Re: [Urang Sunda] Pageran geus Perlaya.........

2005-10-31 Terurut Topik kang_gibson
hayu atuh baraya, urang sasarengan... da, HHM teh urang Cikajang
oge. pan rai oge urang ditu, tangtosna oge gaduh tanggel waler
kangge ngamumule warisan kauruhun urang der ah gera padungdung..

AG./Bdg.



--- In urangsunda@yahoogroups.com, tantan hermansah
[EMAIL PROTECTED] wrote:

 Mangga Kang Gibson.
 DIhaturanan uarana ngenaan H. Hasan Mustaffa. Diantos.
  Sateacana, nepangkeun. Si Kuring: Tantan Hermansah. Tatanggi Akang
Gibson
 di CIdatar (emut teu?) Rada oge minat filsafat, sok sanajan bodo pisan.

-- diteukteuk kuncen --




 Yahoo! Groups Sponsor ~-- 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
~- 

Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Re: [Urang Sunda] Pageran geus Perlaya.........

2005-10-30 Terurut Topik tantan hermansah



Mangga Kang Gibson. 
DIhaturanan uarana ngenaan H. Hasan Mustaffa. Diantos. 
Sateacana, nepangkeun. Si Kuring: Tantan Hermansah. Tatanggi Akang Gibson di CIdatar (emut teu?) Rada oge minat filsafat, sok sanajan bodo pisan. 
Baktos,

