Assalamu'alaikum Wr Wb
Kang Gunawan Yusuf, anu kusimkuring dipihormat
hapunten abdi bade nyuhunkeun kaluhungan salira dina perkawis cep Wirabuana.
kang Gun nyerat dina judul Re: [Urang Sunda] TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR 
JAYANA SUNDA (4):
"Tarekah teu make syareat, jadina "SESAT", loba aliran kabatinan nu nyimpang 
tina ajaran Islam lantaran teu ngajalankeun hukum syareat, nu penting mah asal 
hate eling bae bari teu ngajalankeun syareat, nepi aya oge aliran nu mengpar 
tina ajaran islam nyieun ajaran sorangan bari nyebutkeun yen Islam teh agama-na 
urang arab".

Kumha Perkawis cep Wirabuana :
Assalamu'alaikum Wr Wb
Kang Kumincir, Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa, Kang Rachmat,Kang joko 
tingkir, Kang Abdul, Kang Trisna Permana, Kang Oman Abdurahman, utamina ka 
kasesepuh KUSNET, apih Sidiq, Ua Sas, Mang Jamal cenah janten G, 
Gamal...heheheh, nuhun ah, ka Kang Tito, Bah Willy kum ka sadaya para wargi di 
urangsunda, kisunda, [EMAIL PROTECTED] anu kusimkuring dipihormat.
hapunten kumawantun unjukan kasadayana bade ngiring tulas-tulis deui...hehehe.
//-----------------------------------------------
perkawis tulisan simkuring dina ngiritik Fatwa ti Kerajaan Arab, FATWA ULAMA 
tentang PLURALISME AGAMA http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108050
teu aya sanes kanggo nimbang-nimbang pamikiran, ati-ati dina Tekad, ati-ati 
dina Laku Lampah, buktina Ulama2 di Nagara Iran benten sareng Ulama2 di Nagara 
Arab perbentenan dina paham Islam ieu teu leupas akibat tina sejarah Islam 
keneh, aya bacaan di situs www.al-shia.com judulna "KEMELUT KEPIMPINAN SELEPAS 
RASUL" http://www.al-shia.com/html/id/books/Kemelut%20Kepemimpinan/index.htm

Salianti akibat kariweuhan dina Sajarah Islam, perbentenan Idiologi Islam oge 
diakibatkeun ku rujukan Hadistna, da Al-Qur'an kitab sucina mah sarua. contona 
hadist anu kedah Nyekel Pageuh Kitabulloh+Sunnah VS Nyekel Pageuh 
Kitabulloh+'Itroh Ahlul Bait, aya bacaan kanggo nambah wawasan situsna di 
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kebenaran-Hilang/index.htm ,terus deui 
dina Rujukan ka para Ulamana, anu dimana eta para Ulama teh beda-beda dina 
ngarujuk Hadist jeng Nafisrkeun Al-Qur'anna, cenah saur ulamana Manhaj Salaf 
teh kieu-kieu, Madzhab Syi'ah mah kitu-kitu rame dikalangan Ulamana oge. 
//----------------------------------------------
simkuring oge sok rajeun noongan, diaji, dilenyepan dina eusi situs 
hidayatulloh,swaramuslim, jeng sajabana anu muatan eusi webna saurnah Manhaj 
Salafi, Ahlussunah Waljamaah, ngangkeun Islam Kaaffah, Islam Murni saurnah 
kitu. mangga etamah kumaha pangangkenna masing-masing jeung kaluhungan dina 
neuleuman Islamna.

hehehem.. Kang Abdul nyerat : 
"posisi Yahudi, Nasrani, sareung Sabiin anu dijelaskeun ku Al Baqoroh 62, 
ngenaan SALAMET DI POE KIAMAH".
hehehehe.., aya ayat, mangga pilari "dhi'fal hayati, wadhi'fal mamati", Alloh 
males amal manusa teh nalika hayat (hirup/didunya), sareng nalika mamati 
(maot/Kiamah Leutik).

ka Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa, Kang Abdul :
Teu Panujuna+Ngiritikna simkuring kana Fatwa ti KAS (Kerajaan Arab Saudi) sanes 
hartos kuring boga anggapan yen Zabur, Taurat, Injil anu ayeuna dibenerkeun 
kupedah ayana pamahaman Pluralisme dina Al-Qur'an, sanes..., ieu tos benten 
persualannana, antawis Manusa sareng Kitab Sucina.,  kumaha Al-Qur'an+Akhlaq 
Nabi dina perkawis "Kitab Suci"?, kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina perkawis 
"Manusa-na"?,.

Kunaon eta kedah dibentenkeun? margi ibarat Cangkang sareng Eusina, Kitab Suci 
cangkanna, Manusa tegesna eusina anu ngalampahkeunnana, kahartos panginten.
Pondok mikirnamah kieu we "Kitab tulisan Zabur, Taurat, Injil AYEUNA" moal 
meunang Hidayah Alloh da tos disampurnakeun ku Al-Qur'an anu nganggo bahasa 
Arab, salawasna KAFIR kitab tulisan Zabur, Taurat, Injil AYEUNA teh. jadi 
Cangkangna/Labelna cap Kafir ceuk Manusa anu geus nyekel cangkang tulisan tina 
Al-Qur'an yen Cangkang (Kitab Suci Zabur, Tauret,Injil teh) Kafir, Kitab 
Menyesatkan....dst punten teu disundakeun...

