Wilujeng tepang teh Yanti.....

Saleresna buku teh teu ngicalan abdi mah
anu 5 teh bade dipasihkeun ka pabukon (haratis, teu kedah mayar)
etang-etang ngabagi tugas pikeun nyiarkeun elmu pangaweruh, 
sukur-sukur pami janten pinter, kitu saur MJ mah.

Dupi teh Yanti kagungan pabukon kanggo umum atanapi henteu?
atanapi didamel di perpustakaan Panasonik?
pami henteu, punteeeeennnn pisan abdi teu tiasa ngintun.

Tapiiiiii pami peryogi tiasa ke dipangnaroskeun ka nu ngarang
buku teh tos lebet ka toko buku mana wae?
Lajeng pami teu acan aya di toko buku, utamina di Batam
Insya Allah ku abdi dipangmeserkeun teras dikintunkeun
(tapi gentosan waragadna nya Teh hi....hi....)
Sukur-sukur pami nu maparin ka abdi aya keneh stok di bumina,
(komo haratis mah urang ringkid we, urang bagikeun ka nu peryogi 
heu.....heu....)

Teh Yanti teu kedah isin-isin lebet ka milis
Basa Sunda na sae pisan, sakitu teh anu di rantau!
geura Teh nepangan ka baraya di milis
sakantenan ayeuna nya.......??

Mangga dilajeng Teh Sri nepanganana
tong isin-isin, di lembur nyalira ieuh!
etang-etang nyambungkeun duduluran sareng diajar Basa Sunda
di Batam mah teu aya pan?

Baktos
Herni



----- Pesan Asli ----
Dari: Sriyanti <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 11 Juli, 2007 10:33:01
Topik: Buku SDM tea


Punten, teteh...
 
salam kenal ti abi,
ieu yanti ti Batam.
nembe maos email anu ti teteh tea.
tapi yanti teu wantun nimbrung dina milis,
margi, selain nembean, yanti oge isin,
basa sundana riweuh... (he...he...) maklum tos lami di rantau.
 
dupi buku SDM na tea aya keneh...??
kersa teu upami ngintun ka batam...???
margi jigana mah abi teh peryogi pisan upami buku2 tentang SDM kitu.
kinten2 sabaraha, nya...???
 
itu heula
 
nuhun, yanti.


      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Reply via email to