk saha ? Ceuk tukang cendol ?"
"Nya heueuh atuh !"
"Tapi pan modal dagang cendol mah moal gede teuing cara tukang baso 
 meureun.."
"Enya, tapi angger bae perlu modal.."
"Emangna sabaraha  modalna ?"
"Yeuh, mun dagang cendol bae, nyieun gorobagna bae bisa kana sajuta.  
 Can meuli toples, gelas, sendok, ember, serutan es, can bahan-bahan 
 jeung sagala rupa. Kana sajuta satengah mah meureun matak beak. Mun 
 keur usum halodo mending bisa payu. 
 Coba mun usum hujan, meureun bangkrut!"
"Nya mun kitu mah dagang baso we atuh ! Apan baso mah teu halodo teu 
 usum hujan, pasti payu !"
"Enya, tapi apan perlu modaaaaaaal"
"Tuluy kumaha ?"
"Nya teuing, uing ge keur lieur.."
"Cobaan atuh neangan gawe deui"
"Enya hayangna mah kitu. Gawe naon nya, nu gawena ngeunah tuluyna 
 meunang duitna gampang.."
"Uing apal…"
"Maneh apal Jay ?"
"Enya, apal. Gawena ngeunah, duitna loba tur gampang.."
"Naon ?"
"Nyaan hayang nyaho ?"
"Enya !"
"Nyaan ?"
"Enyaaaa !"
"Hayang apal ?"
"Enya ih ! bejaan uing !"
"Jadi Gigolo !"
"Gigolo ? Belegug siah ! Teu sudi aing mun kudu jadi Gigolo mah !"
"Naha ? Apan gawena ngeunah, duitna gede.."
"Teu ! Embung aing kudu ngajual diri mah !"
"Nyaan embung ?"
"Embung ! najan kieu-kieu ge uing mah boga prinsip !"
"Apan, maneh boga rupa rada kasep, awak tegep, tinggal dibajuan nu 
 rada hade ge, Payu geura !"
"Embung ! cik atuh mere bongbolongan teh nu rada bener.."
"Nya kieu we atuh, mun maneh embung jadi Gigolo, uing aya penawaran 
 sejen.."
"Naon ?"
"Nyaan hayang nyaho ?"
"Heueuh, asal tong jadi gigolo we..!"
"Sarua ieu ge, gawena ngeunah, jaba teu cape teuing, asal daek, bisa 
 hasil"
"Enya naon ?"
"Ah, ke maneh nolak deui !"
"Moal !"
"Nyaan ?"
"Nyaan ! Pagawean naon ?"
"MLM …."
"MLM ?"
"Enya.."
"Daripada MLM mah mendingan jadi Gigolo !"
"Tuh nya !"
"Nya heueuh atuh !"
"Ari maneh apal kitu MLM teh naon ?"
"Apal, Multi Lepel Marketing lin ? Bisnis Ngimpi ! Lila-lila bisa 
 stress kudu ngajalanan MLM mah"
"Ceuk saha?"
"Nya ceuk uing atuh !"
"Naha geuning boga pandangan kitu ?"
"Yeuh, tatangga uing ge nu mariluan MLM aya nu bangkrut, aya nu 
 pepegatan, aya nu gelo, aya nu Setruk sagala rupa !"
"Trus ?"
"Euweuh terusanana !"
"Dul, soal bangkrut, soal pepegatan, setruk nepi ka gelo mah, lain 
 bae alatan miluan MLM. Pengusaha bae loba nu bangkrut. Dipengadilan  
 Agama tiap poe loba nu pepegatan, padahal maranehna teu mariluan 
 MLM.  Kang Duloh sugan miluan MLM ? Pan henteu ! tapi geuning 
 katarajang setruk. Dijalan ge loba nu gelo, tapi uing mah 
 yakin maranehna teu mariluan MLM samemehna"
"Enya, ceuk maneh soteh !"
"Euh ieu mah, nanaon teh tempo heula. Ulah langsung boga pikiran 
 goreng kana sagala rupa teh."
"Lain, apan geus loba contona.."
"Tah kasus maneh ieu ge contona, keur jongjon digawe ujug-ujug di 
 PHK. Riweuh. Padahal meureun samemehna, yen gawe jeung batur the 
 pilihan anu pang-alusna. Rek usaha euweuh modal, usaha nu  tanpa 
 modal kalah ka embung. Kumaha atuh ?"
"Nya teuing, matakna uing lieur oge.."
"Dul, maneh sok nempo uing indit gawe isuk-isuk ?"
"Henteu…"
"Mun jajan sok ngahutang tara di warung Ceu Mimin ?"
"Henteu .."
"Katempo aya beungeut susah ?"
"Henteu.."
"Apal uing gawe naon ?"
"Henteu.."
"Cik, kira-kira gawe naon uing ?"
"Hmmm… ceuk uing mah,… tapi hampura we satacana. Ceuk uing ieu mah, 
 jigana maneh jadi Gigolo nya ?"
"Hi hi.."
"Bener heueuh ?"
"Apal timana ?"
"Teu apal kumaha, indit gawe tara, kakapeungan wungkul. 
 Mun indit ge katempo ginding, tapi Jigana duit aya bae."
"Enak bae siah !"
"Enya lah ! ngaku we ! Bener lin ?"
"Teu !"
"Trus?"
"Uing miluan MLM !"
"Ah, nu bener ?"
"Nya heueuh ! Uing miluan MLM. Hirup uing anteng-anteng wae. 
 Teu kudu hudang isuk-isuk, kesangan ngudag-ngudag beus atawa 
 pasesedek dina kareta. Teu kudu dicarekan ku Bos, Teu kudu  
 ngalembur, Teu kudu stress kulantaran ditolak lamaran gawe atawa 
 teu kudu mikiran modal keur meuli gorabag"
"Ah nyindir uing maneh mah !"
"Eh, saha nu nyindir ?"
"Puguh maneh !"
"Naha bet kasindir ? uing mah ngomong teh kanyataan"
"Geuning bisa ?"
"Nya bisa we, asal ngajalanana ku cara bener. Nu asup akal. 
 Sabab MLM ge rupa-rupa, tapi carana loba nu teu bener, nu ahirna 
 timbul masalah keur dirina. Loba pausahaan MLM nu ngajalankeun ku 
 cara nu bener, loba contona, loba oge nu hirupna sukses."
"Tapi geuning bejana jiga kitu, nepi ka loba nu bebeakan.."
"Lain bebeakan bae, malah nepi ka beak nyaanan"
"Enya, maksud uing ge kitu !"
"Sababaraha pausahaan memang make sistim nu ngarugikeun, tungtungna 
 sakabeh bisnis MLM teh di cap goreng…"
"Owh …"
"Ceuk paribasa mah, karena nila setitik, rusak susu sebelahnya.."
"Sebelanga ! lain sebelahnya !"
"Owh geus diganti ?"
"Da tibaheula ge kitu ih !"
"Ke heula, ari sebelanga teh sakumaha ?"
"Teuing.. nya kira-kira sagede baskom lah. Naha kitu ?"
"Uing mah mikiran … mun aya susu sebelanga.."
"Naha ?"
"Sagede kumaha kutangna nya ?"
"Bedul siah, Jorang !"
"hi..hi.."


-Jay-

Kirim email ke