Ceuk si Lengser:
"Ulah Gusti !
Ulah daek disundatan!
Beusi disapatkeun!
Kakara ngajak perang mah
Lawan beeeee........!"

Si Lengser ngomong barian nyembah.
nyembahna bari ngaringkuk,
awahing ku tunduh!

Ambek raja kabina-bina
matana mani molotot
molotot bubuncelikan
cara keuyeup ngadeuleu keukeuk!
Raja tetenjrag deui,
nenjrag deui, nenjrag deui
mani eundeur sanagara,
da ngaranna geh, tetenjrag raja ieuh!
Pating dorokdok balandongan,
Pating bareok lawang saketeng!
Ngan siLengser kerek nyegrek
Awahing ku tunduh!

"Lengser!"
ceuk raja bari tetenjrag deui,
Borobot dareok
Dorokdok,
Hag siah.....!
Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana!
Nya eundeuk dikumahakeun?
Da ngaranna geh tetenjrag raaaaja!
ceuk raja:
"Lengser!
Ngaing teu mudu nurut!
Hayuh
Takol bende!
Kumpulkeun sakabeh balad
Urang layanan anu nangtang"

Korejat,
SiLengser ngorejat barian heuay,
Heuayna bari kuliat,
Kuliatna sabari peureum
awahing ku tunduh
(nya eudeuk dikumahakeun ari tunduh mah)
Korejat!.....
Torolong................
SiLengser ngajol ti kolong bale,
karep inyana deuk nabeuh bende,
Lumpatna sabari peureum....
Awahing ku tunduh................!
Dar - der - dor tarang tidagor,
Barenjol sagede jengkol,
Bareok pager diteumbrag,
Berewek jamangna soek!

Tapi si Lengser lumpat terus
Bongan parentah raja,
Dimudukeun nabeuh bende
Nya lumpat,
Lumpatna ka saung bende,
Ngan lumpatna sabari peureum,
Awahing ku tunduh!

Nya karuuuhan,
Mimiti anu kadupak,
Nini-nini deuk ngisikan,
Laju
aki-aki deuk ka cai......
Mani kababayan!

Laju ngadupak deui:
Saung lisung pipir imah,
Bareok, borobot gubrag!
Ruuubuh saung lisungna!
heu!
Gabrug!
SiLengser ka urugan saung!

Korejat!
Torolong!
Si Lengser lumpat deui,
Lumpatna nyunyuhun hateup:
Lain hiji hateup dua hateup,
Tapi hateup sasaungeun!
Si Lengser lumpat,
Lumpat, lumpat Lumpatna sabari peureum.
Nya karuuuhan ngadupak deui!
Mimiti tukang ngurut,
Balik ngurut nu kalingsir,
Laju tukang endul nyuhun tutut deuk kapasar,
Laju tukang tampayan
Datang
ngan kari hiji anu weuteuh buleudna!
Nyaeta:
Beuteung tukang tampayan !
Ngan dosol.....

Si Lengser lumpat terrus,
Lumpatna, lumpat dines.
Nu ngajagang
ditarajang
Nu ngajentul
disurudug.
Anu malang?
Tangtu diteunggar!
Da keur lumpat dines!
Lumpat dines mah sejen deui.
Hanteu cara lumpat biasa.
Lumpatna oge, kudu sabari tanggah,
da ngaranna oge lumpat dines.
ari sabari peureum mah teu matak nahaeun,
Sabari peureum geh meunang.
asal gagah bari tanggah beee!
Jeung teu meunang luak lieuk,
komo sumpang simpang mah!

Mun aya nu ngahalangan?
Mun aya nu ngagolan?
amun munding?
ancur ditampiling!
amun badak?
Bakal ucutan kabeh, tulang-tulangna !
amun jelema?
Tanggung kari ngaran !
Kumaha amun imah?
Nya jooooompooor ka kolongna.... !

Tapi ...
sanajan lumpatna lumpat dines oge,
ari sabari peureum mah,
Nya henteu ka deuleu ku siLengser,
aya regang ngajegang ditengah jalan,
laju ngait keuna samping siLengser !
Reg !
Randeg !
Samping si Lengser ngait kana regang !
Tapi lantaran keur lumpat dines,
Inyana hanteu meunang eureun.

Si Lengser lumpat dines,
Lumpat sabari ngabedol samping.
Tapi samping,
ngait pageuh kana regang.
ari regang?
ngait deui kana ruyuk !

Nyaaaa atuh kajadianana
Bolonyon beeee, si Lengser lesot tina samping
Cara kumang tinggaleun imah !
Inyana lumpat terus
lumpatna bobongkokan !
Sababna ?
Kajeun teuuing ti tukang imah,
Asal ulah tembong anu ti hareup beeee....!

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke