Re: [Urang Sunda] Re: >< Kuningan ASRI >< Sakadang Gancet

2007-10-31 Terurut Topik Kebo Hideung
hehehe...meni baong nya sampe nu gancet dibaledogan sagala ..hahaha

Kang tah aya dongeng ngeunaan Gancet ti babaturan :


Heueuh asa kuwaas. Jadi inget ka zaman baheula, kuring ulin ngalaan hanjeuli 
jang peperangan di eta astana. Astana Gede katelahna teh, teu jauh ti imah. Da 
mun wanci maghrib liwat ka dinya teh sok lumpat sakalumpat lampet, ceuk beja 
mah mani sumil, hawana ge geueuman.

Sakadang gancet jadi carita anu teu leupas tina astana Gede. Duka enya duka 
henteu, da carita eta teh terus tutur tinular, tapi geus dimodifikasi kumaha 
jeung kaayaan zaman-na. Hiji waktu aya pasangan ti lembur mana..., hiji waktu 
deui aya pasangan ti SMA mana, lain waktu geus robah deui pamaenna. Tapi 
nya kitu, ngan sakadar carita.

Ngan hiji mangsa, basa kuring peperangan di eta astana, kuring jeung babaturan 
amprok ngawenehan pasangan anu keuna kutuk ku sakadang ganjet. Aya lima urang 
mun teu salah mah rombongan kuring harita, bari marawa bebedilan jeung hulu 
dibeungkeut make duk (kacu) pramuka. Asa we rambo harita mah.

Pas keur kukulibekan dina rungkun, kuring saparakanca ningali aya sora nu aneh. 
Atuh kabeh teh keketeyepan nyamuni dinu buni sieun kapanggihan. Bari ngengsot 
ngadeukeutan eta sora. Batur kuring ngaharewos, "aya nu ganjet jigana." 

Atuh kabeh teh mani pagura giru hayang awas ningali bari teu kapanggihan. 
Beu...heueuh pisan euy, etamah da aya pasangan ganjet dina handapeun tangkal 
kiara, mani ngahephep teu bisaeun leupas. Ngan hanjakal, nu gancetna teh lain 
nu biasa sok dicaritakeun, budak lembur mana, atawa SMA mana, tapi ieu mah 
bangkong budug anu sarua gendutna... 

Hiy, harita oge ku kuring saparakanca dibuburak dibabetan make buah 
kamboja..heu heu heu


kadupakhalu,- Jakarta  






- Original Message 
From: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, October 30, 2007 9:04:50 AM
Subject: [smaneka_kuningan] Sakadang Gancet



Tutunggul rentul dihias ku kembang kamboja, geus rada jarang tangkal caringin 
badag mah, ngan aya hiji dua mah anu teu dituar. tangkal caringin eta paragi 
reureuh manuk uncuing mun tas nyaba tinu jauh, ceunah mah tos tugas ngabejaan 
papaten, Wallohu alam.

Di handapeun eta tangkal caringin aya kuburan anu sakitu panjangna, kabayang 
anu dikubur jalmana jangkung badag. Tutunggulna oge make batu anu lonjong 
panjang tur hideung. Disagigireun kuburan ditaretes ku batu anu geus lukutan. 
Keur mah lebah dinya mah hawana tiis matak jadi lukut.

Teu sagawayah jalma anu wani ngulampreng ka astana eta, ceunah cek beja 
geueuman. Malahan aya dongengna ceunah aya barudak ngora ngadon bobogohan di 
eta patempatan "dihakan" ku Sakadang Gancet.

Enya bae mun dipikir-pikir mah, astana bae geus boga "aturan" anu teges 
sakur-sakur anu ngadon bobogohan di astana hukumana kudu siap dilegleg ku 
Sakadang Gancet.
Naha atuh ari di urang anu hirup, anu bobogohan mani maceuh, paduli teuing 
gigireun masjid, naha bet diarantep. Malahan teu saeutik jalma anu 
ngadagangkeun kahormatan dirina, dijalan-jalan, dihotel-hotel jeung rea-rea 
deui, ngan teu daekeun ari di astana mah da sieun ku Sakadang Gancet.

Eces mun kitu mah aturan astana leuwih dipikasieun tibatan aturan pamarentah. 
Jigana konci kasuksesan aturan astana anu ngalibatkeun Sakadang Gancet  teh 
nyaeta ; teges jeung teu pilih bulu.