Tah kumaha ayeuna Eusina, Manusana AYEUNA anu gubrag lahir kaalam dunya, 
ngarana cep "Wirabuana" tuluy dewasa di lingkungan kulawarga 
Yahudi/Katolik/Protestan? naha bisa meunang Rohmat Kasalametan di Dunyya jeng 
di Akherat moal cep "Wirabuana"  teh ti Alloh SWT?.
cep "Wirabuana" : kuringmah lain menang kahayang hirup di dunyana oge, tur komo 
deui turunan Yahudi/Katolik/Protestan, estuning jleg geus dewasa wee.
cep "Wirabuana" teh boro-boro apal kana tulisan Al-Qur'an anu ku Bahasa Arab, 
cep "Wirabuana" mah ngedul dina maca Kitab Suci Zabur/Tauret/Injil-na, ibadah 
ka Gerejana oge belang betong...ti mimiti baleg cep "Wirabuana" mah resep 
nalungtik kana Ilmu Alam.
Ku jerona kana Ilmu Alam manehna yakin kana ayana anu nyieun kalawan Anu nyieun 
ieu Alam teh Mung Hiji (Ahad/Tunggal) , cep "Wirabuana" yakin Alam anu keur 
ditalungtikna moal langgeng, nilik kana salirana nyalira cep "Wirabuana" teh 
ngagebeg, geuining ieu Alam anu Leutik oge sakieu tunggalna, atuh sarua moal 
langgengna tur bari aya aya papastenna, buktos loba nu maot, anu boga budak 
dituluykeun ku budakna, tuluy maot, memeh maot boga budak heula, tuluy maot jst.

cep "Wirabuana" ngadenge geus di cap Kafir wee ku babaturannana teh..., ah 
hare-hare we nalungtik Alam. Da pamadegannana paduli disebut, Kafir bakal kana 
Naraka oge, lain urusan Manusa ieuh, anu nangtukeun Kuring Salamet jeng Heunteu 
mah, mimiti Pangeran Anu nyieun ieu Alam (da nalungtik wae kana Alam), Pangeran 
anu mere widi kuring Hirup di Alam Dunya (lain manusa), nalika kuring can bisa 
nanaon, kuring disalametkeun,disusuan ku Indung (Indung kuring didinya jadi 
juru salamet keur kuring, kumaha lamun kuindung pas brol gancang dipaehan,kawas 
loba jaman ayeuna, moal aya kuring ayeuna meureun), Bapak anu ngayuga jeng 
satuluyna, kitu pamadegan cep "Wirabuana".

Salian ti hasil panalungtikan eta, cep "Wirabuana" jelema anu mimiti manggihan 
Teknologi Komputer tug jadi Internet, ni'atna mah supaya Manusa anu aya di Alam 
dunya babari hubungan boh ku surat/sora/gambar atawa Live. 
nya...hasilna anu ku Urang keur diparake diskusi. tuluy deuih simkuring apalna 
ka Ahlul baet teh tina Internet..heheheheh

Tah kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina ngaHukuman cep "Wirabuana" boh ayeuna anu 
keur hirup keneh, atawa engke geus maotna?.

A. cep "Wirabuana" Paehan we kabeh da Kafir ieuh salilana tur bakal ngaruksak 
ka Urang, Nini-Akina, Buyut,Jangawareng jtly oge merangan ka Kanjeng 
Nabi+Muslimiin, Kitab na oge geus di sampurnakeun ku Al-Qur'an dina Bahasa Arab,
B. Salila cep "Wirabuana" teu ngaleupaskeun  "Cangkang" (Kitab Suci Zabur, 
Tauret,Injil-na) Kafir.

C. Jadi euweuh untungna cep "Wirabuana" lamun teu nyekel "Cangkang" Al-Qur'an 
mah, ku Alloh di dunya Disiksa komo di Akherat (tetep Kafirna), sanajan pinter 
Ilmu Alam oge.

D. cep "Wirabuana" Moal menang pituduh Alloh pikeun Iman ka Alloh, da lain 
"Cangkang" Al-Qur'an Kitab Sucina, Amal Kaalusanna moal ditarima ku Alloh, da 
Teu Iman ka Alloh, teu Iman kana "Cangkang" Al-Qur'an, teu Iman ka Muhammad 
salaku Nabi panutup.

F. "Cangkang" Da turunan ti kulawarga Yahudi/Nasrani/Sabiin anu Kafir tidituna, 
kafir we tuluy, paling oge turunannana jang Minuhan Seuneu Naraka. keun we 
hasil Teknologi Internetnamah pake wae, manfaatkeun ku Urang.

mangga tah kumaha saur "cangkang" Al-Qur'an+Akhlaq Nabi ningal ngaHukuman ka 
eta cep "Wirabuana" teh boh ayeuna keur hirup keneh didunya atawa Hukuman engke 
di akherat?.

Sakitu heula, ah mangga diantos walerannana tisadaya palawargi, katut ka Kang  
H. Adian Husaini, MA, anu parantos ngadamel logika "Minyak babi cap Onta"..., 
duka kitu geuning antukna teh teu akademis, kang Jalal mah teu kitu kanu nolak 
paham Pluralisme, beakeun dalil meureun...teubisa ngahujjah deui meureun...jadi 
ngaluarkeun tulisan Pluralisme teh samodel ngajual "Minyak babi cap Onta". 
heheheheheh...

hapuntenna ah sadaya resep heureuy....

Wassalamu'alaikum Wr Wb
baktos
Agus Wirabudiman 

Reply via email to