[Urang Sunda] Re: (sajak) indung kuring di lembur

2006-12-21 Terurut Topik rosma_ilyas
Unggal dinten sateuacan mios ka kantor sok nga-sun heula pun biang. 
Pami he love teh, anjeuna sok nagih,Aya nu poho nya? Naha teu 
nyium...?
Tara tisasari tadi enjing dugi ka dua kali nga-sun anjeuna dipipina 
nu kemong...
Dipapay deui rarayna nu tos karinyed...
Tarangna nu tos ngariut...
Pananganna nu tos ngadegdeg...

Gerentes dina manah...

Mah...
Basa keur leutik... 
kuring ngaripuhkeun ku tanaga
Mangsa sakola...
kuring ngaripuhkeun ku biaya
Ayeuna geus dewasa...
masih keneh ngariweuhkeun ku pikiran...

Mah...
Hampura kuring can bisa mulang tarima...

Baraya, Wilujeng Poe Indung.

ro2
canjadiindung

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:

 mih,
 minggu hareup kuring mulang
 mawa incu jeung minantu anjeun
 
 deudeuh..
 indung kuring di lembur
 
 geus lila nahan kaera
 hayang ngagoler dina lahunan
 anjeun
 bari sirah diusapan
 siga harita
 
 deudeuh
 indung kuring di lembur
 neda pangampura
 si cikal nu bedegong tea
 
 -
 wilujeng poe indung, 22 desember 2006
 -- 
 geocities.com/mangjamal





Re: [Urang Sunda] Re: (sajak) indung kuring di lembur

2006-12-21 Terurut Topik kang boim

Ehmm.
sok sanajan ema lain indung nu ngalahirkeun kuring
sok sanajan ema teh ukur baraya nu jadi kolot
tapi jasa ema teu kaitung ku harta
nu geus miara jeung ngatik tur ngadidik kuring.

Kuring moal kana jasa ema...
kuring moal poho ka mamah anu geus ngalahirkeun kuring
ema jeung mamah sarua indung kuring
anu kudu dipunjung jeung didama-dama...

Ema.., mamah
hampura kuring
rumasa masih keneh sok nyusahkeun
rumasa can bisa mulang tarima
kana naon jasa ema jeung mamah salila ieu..

Kuring ukur bisa ngado'a ka pangeran...
mugia ema jeung mamah salawasna aya dina panangtayungan manteNa
mugia ema jeung mamah dipaparin kasehatan, sareng kakiatan salamina
dina ngambah hirup nu ukur aya dina itungan waktu..

Sakalai deui ema..., mamah...
hampura kuring

kkbm'69
-nu can bisa mulang tarima ka ema jeung mamah