Poe minggu na acara teh dimimitian ku sibukna panitia, sabab geus loba tamu 
nu deuk ilibiung di acar ieu teh, dina poe ieu ge aya sms ti kang badru nu 
dijakarta manehna sakulawarga deuk ka KBS teh, nya teu lila papanggih jeung 
kang badru teh, didinya oge aya ki hadi, jeung ki dudi bari cacahan.
    Geus bada isya, acara teh dimimitian ku do’a nu dipingpin ku ustad yadi, 
didinya aya manakiban heula nya aya kanu sajam-an. Geus manakiban jeung nadu’a 
mah murak kadaharan weh, sok komo aya sate embe mah geunah pisan.
    Ari isukan na acara teh aya kasenian mangrupa tepak seeng, kabeneran pisan 
di menteng teh aya deuk kawinan. Nya sakalian mintonkeun panganten di hinur ku 
tepak seeng tea, ieu kasenian teh geus hese jasa, sok komo nu hiji mawa seeng 
nu hiji deui kudu bisa nepak seeng na bari taki-taki make pencak silat tea.
     
Ari kapeutingna semah tamu ondangan mimiti daratang sok komo disbudpar ti pusat 
mah, salian ti eta oge aya rombongan ti Putra Jamparing Subang, ti rengrengan 
Kabupaten Sumedang, Kabupaten Garut, Kabupaten Bandung, Kabupaten Bogor salaku 
tuan rumah, jeung kabupaten Sukabumi.
    Ari ieu rengrengan teh di tempatkeun na di imah pangiwa jeung panengan nu 
dihandap tea. Bari mawa rengrengan teh bari aya balandongan nu fungdi na keur 
pameran hasil pernak-pernik ti daerahna masing-masing. Kawas ti Garut mawa 
kadaharan has garut samodel dodol garut, ti Bandung mawa kadaharan samodel 
kolek nu di asupkeun kanu bekong, ti sukabumi mah kuring karek nyaho nu 
ngaranna honje tea, ari ti Bogor mawa karajinan has Bogor na, ti Sumedang mawa 
kadaharn has na jeung ti subang mawa kadaharan sarupaning papais cisaat, ganas 
simadu.
    Ari peutinganna aya acara samodel calung, jaipong, mgagondang jeung Reog nu 
di pingpi  ku mang karna jeung mang fendi. Ieu acara teh rame pisan sok komo 
rengrengan ti Fotografer dot net mah jejepretan da geus ilaharna karesep 
manehna. Di peuting ieu ge kuring bisa Social Engineering ceuk basa kiwari mah 
cacahan jeung Abah Lili ti Kabupaten Bandung. Jeung manehna oge diajar cara 
nyieun bako banget nu racikanna make bako, pahpir jeung daun kawung barang di 
udud teh ajip pisan beda jeung roko-roko biasa.
    Geus beres acara mah kabehan nare di imah nu geus disadiakeun ku panitia 
nya lumayan kabagean di imah pasanggrahan jeung rengrengan ti UI, UIN, UNJ 
jeung ti ANTV tea. Nya sabab rada hese sare mereun katirisan mah ada ngobrol 
heula ngaler kidul jeung nu aya didinya sabari nanggoan nundutan.
    Pas poe salasa na acara puncak, nang kang gubernur teh teu jadi datang 
malihan mah diwakulan ku wagub na jeung bupati bogor oge kitu teu dongkap di 
wakilan ku wakil bupatina, ari pak budiana mah salaku kapala disbudpar Jabar 
mah dongkap geus tilu kali mineung ka sindangbarang teh ti mimit seren taun nu 
kahiji.
    Ieu acara teh dimimitian ti lapangan inpres, didinya barudak sakola SD geus 
ngajajara di sisi jalan bari nyepengan bandera bereum bodas sakalian nyambut 
kang gubernur tea sok sanajan teu jadi datang oge. Nya teu lila jam 9-an 
helaran teh dimimitian lelempangan ti lapang inpres nepi ka dukuh menteng.
    Ieu iring-iringan teh rada ngamacetkeun jalan nu kajalan dukuh menteng 
sabab loba nu lalajo, sok komo masarakat didinya mah tumplek kabeh. Bari miluan 
ngabring teh rengrengan ti fotografer dot net aya nu motoan barudak sakola nu 
ngajajar, aya oge nu motoan rengkong jrrd.
    Sanggeus aya mereun sajaman, nepi ka dayeuh dukuh menteng KBS tea didinya 
nu jadi MC na teh bah asep jeung teh rani. Ari di imah gede geus kasampak 
pupuhu kang maki, pa ajat, pak budiana, kang arthur, ma ageung ,pa pohman jeung 
budayawan nu lian-na.
    Mimiti nu mitonkeun teh ti kabupaten bogor bari ngusung rengkong jeung mawa 
tanggungan nu eusina hasil rayak sindang barang ieu temana nyaeta seren taun 
tea. Sanggeus kitu rengrengan ti Bandung nu boga tema na Wuka Buku nyaeta 
sukuran hasil tatanen ti kabupaten bandung nu diwakilan ku urang pangalengan. 
Laju weh ti rengrengan Kabupaten Garut nu mawa tema terbang tea, teu jauh oge 
mawa rengkong oge nu eusina pare, laju simbung ku Kabupaten Sukabumi nu 
diwakilan ku Kasepuhan Sirna Resmi nu mawa tema oge Seren Taun, ti Sumedang oge 
kitu mintonkeun seni topengna, tah ditutup ku Kabupaten Subang nu mintonkeun 
antraksi Sisingaan ti Putra Jamparing jeung kasenian Lais.
    Didinya oge karek kanyahoan nu kumaha lais teh, sabab apal na oge ngadenge 
hungkul. Naha geuningan lais teh hiji kasenian kawas teterekalan ka tangkal 
tapi ieu tangkal teh make awi nu dua lenjeur ditangtungkeun tungtung na awi di 
talian make tali nu kuat jadi katingalina mah jiga kawas gawang American 
footbal tea. Tidinya aya nu nerekel kaluhur, beu meni bisaan sanggeus di luhur 
awi teh maneh na puputeran make beutengna, mun ceuk sakaol mah matak sieun 
ragrag kahandap da jangkungna aya kanu 5 meteran leuwih. Sanggeus kitu si akang 
opik nu mintonkeun eta lais teh pupurintilan dina talina sok komo si awi teh 
geus ngeyod bakating ku beratna, si akang eta oge puputeran di luhur teh. Teu 
kungsi lila manehna turun ti luhur teh bari nyorodo laju weh panontong teh 
keprok sabab kakarekeun ningali kasenian model kieu.
    Acara nu pamungkas mah nyaeta tepang pare tea saluyu jeung tema Festival 
ieu, nu mana pare-pare teh disimpen lka leuit jeung ngahijikeun ciniis dina 
gentong. Nu matak kataji ieu acara teh salah sahiji kamonesan budaya urang, sok 
weh piraku kasenian urang nu beunghar teh deuk dibawa ka luar nagri jeung di 
aku-aku deui , caliwura pisan mereun , deuh sugan weh bisa kuer nyaangan nu 
pareumeun obor.
   
  Cag Ach
   
   
   
   
  
       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

Reply via email to