Re: [Urang Sunda] Rahasia Illahi dina bulan puasa

2007-09-17 Thread kumincir
Ari kuduna mah ngucap sukur, geuning barudak jaman ayeuna, contona Jang
Opal, estuning dareukeut keneh ka bedug, henteu jauh ka bedug. Bedug mencuri
start mah eces rejeki ti Pangeran, kawas mangkukna kuring teu ngahaja jam
9-an ngasaan susu budak (susu kotak, lain susu nu hiji deui), milik mah ti
mana we... jaba susuna susu stroberi deuih... komo mun di'esan... emh...
kacipta... gell...

Lebah telat saur, ulah ngalepatkeun Jang Opal atuh, da eta mah tos eces
kalepatan salira sakulawargi anu kareblukk! Heuheu

Kumaha nila teh, tos majad can?

On 9/18/07, Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kabeh pating garajleng, rek saur! Rurat reret can
> aya nanaon!!! Ret kana jam, jan 04.19. Beu labras
> ieu mh tibra nakeran. Nepi euweuh nu ngadenge alarm!
> Ahirna ukur saur ku aqua we sagela kabehan!
>
> Boa-boa hukuman ti Pangeran pedah magrib buka
> tiheula, alatan si opal bangkar warah!!!
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com


[Urang Sunda] Rahasia Illahi dina bulan puasa

2007-09-17 Thread Dena
Mulang ti Garut kota sareupna magrib. Nyampak si 
teteh geus tatahar nyiapkeun kadaharan jang buka. 
Langsung we diuk ngurilingan kadaharan meunang si 
teteh. Iwal ti ti indung budak, da ngelap heula 
budak orok. Teu dimandian da geus sore teuing. 
Jeungna rada pilek ketang. 
Teu lila, "dur dur" sora bedug 2 kali ditakol. Der 
weh, allohuma laka shumtu...bari nyuruput cendol! 
Meni nikmat pisan. Kabeh baruka ku cendol jeung 
kolek. Iwal ti indungna tea we nu can buka teh. 
Barang keur cecelebekan tuang liwetNa atuh "dur 
dur" sora bedug deui! Kabeh calangap, euweuh nu 
henteu!!! Naha bet ditakol deui? Jeung, nu kadua mah 
dituturkeun adzan! JADOL siah, moal salah anu tadi 
nakol bedug kahiji mah pasti si Opal. Budakna 
tatangga anu umurna 8 taun. Harak kacida eta budak 
geus kawentar! Geus teu kuat ku lapar jigana manehna 
teh. Jadi nakol bedug tiheula!
Deueueuh Gust hampura sanes lepat abdi sadaya 
ngabatalan ti payun, nyanggakeun we tah si Opal 
mangga jantenkeun bedug!
Teuing hukuman ti Nu Maha Kawasa buka puasa 
miheulaan 5 menit ti batur. Na atuh ari pas keur 
sare tibra, indung barudak kadangu ceuceuleuweungan 
ti kamar orok (uing sareng jeung pangais bungsu) : 
"Teteh gugah imsaaak! Aa gugah imsk! Ayah gugah 
imsaaak!" 
Kabeh pating garajleng, rek saur! Rurat reret can 
aya nanaon!!! Ret kana jam, jan 04.19. Beu labras 
ieu mh tibra nakeran. Nepi euweuh nu ngadenge alarm! 
Ahirna ukur saur ku aqua we sagela kabehan! 

Boa-boa hukuman ti Pangeran pedah magrib buka 
tiheula, alatan si opal bangkar warah!!!