Paguneman Mang Utas Kusen Anyar Ku Kebo Hideung Griya Mitra Batik Tasikmalaya Ari basa kamari saurna Mang Utas tos ti babakan Kusnet? usum naon mang diditu? Sarua we Lo..keur usum ngijih, ngan teu ari kabanjiran mah, geus alus jigana solokana. Piraku we atuh Mang, kapanan geus digolontorkeun dana keur ngahadean drainaseu, jadi cai leuncang oge jadi ngagolontor moal matak banjir dijalan. Pendak teu Mang sareng kang Ndoel, eta geuning tukang ngorong tea? Enya panggih..malahan pas datang teh kasampak keur ngorong…da eta mah Lo..ngorong teh sampe muruluk atuh kang Ndoel mah. Uluh…moal enya Mang? Geuleuh atuh nya ngorong sampe muruluk kitu? Husss…korong Kang Ndoel mah puguhan tegep, malahan disuguhkeun ka Amang. Terus dituangnya ku Amang? Nya enya atuh Lo teu diengkekeun deui, da langsung dirawu ku Amang, tah malahan mawa sesana oleh-oleh keur Alo. Ih…eta mah atuh rinyuh Mang sanes korong..! Kapanan korong Kang Ndoel teh geus robah jadi rinyuh. Halah Amang mah, sajauh-jauh mawa hama, kade ah Mang bisi ngagorogotan kusen, cikan kadieu urang paehan bisi anakan nyebar diurang, bisa-bisa raruntuh imah sa RW gara-gara didahar sakadang rinyuh. Aeh ari Alo kapanan rinyuh oge boga hak hirup, malahan rinyuh teh salahsahiji makhluk anu diciptakeun ku Gusti Allah keur ngagorogotan kai jeungsajabana kaasup kusen imah Alo. Malahan syareatna teu saeutik jalma anu direjekian ku Allah alatan rinyuh. Ah..Amang mah sok kamana karep, cikan naon contona? Contona loba Lo…salahsahijina imah Alo kusena digorogotan ku rinyuh pan jadi ruksak, tuluy kudu diganti da bisi runtuh, meureunan Alo teh bakal meuli kusen anyar nya? Nya muhun mang… Tah…kapanan alatan sakadang rinyuh tukang kusen kabagean rejeki tina hasil ngajual kusen. Kaduana biasana ari tukang kusen mah, kai keur bahan kusen teh meunang meuli deui ti tukang kai, jadi tukang kai oge kabagean rejeki alatan rinyuh..heueuh..?! Muhun nya Mang…jaba kuring mah teu bisa ari kudu masangkeun kusen mah, jadi kuring kudu muruhan deui batur keur masangkeun kusen. Tah didieu Kakuasaan Allah teh Lo… teu sambarang nyiptakeun makhluk lamun teu aya mangfaatna keur manusa khususna. Ke.ke.ke..Mang kuring jadi lieur….ari kuring anu boga imah, kabagean naon ti sakadang rinyuh? Har…..ari Alo…kapanan Alo mah kabagean kusen anyar..! Kebo Hideung #Tasikmalaya 19 Februari 2009 http://genibara.multiply.com Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/