[Urang Sunda] Re: Industri - ONCOM PASIREUNGIT Euy!

2009-07-16 Thread Roro Rohmah
Nyeta MH, kabeneran teu pati apal kana masalah per-Oncom-an teh. Nu uing nyaho, 
Oncom Pasireungit mah kelirna hawuk, wangunna deple kira-kira 2 cm, kacangna 
lemes (cocog keur nu nyeri huntu atawa teu boga huntu kayaning inin2 & aki2). 
Rasana leuwih pelem. Ari oncom Bandung mah kelirna oranyeu, kacangna 
bolotot.com baradags keneh. Rasana semu-semu pait khas oncom. Wangunna kandel 
bin kedewil (5 cm). Dibandingkeun jeung Oncom Bandung, harga oncom Pasireungit 
mah rada mahal, ceuk MJ ge duit mah tara ngabobodo. Keur di lembur keneh mah, 
samemeh nyieun comro, indung uing sok nanya heula, rek make oncom naon? 
tangtoz*oncom Pasireungit!

ro2
ke sugan iraha2 rek motoan oncom Pasireungit ah* 
pan kudu dikaji & diinformasikeun heuheu... 



>>> khs...@gmail.com 07/17/09 07:27AM >>>

Teh Roro, oge baraya Sumedang sejenna.
Cing ngadongeng naon tah khas-na oncom Pasirreungit
dibandingkeun oncom sejenna.
(mh)


Re: [Urang Sunda] Re: Industri - ONCOM PASIREUNGIT Euy!

2009-07-17 Thread dede solehudin
kuringmah kakara ayeuna ngadenge oncom pasireungit teh.
da nu kuring apal mah nya oncom anu ti pasar Cikuubuk (tasik) we, duka ari
tempat nyieunamah. duka ti pasirreungit duka ti pasir gajah.
Tah ngeunaan oncom bandung, kuring waktu masih jadi tukang KULI-AH pernah
mawa ti bandung jangeun babaturan di semarang.
cenah indungna hayang ngasaan oncom bandung. nya kuring teh meuli we ti
Pasar Antri, duka oncom bandung duka lain. Da nu pentingmah ngarana ONCOM di
bawa ti Bandung. Cenah mah oncomna ngeunah pisan.
Padahal kuring oge teu apal mana oncom bandung asli atawa oncom bandung
imitasi.

Mmmm..
Inget ayeunamah, kuring pernah dahar di Warung nasi di Jl. Pajajaran bandung
(WR. Ma Uneh) mun teu salahmah.
Eta kuring jeung babturan urang Bali da meni nambah ngadahar sambel oncom
jeung leunca.
Edan suganmah eta bakat ku ngeunah..


Sok dipedar atuh ngeunaan oncom teh.

jangdede-hayang oncom!



2009/7/17, Roro Rohmah :
>
>
>
> Nyeta MH, kabeneran teu pati apal kana masalah per-Oncom-an teh. Nu uing
> nyaho,
> Oncom Pasireungit mah kelirna hawuk, wangunna deple kira-kira 2 cm,
> kacangna lemes (cocog keur nu nyeri huntu atawa teu boga huntu kayaning
> inin2 & aki2). Rasana leuwih pelem. Ari oncom Bandung mah kelirna oranyeu,
> kacangna bolotot.com baradags keneh. Rasana semu-semu pait khas oncom.
> Wangunna kandel bin kedewil (5 cm). Dibandingkeun jeung Oncom Bandung, harga
> oncom Pasireungit mah rada mahal, ceuk MJ ge duit mah tara ngabobodo. Keur
> di lembur keneh mah, samemeh nyieun comro, indung uing sok nanya heula, rek
> make oncom naon? tangtoz…oncom Pasireungit!
>
> ro2
> ke sugan iraha2 rek motoan oncom Pasireungit ah…
> pan kudu dikaji & diinformasikeun heuheu...
>
>
> >>> khs...@gmail.com 07/17/09 07:27AM >>>
> Teh Roro, oge baraya Sumedang sejenna.
> Cing ngadongeng naon tah khas-na oncom Pasirreungit
> dibandingkeun oncom sejenna.
> (mh)
>
> 
>