--- On Tue, 10/6/09, roro rohmah <roro_roh...@yahoo.com> wrote:

> From: roro rohmah <roro_roh...@yahoo.com>
> Subject: Bingung...
> To: y...@yahoo.com
> Cc: roro_roh...@yahoo.com
> Date: Tuesday, October 6, 2009, 1:15 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Assalamu’alaikum Wr. Wb. 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Kang Ya
> damang? 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Rada
> rungah-ringeuh basa Kang Ya
> nyebatkeun yen tara ngulampreng ka milis pedah
> aya Dewi Gedeng Permoni? Ceuk jero hate,”Alaaakh…
> boa-boa uing yeuh?
> cilaka!”  Ke…ke… Saha Dewi
> Gedeng Permoni
> teh? langsung we sosorodotan na Google, nya mendak pisan.
> Bogoh mah leres ka
> Guru Besar, kena-kena pangawakan uing jangkung badag hayoh
> disaruakeun jeung
> Raksesi (da ieu mah tos on board tidituna) ah,  Rasexy meureun heuheu… komo 
> bari
> digambarkeun jahat & nyieun onar
> mah…Teungteuingeun! 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Ngahaja ku
> abdi teu di waro,
> karaos ku Kang Ya pan? emang cuek dienakin? Eh, emang enak
> dicuekin? Ketang,
> tadina mah abdi teh gaduh niat niiskeun pikir ti dunya goib
> salian ti
> kaperyogian kantor. Ngabulak-balik emutan. Neda pituduh ka
> Gusti Nu Maha Suci.
> Ngaji rasa, ngaca diri, naha 
> wawanian miharep hiji Seleb, Panalungtik bin Guru Besar di
> Korea? Piit
> ngeundeuk-ngeundeuk pasir coy….  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Wilujeng, 2
> kali janten catur
> Menristek. Emut kana foto Kang Ya sareng Kakus nu masih
> keneh aya na folder
> yr32 di my kompi heheh… Eta foto mucunghul di Kusnet
> sateuacan abdi kenal ka
> Kang Ya. Sanes pedah Kang Ya difoto sareng Kakus, tapi duka
> kunaon abdi kataji
> ku imut Akang nu katingali humoris, akrab, ramah tamah,
> baik hati dan tidak
> sombong. Hate abdi ngagerentes, “Ya, Allah… abdi hoyong
> kenal sareng ieu
> pameget, tapi kumaha carana?” Asa mustahil kanggo abdi
> mah. Teu lami ti dinya
> ngobrol na YM sareng Puppy nu jangji bade ngenalkeun tapi
> buntu. Alhamdulillah
> ku Allah dipasihan jalan, kenal kunyalira via dodol
> Temulawak, dilajengkeun
> diajar nyarpon hehe… 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Aya
> sababaraha foto Kang Ya nu
> abdi resep. Foto dina banner multiply, Kang Ya nuju neuteup
> jauh (asa jararauh
> panineungan)… Foto diantara Menwa (mun di urang mah),
> bleg we siga urang Korea ,
> da soca Kang Ya ge sipit. Nu nuju ngarayu manuk onta, bodor
> pisan! Heheh.. Pose
> ningali ka luhur (musim semi sigana) kembang nuju meujeuhna
> mekar. Ah, abong
> photographer… Saleresna abdi ge resep kana fotografi,
> hanjakal kawilang hobi
> awiz kanggo abdi mah, margi kedah gaduh kamera nu canggih.
> Ari nganggo kamera
> digital pocket biasa mah asa biasa. Tipada teu kasalurkeun,
> ning
> ngamaksimalkeun fasilitas kamera tina HP, ngoprex software
> Photoshop & maca
> artikel fotografi tina Kompas unggal dinten Salasa, lumayan
> nambihan
> pangaweruh.  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Boboran
> kamari abdi sindang ka
> bumi Akang, satos ngolo ditambihan ku ngabohong sakedik ka
> mamah yen aya email
> ti Kang Yaya miwarang sindang. Nu tadina kekepehan da bakat
> ku isin, antukna
> mamah kersaeun nyarengan. Niat mah manjangkeun silaturahmi
> sakantenan ngalongok
> kulawarga Kang Ya nu tos lami teu tepang. Alhamdulillah,
> geuning sepuh Akang
> mah sakitu saromeahna ka abdi, naaa… ari Kang Ya kunaon
> atuh mani asa ku