Kumaha ari di urang salaku anu ngageugeuh patempatan masing-masing? aya keneh 
kitu anu sok bobogohan anu teu ngenal wates? dikumahakeun mun seug kaperegok 
keur bobogohan?  paling oge mun seug kaperegok keur bobogohan lain jeung 
muhrimna mah paling banter dikawinkeun kalayan disaksian ku Hansip, eta oge mun 
si pelaku teu bisa 'nego' jeung anu ngageugeuh eta patempatan.

Masih keneh kitu Sakadang Gancet kiwari? cikan susuganan aya dongengna ti ki 
dulur ngeunaan Sakadang Gancet... mangga diantos.

Cag
Kebo Hideung - Tasikmalaya





__
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

 

[Urang Sunda] Re: >< Kuningan ASRI >< Sakadang Gancet

2007-10-31 Terurut Topik dudi herlianto
halah ari ngadenge sakadang gancet mah can pernah. ngan lamun gancetan (keur
leutik) mah resep lalajo. lain dina pita bhs tapi estuning asli siaran
langsung rame tuda nu gancetan teh sok bari diuudag diuuber dibaledogan
heuheuheu dijawabna teh kaing-kaing-kaing cenah ;) dasar keur budak can
ngarti kana kasenangan batur ;) teuing pedah bisi teu katurutan, teu bisa
salila jiga maranehna hahaha

kang kebo, ngan kuring pernah ngadenge beja aya nu bobogohan nepi ka
kikituan pisan di astana cenah teu bisa lepas nepi ka kudu dikeureutna pisan
;)


On 10/30/07, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>Tutunggul rentul dihias ku kembang kamboja, geus rada jarang tangkal
> caringin badag mah, ngan aya hiji dua mah anu teu dituar. tangkal caringin
> eta paragi reureuh manuk uncuing mun tas nyaba tinu jauh, ceunah mah tos
> tugas ngabejaan papaten, Wallohu alam.
>
> Di handapeun eta tangkal caringin aya kuburan anu sakitu panjangna,
> kabayang anu dikubur jalmana jangkung badag. Tutunggulna oge make batu anu
> lonjong panjang tur hideung. Disagigireun kuburan ditaretes ku batu anu geus
> lukutan. Keur mah lebah dinya mah hawana tiis matak jadi lukut.
>
> Teu sagawayah jalma anu wani ngulampreng ka astana eta, ceunah cek beja
> geueuman. Malahan aya dongengna ceunah aya barudak ngora ngadon bobogohan di
> eta patempatan "dihakan" ku Sakadang Gancet.
>
> Enya bae mun dipikir-pikir mah, astana bae geus boga "aturan" anu teges
> sakur-sakur anu ngadon bobogohan di astana hukumana kudu siap dilegleg ku
> Sakadang Gancet.
> Naha atuh ari di urang anu hirup, anu bobogohan mani maceuh, paduli teuing
> gigireun masjid, naha bet diarantep. Malahan teu saeutik jalma anu
> ngadagangkeun kahormatan dirina, dijalan-jalan, dihotel-hotel jeung rea-rea
> deui, ngan teu daekeun ari di astana mah da sieun ku Sakadang Gancet.
>
> Eces mun kitu mah aturan astana leuwih dipikasieun tibatan aturan
> pamarentah. Jigana konci kasuksesan aturan astana anu ngalibatkeun Sakadang
> Gancet  teh nyaeta ; teges jeung teu pilih bulu.
>
> Kumaha ari di urang salaku anu ngageugeuh patempatan masing-masing? aya
> keneh kitu anu sok bobogohan anu teu ngenal wates? dikumahakeun mun seug
> kaperegok keur bobogohan?  paling oge mun seug kaperegok keur bobogohan lain
> jeung muhrimna mah paling banter dikawinkeun kalayan disaksian ku Hansip,
> eta oge mun si pelaku teu bisa 'nego' jeung anu ngageugeuh eta patempatan.
>
> Masih keneh kitu Sakadang Gancet kiwari? cikan susuganan aya dongengna ti
> ki dulur ngeunaan Sakadang Gancet... mangga diantos.
>
> Cag
> Kebo Hideung - Tasikmalaya
>
>
>
>  
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com