hatur nuhun
On 10/30/05, kang_gibson [EMAIL PROTECTED]
 wrote: 
Sampurasun Baraya di Tatar Sunda sadayana,Dina raraga ngaramekeun 'Idul Fitri, ngajurung laku Ramadhan anu 
seja miang, sim kuring seja ngabuka tutungkusan, mugia ayamanfaatna. Seja ngaguar masalah anu teu kinten jadi pikiraneun jeungbahan salah sangka urang ka hiji filosof Agung, nyatana Nietsczhe.Iwal ti eta, sim kuring oge seja ngorek-ngorek tutungkusan Panghulu 
K.H. Hasan Mustapa, salah sahiji Filoosof Sunda  Sufi Sunda, anulamun diguar kalayan daria teu leuwih handap ajenna ti para filosofdunya lianna. Ngan pedah ditulis dina bahasa Sunda  ditulis(rerana) dina gendre Dangding, jadi teu pati dipirosea, boro-boro ku 
bangsa sejen, dalah ku urang Sunda pisan sarua diapilainkeunana. Aridipujina mah enyaan, ngan taya anu mirosea (ngaguar). Duka kunaon?da piraku ari sieun kawalat pedah ngaguar tutungkusan warisankaruhun?
Tah, baraya sadayana, urang babarengan ngaguar tutungkusan karuhun;kenbae pajenggut-jenggut jeung nu dugul ogemonyet ngagugulungkalapa; sahenteuna kasebut aya kahayang...Bismillah.urang kawitan! 
Bagian Iceuk kasauran Nietsczhe dina seratanana Sabda Zarathustra (Thusspoke Zarathustra) yen Pangeran teh geus perlaya, jeung urang pisan(manusa anu ngagem agama) anu nelasanana. Naon cenah maksudna? jeung 
anu leuwih penting ti eta, naon kira-kira hikmah tina eta pedarananu bisa kuurang dicandak, dipulungan?sateuacanna diteraskeun, sim kuring peryogi ngdadarkeun pangalamanjeung papanggihan kuring pribadi, yen sim kuring pribadi tiasa 
langkung ngartos makna kalimah shahadataen teh stutasna neuleumanieu pedaran. Kumargi kitu, ieu mah sakadar bagi-bagipangalaman..atuh etamah manfaat/henteu na mah mangganyanggakeun. da iru mah tafsir sim kuring, sanes wahyu ti 
Pangeran anu kudu dipercaya jeung turut ku anu lian.Ceuk Nietsczhe Pangeran teh geus perlaya? ceuk pipikiran kuring, ayabedana (anu kalintang prinsipil) antara Pangeran geus perlayadibandingkeun jeung cariosan Pangeran teu aya. Perkawis pangeran 
teu aya ku simkuring moal dibejer beaskeun da etamah tos jelas (teuaneh), atheis tea disebatna.sedengkeung istilah pangeran tos perlaya mah ngandung harti yenpangeran teh aya, ngan geus perlaya!! jeung disebat-sebat yen anu 
nelasan pangeran teh urang pisan, lain nu lian!pondok carita satutasna dipikiran dibeuweung diutahkeun, sim kuringakhirna mah kudu ngaku yen Pangeran teh memang kiwari geus perlaya.Sabab pangeran anu sabenerna mah geus euweuh dina kahirupan urang; 
anu aya teh ngan pangeran-pangeran jieunan imajinasi urang, leuwihti kitu atribut-atribut jeung hak kapangeranan teh geus lawaskuurang (manusia) diambil alih.diantawis jalma-jalma anu ngarampog atribut kapangeranan teh 
nyaeta elite agama pisan: nyaeta jalma-jalma anu ngaku2 sabageustadz, ulama, kyai jeung rea-rea deui, kaasup para penguasa, anubaleunghar jeung anu mariskin oge teu tinggaleun. Bule hideung namah urang sarerea. Buktina urang sok ngarasa pang benerna ti anu 
lian, pang nyahona ti anu lian... jst., bari urangna sorangansabenerna mah can puguh aya dina bebeneran, da anu ngaranna Pangeranmah teu bisa dicekel deleg; disebut kitu gening kieu, disebut kieu
ari pek teh lain oge. Ceuk kasauran Penghulu K.H. Hasan Mustapa(=HHM) (Kinanti Ngahurun Balung) mah:Tungtungna ngahurun balung,guru bukur malar bukti,rek nyaba jeung Allah saha,kacapangan ya Illahi, 
hai Allah Gusti Kaula,di nu nebrak di nu suni;Kasarung turut lulurung,Balik deui balik deui,Sasab dina sisimpangan,Cerik deui Cerik Deui,Midangdam neangan Allah,Lain deui lain deui; 
Kiaina deui kitu,Tĕpi ka mĕlĕtik budi,Hidayat ka pangeranan,Heran ku basa kiai,Naha bĕt nyĕmbah nyabeulah,Kumaha jadina hiji.Tuh pan, sihoreng Pangeranana mah geus perlaya, kusabab urang 
geus nyieun pangeran-pangeran lian anu kiwari hirup dina pikiranjeung kahirupan urang. Pangeran (Allah) perlaya dina kahirupan urangkusabab urang geus nyieun pangeran-pangeran lain dina imajinasi,
pikiran, jeung dina laku kahirupan urang; padahal urang ngaku yenaya Pangeran (Allah) anu nyiptakeun jeung ngahirup keun urang. Tapiseuh-seuhanana mah, urang hirup (ngarasa hirup) ku pangeran anudiciptakeun ku urang sorangan. 
Urang percaya ka Pangeran (Allah) anu nyiptakeun jeung ngahirupkeunurang, tatapi dina kanyataanana mah urang patukang-tonggong jeungomongan/ kayakinan urang sorangan, da gening urang leuwih percayayen urang hirup teh kuusaha jeung hasil usaha sorangan. Gening ceuk 
HHM mah:Ĕnya sore hĕnteu isuk,Wawuh beurang leungit peuting,Keur ngeunah gagalayahan,Keur nyĕri migusti-gusti,Ngadunungan kakapeungan,Uyuhan teu dipilain.Kitu gening urang mah ari keur bungah, nyembah pangeran anu dijieun 
(diciptakeun) ku sorangan, keur susah kakara inget ka pangeran anunyiptakeun