Leres kang Dadi, kuring mung sakadar ngungkapkeun
kakesel hate. Tapi tina sadaya komentar-komentar kana
topik anu "dialungkeun" ku kuring, seueur
"pulunganeun" geuning, anu tos mengkristal tina
pangalaman hirup sadidinten, sok sanaos bari jeung
ngangge gaya  heureuy. Heureuyna si kabayan, saleresna
aya falsafah urang Sunda anu jero pisan. Ceuk sakaol
mah, kamampuan heureuy tapi "berisi" teh, teu sadaya
dipiboga ku sagala sukubangsa.Karakter hiji bangsa,
tiasa ditingali tina heureuy-heureuyna. Karakter
sareng heureuyna urang Inggris tiasa ditingali tina
film-film 007 (anu halus), atanapi Mr. Bean (rada
sarkastis).
Karakter urang afro-amerika, tiasa ditingali tina
film-filmna Eddy Murphy, atanapi karakter heureuy
heroisme urang Amerika, aya dina film Rambo, ssjb.

Alah punten, jol los ka urusan heureuy yeuh.


baktos,

mrachmatrawyani

--- Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun kang dud,
>   Nerangkeun na meni dugi ka serah-serahna kang.
>   Ari anu kalenyepan ku simkuring mah, Tulisan
> Mrahmat Rawyani teh sanes anu kaluar tina ati
> sanubari siga namah, Margi moal enya aya urang sunda
> model kitu?
>   Anu kahartos ku simkuring mah anjeuna teh
> ngungkapkeun kakesel hate, ngadangukeun para pejabat
> ayeuna. Jeung da kitu kanyataan hate para pejabat
> ayeuna teh geuning. Geus teu sieun deui ku Allah,
> padahal mun urang sadar, Allah tetep mureleng
> nalingakeun urang timimiti gerak hate nepi ka
> kalakuan nu dipilampah, teu beurang teu peuting, teu
> nembrak teu nyumput. Moal leungit tina pandangan
> Allah. Termasuk kalakuan anu ku urang dipilampah
> jeung kahadean nudipilampah tetep di kalkulasi ku
> Allah diitung taya nu kaliwat anu bakal
> dipertanggung jawabkeun di akherat.
>   


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke