Ieu teh diantawisna bahan kanggo keom sakedap-2,ngahaja diborojolkeun tina pabetekan,bari ngantosan aya nu haat nerbitkeun deui. Prung! Kalangkang Hiji mangsa sinini keur ngahenpon siaki make pasilitas vidio call triji (3G)
"Halow aki, keur aya dimana yeuh?" ceuk sinini bari uman imen katempo dina layar hape siaki. "Lah biasa we atuh nini,keur bisnis tingkat tinggi!" tembal siaki gumasep. "Ari itu saha ditukangeun make wani lunda lende sagala?" sinini satengah buncelik pedah dilayar hapena katempo ditukangeun siaki aya wanoja herang mencrang lunda lende. "Har ari sinini kawas nu lieur, pan eta teh kalangkang nini!" ceuk siaki bari balaham belehem. Ceuceub Togar :"Cik atuh ari nyupiran téh kudu ati ati, kamari tihang listrik itu ditabrak, ayeuna tihang listrik ieu ditabrak!" Ucok :"Ieu gé geus ati ati, ngan teuing kumaha ari keur nyupiran téh sok ras inget waktu keur kasetrum!" Togar :"Har naon hubunganana,nyupiran, nabrak tihang listrik jeung kasetrum?" Ucok :"Teuing atuh, nu puguh mah mun keur nyupiran,heug manggih tihang listrik sok langsung wé ceuceub!" Adil "Apana, ari ceuk apana salila rumah tangga sareng mamah, apana tos ngarasa adil, encan?" "Asana encan, Mah. Naha hayang kitu ningali bapa adil?" "Puguh we atuh!" "Tah atuh mun kitu mah idinan bapa nyandung, pasti bakal adil, lantaran waktu kilir bakal dibagi rata, mamah tilu poe, nu ngora oge tilu poe!" Ah sakitu we nya, ieu mah etang2 landong baeud, lantaran mun baeud wae hayam tatangga sok ngadadak paraeh. (sr)