Kacaritakeun Mama Ajengan jeung Mang Miid, supir beus wafat dina waktu anu 
bareng. Di panto Sawarga Mama Ajengan jeung Mang Miid teh diabsen ku 
malaekat nu ngajaga panto gerbang Sawarga.
"Aran!?"
"Pun Miid  kaulanun"
"Pacabakan?"
"Supir beus, ti aalit dugi ka gede abdi mah teu tebih tina mobil, ngawitan 
jadi kenek teras jadi supir"
"Tempat maneh di Kamar 12, tah ieu koncina!", ceuk malaikat teh bari 
ngasongkeun konci,  terus nanya ka Mama Ajengan.
"Pacabakan?"
"Dakwah, tukang mamatahan supaya jalma salaladar emut kanu Maha Kawasa"
"Oh ..... ieu anjeun mah di kamar 222",  Ceuk malaikat bari mere konci kamar 
nomer 222.

Mama Ajengan ngagiridig nuju ka kamar manehna, rada jauh jeung ngaliwat ka 
kamar 12, tempat Mang Miid ditempatkeun. Manehna nyimpang heula, tempa-tempo 
ka kamar Mang Miid. Uluh mani mewah: Tempat sarena alus pisan euweuh nu 
nandingan didunya mah,  ubinna mani ngagenclang. Ah ... pokona mah kamarna 
mewah alahbatan kamar hotel bentang lima.

"Wah komo aing mah", gerentes hate Mama Ajengan. Manehna gagancangan 
ngajugjug kamar manehna. Tapi kacida hanjeluna, barang ningali kamar manehna 
mah ukur siga kamar losmen. Ranjangna tina kai, kasurna ipis, ubinna ge rada 
kuleuheu.  Mama Ajengan protes ka Malaikat nu nempatkeun, naha supir beus 
ditempatkeun di kamar anu mewah, ari manehna ukur kamar sederhana.  Ari ceuk 
Malaikat teh:

"Anjeun tukang Dakwah, tukang mamatahan ka balarea, tepi ka balarea 
arunggut-unggutan, tuntungna ngalenggut narundutan, paroho kana ngadaro'a. 
Ari Mang Miid sabalikna, manehna supir beus,  tukang ngebut tarik pisan, 
tepi ka panumpangna kabeh ngadaroa  araringet kanu Maha Kawasa!"

Baktos,
WALUYA










Kirim email ke