Baraya,

Hatur mang rebu-rebu nuhun laksa keti kabingahan kana
pangdu'ana sareng pangdeudeulna ku ngantunkeunnana pun
laceuk. Pamugi amala kasaean para wargi sing janten
pangbuka lawang syurga, Amin ya robbal alamin.

Rengse tugas dinten Juma'ah ping 8 april, pasosonten
tabuh 3 kuring nyimpang ka bumi punlanceuk. Ngobrol
ngaler-ngidul, kungsi gegelehean heula di kamar, alo.
Rengse magrib teras neda wengi bareng ki lanceuk.
Rengse neda wengi saurna teh "Ya, jung atuh geura
mangkat ka Situraja-Sumedang, geura tepungan Ema,
panan Ema ngarep-ngarep jeung deui bisi kapeutingan
deuih" kitu cenah masih nongtoreng nepi ka ayeuna.
Kusabab hujan jeung macet suracet, jam 11.30 peuting
kakara nepi ka Situraja. Keur ngariung jeng Ema, Bapa,
lanceuk nu di Situraja, tabuh 12.10 kring HP disada,
ngabejakeun yen lanceuk uing nu cik keneh dianjangan
ngantunkeun alam rame, pupus di perjalanan rek ka
Boromeus. Ema ngoceak, Bapa ngaheruk. Biur kuring
balik deui ka Bandung rek mapagkeun mayit. Jam 11 isuk
manyit nepi ka Situraja, di kurebkeun di pajaratan
kulawarga. 

Nuhun ka kusnet van Batawi: Neng Nia, Cep Ivan, Cep
Ikmal, kang Agus, sareng sajabina, kana tiasana tepang
di Jakarta. 

Dijajap ke gupayna Cep Ikmal, Cep Ivan, jeung Kang
Agus Jaket Garut, hatur nuhun mani balageur.

Hapunten kasadaya kulawargi kusnet, ti luhur sausap
rambut tihandap sausap dampal, bilih aya basa nu teu
merenah, kirang tata peryoga, culangung, jauh ka
bedug, sakali deui neda pangapunten. Balungbang timur
caang bulan opat welas jalan gede sasapuan, pamugi
ikhas ngahapunten.

Cag,
KangYa, Tungtung Seoul




                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke