Ieu jangjawokan Pangasihan pamere ti almarhum aki kuring, peupeujeuh teu 
beunang dipake teu puguh.

Bismillahirrahmanirarahim
ilat asih tarang kuning
sing welas sing asih atine ....(sebut nami anu dimaksud)
ari ningal awak ingsun

Syaratna:
1. Tong kaliwat sholat wajib anu 5 waktu, syukur2 sholat sunahna kalampah
2. Diusahakeun puasa sunah senen kemis
3. Saenggeuna macakeun doa rek sare, baca tah jangjawokan.
4. Tong dipake keur pamajikan/salaki batur
5. Mun geus laki rabi, beunang dipake tapi keur salaki/pamajikan sorangan.
6. Tong make menyan jeung paruhpuyan, bisi matak batuk anu ngambeu
7. Teu kudu nyieun cikopi pait, lamun erek ninyuh cai susu ngarah sehat.

Rupina sakitu syaratna, teu beurat da.

Cag
Kebo Hideung


       
---------------------------------
 
Live Chat NOW! Love in 1 Click!

Kirim email ke