Ditilang
ku: Kebo Hideung -Kawalu Tasikmalaya

"Kunaon Mang..mani ngaheruk kitu bangun nu susah" tanya si Riweuh bari tuluy 
gek diuk na golodog panto
"Lah..puguh amang teh keur bingung euy."
"Bingung kunaon atuh Mang?"
"Eta puguhan basa poe Ahad kamari, amang ngajak jalan-jalan si Kukut ka Ciamis"
"Maksud Amang teh ngajak jalan-jalan motor bektu anu..."
"Heueuh..motor amang anu butut eta.." potong Mang Utas bari nunjuk motor 
kameumeutna.
"Ke..ke.ke...hubungana naon Mang jeung si Kukut?"

"Kieu dongengna mah nya.."
"Kumaha tah..mang dngengna?"
"Poe Ahad kamari amang teh hayang ngajajal tanaga si Kukut, pedah we si Kukut 
tas ditune up di bengkel si Ohid."
"Tuluy kumaha Mang..alus tanagana?"
"Heueuh ari tanaga mah rada bedas saeutik, bubuhan geus diganti olina, jadi 
rada nyoloyong si Kukut teh."
"Meureun teu tibeberegeg teuing nya Mang..? sambung si Riweuh bari ngelepus udud
"Nya kitu lah..lumayan euy....  ku amang digeber si Kukut teh, da eta mah 
euy..sababarah delman mah anu ku si Kukut di salip..komo nyalip beca mah 
sasieut..."
"Uluh..alus atuh bengkel teh..kapanan biasana oge mun seug dibalapkeun jeung 
beca teh sok meunang beca."
"Enya puguh euy..uing oge heran...tah bakating ku kangeunahan ngageber si 
Kukut, teu karasa uing geugeuleuyeungan dugi ka Sindang Kasih Ciamis."
"Kuateun kitu mang dina tanjakan Karang Resikna?"
"Eyyy....tanjakan sakitu mah atuh cetek..."
"Duh..enya alus atuh si Kukut teh nya?"

"Nya alus-alus na mah, ngan ayeuna teu bisa dibawa ulin euy."
"Ari kitu kunaon mang? ruksak deui?" tanya si Riweuh bari kerung
"Huss..lain atuh...kapanan basa amang keur ngeunah-ngeunah ngabeset si Kukut di 
Jalan Sindang Kasih teh, tukangeun amang teh aya anu ngelaksonan..teu lila 
sebrutt...we aya motor bodas jaba badag.."

"Motor saha Mang..?"
"Motor saha deui atuh anu bodas badag mah, ari lain motor pulisi mah."
"Oooh...tuluy kumaha Mang?"
"Nya amang teh eureun we ka gigir..bari jeung rumpual-rampeol da suku si Kukut 
ku amang di eurad sakaligus."
"heunteu labuh mah nya Mang?"
"Ah heunteu..da kapanan amang mah pangalaman." cek Mang Utas bangun anu sombong
"Pangalaman sering tiguling nya mang?" tembal si Riweuh bangun anu daria
"Naha geuning bet apal amang sering tiguling?" tanya Mang Utas
"Har kapanan saur si Bibi, ceunah Mang Utas mah tos pangalaman dina widang 
mamawa si Kukut mah, da tos sering tijuralit."
"Lah..boga pamajikan teh bet kucomel."

"Tuluy kumaha Mang, urusan jeung pulisi eta, kapanan amang mah kumplit, SIM 
anyar keneh nyieun, surat-surat si Kukut kumplit."
"Nya kieu carita na mah.."
Pulisi : "Minggir...minggir.....eureun atuh..." bari mepedkeun si Kukut ku 
motor badagna
Atuh uing teh kasisi euy..da sieun tabrakan.
Cek pulisi deui: "Selamat siang Pak...!"
Uing mah ukur unggek..bari tuluy nyetandarkeun si Kukut.
Masih ceuk uing : "Aya naon pak, mani asa rareuwas."
"Bisa lihat surat-suratnya Pak" penta eta pulisi, bari angger manehna mah 
anjeucleu dina motorna, jigana sieuneun ditinggalkeun ku uing euy.
"Ohh..SIM maksad Bapa?"
"Iya..sekalian sama STNK."
"Ohh..aya atuh pak surat-surat eta mah..." bari tuluy ku uing di bikeun ka eta 
pulisi.
sajongjonan eta pulisi anteng nempoan SIM jeung STNK uing
"Pa surat-surat Bapa kumplit..tapi Bapa sudah melanggar peraturan berlalulintas 
yang baik dan benar."

"Har..naon deui kitu anu diperlukeun, SIM aya STNK aya, helem mamake?"
"Tah ari ieu naha sepion ngan aya hiji..!" ceuk eta pulisi bari ngagigiwing 
ceuli si Kukut anu ngan hiji-hijina.
"Aeh ari Bapa...pan ari di Tasik mah sepion hiji oge tara ditewak, naha ari 
didieu ditewak?"

'Yeuh..Bapa ini teh Ciamis bukan Tasik...!!!  lamun Bapa embung ditilang..Bapa 
entong ka Ciamis..kukurilingan we di Tasik, mun keukueh hayang ka Ciamis, naek 
angkot we..dijamin ku sayah moal ditilang." tembal eta pulisi bari muncereng

ditembalan kitu teh, uing bati ngaheruk, da heueuh ngarasa salah.

"Jadi gimana Pa? sayah tilang aja yah?" tanya eta pulisi 
"Nya mun teu aya kabijaksanaan mah heug wae rek ditilang oge." cekeng teh

Gutrut we eta pulisi nulis surat tilang..tuluy manehna mikeun STNK, da ari SIM 
mah diampihan kana sakuna, ceunah keur jaminan.
Song we surat tilang diasongkeun ka uing, bari pok ngomong kieu:
"Pa ini surat tilangnya silakan Bapa bayar di bank, kalau sudah bayar nanti 
SIMnya silakan ambil di Polres."

Tah kitu dongengna mah euy..uing bingung keur mayar tebusana euy...
"Ohh..kitu nya Mang, keun atuh Mang tong pake bingung anu kitu-kitu bae mah, 
tah pake heula we duit kuring keun iraha-iraha bayarna mah." ceuk si Riweuh 
bari ngasongkeun duit ka Mang Utas.

"Ieu teh beneran euy...?"
"Enya Mang..kuring mah karunya we ka Amang bisi gering."
"Alus atuh ari boga rasa karunya mah...nuhun atuh nya, keun ku uing jaga 
dibayar.
"Muhun atuh Mang..kuring pamit heula."
"Nya atuh...kahade dijalana.."

Pondok carita Mang Utas nguniang hudang bari marahmay bangun anu bungah, si 
Riweuh mulang ka imahna.

Tamat
----------------------------------------------------------------------------------------------


Kirim email ke