> ngewa-ngewa teuing ? Kade ah Kang, tong kateuingan teuing,
> ngewa jeung cinta
> teh beti alias beda tipis heuheu.. 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Ieu mah
> mung saukur ngalamun. Pami
> Kang Ya aya maksad ka abdi, heug abdi kedah ngantosan,
> mangga teu sawios
> diantosan, etang-etang ibadah. Panginten, mana kieu ge
> “diwariskeun ngantosan”
> ku pun biang. Anjeuna ngantosan pun Bapa (nu yuswana benten
> 8 taun) nuju sakola
> di Rusia 1964-1970, tetep satia satuhu ka pun Bapa. Ayeuna,
> tos 13 taun
> dikantun pupus, angger rarangdaan. Majarkeun teh, pami
> nikah deui, ke moal
> pendak di akherat. 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Kapungkur,
> dina enggoning
> ngantosan, pun biang diajar sagala rupi kaparigelan istri
> ti ngawitan nutu dugi
> ka masak, ti gegeroh dugi ka ngaput. Alhamdulillah ayeuna
> “expert” dina widang
> nutu hehehe… Buktosna, Ema kamari dipaparin ulen raos bin
> pelem damelan mamah.
> Ni terharu (naon Sundana nya?) ningali Ema nanangkeup eta
> ulen. Nya, piraku
> teuing atuh ari ngantosan Kang Ya mah sakitu lamina? jaba
> ayeunamah era modern
> full technology. Kieu-kieu abdi teh kuli, nya lumayan aya
> nu dipidamel kanggo
> ngabangbrangkeun hate bari 
> ngabuburit. 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Lamunan nu
> ka dua. Pami abdi kedah
> ngurebkeun harepan & emutan ka Kang Ya, abdi kedah
> ngajauhan sagala rupi
> ngeunaan Kang Ya, mangga. Da bade dikumahakeun deui atuh?
> Hoyong janten
> rerencangan alim, komo deui ngajodo? Tapi panginten teu
> tiasa langsung kitu
> wae, da abdi mah jalmi sesah…. sesah he lovena. Niiskeun
> pikir tina internet
> kamari teh etang-etang latihan kanggo abdi. Saterasna
> folder, email, YM srrd nu
> aya pakuat pakait sareng Kang Ya, bade dirupus. Panginten
> abdi kedah amitan oge
> ti Kusnet, nyerenkeun jabatan salaku kuncenwati. Kusnet nu
> janten cukang
> lantaran abdi pendak sareng Kang Ya. Deuih, bilih ayana
> abdi di milis
> ngahalangan Kang Ya pami bade gunem catur sareng anggota
> milis nu lian.  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Sedih oge
> pami kedah amitan ti eta
> milis. Seueur pisan mangpaat sareng bipaatna nu kaala ku
> abdi ngeunaan elmu
> pangaweruh mangrupi sajarah, basa & budaya Sunda.
> Seueur nambihan baraya ti
> sakuliah dunya, seueur nu nineung ka abdi, malihan mah aya
> oge nu kantos
> nepangan ti Canada & Tennessee, bodor ceunah seratan
> abdi.. panginten
> kantun waasna… hiks… 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Leres, abdi
> jalmina resep heureuy
> utamina dina seratan, sanaos ari nyarios mah sok
> bebelepbepan. Tapi pami
> diheureuykeun ku batur mah alim, da abdi tara 
> ngaheureuykeun batur. Teu tega. Boa-boa abdi nuju
> dijadikeun bahan
> panalungtikan? Disajajarkeun sareng Temu Lawak, Temu Ireng
> & Temu Kunci? Nu pasti mah, abdi
> asa dijadikeun langlayangan jaba direuah-reuah ku cs Kang
> Ya, ditarik….
> diulur…. ditarik… diulur deui…suwer, abdi bingung...
> kapalay Kang Ya teh kumaha
> atuh? 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Sakitu
> heula carponna…  
> 
> 
> haturnuhun. 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> Wassalamu’alaikum Wr. Wb. 
> 
> 
> ro2 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> 
>        
> New Email addresses available on Yahoo!  
> 
> Get the Email name you've always wanted on the new
> @ymail and @rocketmail.
> 
> Hurry before someone else does!


      

Kirim email ke