pihatur kang rusdi sareng baraya kusnet nu sanes... sakumaha nu tos disanggemkeun ti payun, di sim kuring sayogi stiker kusnet...langkung artos kaos kusnet, jumlahna aya 50-an deui...mung ngabagikeunana kumaha nya? ngangge pos wae pangintennya, nya mangga we ngajapri panginten, mung moal tiasa dina minggon eiu, kumargi abdi nuju ngiringan pelatihan putra sunda 5 anu diayakeun ku gema jabar dugi ka dinten saptu, rupina mah nembe tiasa senen ngepos2 deui. dupi kaos mah atos sipa kintun enjing. ka baraya anu teu acan masihan alamat kangge ngintun kaos, punten ah japrina diantos.
baktos, andi adiwiarta 081321283550 (tos tiasa dihub deui ayeuna mah, insyaallah hehe) --- In urangsunda@yahoogroups.com, rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kanggo baraya wargi KUSnet sing saha anu gaduh stiker KUSnet si kuring peryogi yeuh...... kangge di tempelkeun di mobil atanapi di motor. supados pami di jalanan papendak sareng kendaraan anu ngaggo stiker KUSnet tiasa saling ngahormati hartosna pami tadina bade nyalip kumargi di payun aya kandaraan ngangge stiker KUSnet teu cios nyalipna. ari teu penting2 teuingmah. saha anu terang tiasa saling sapa - salam sasama urang kusnet pami aya tanda pangenalmah dina kandaraanana. > > Pan komo aya rencana bade di ayakeun HBH di garut pan pami tos ngangge stikermah tiasa saling kenal di perjalanana ( maksudna pami teu terang tempat HBH teras di jalan aya kendaraan anu nganggo stiker KUSnet pan anu di pengker tinggal nuturkeunweh ) > > Atanapi pami teu acan nya kumaha pami ngadamel atuh ! supados aya ka saragaman dina pola, pormat sareng gambar. > > > > CAg AgcH SAkiTU > DiaNtoSAN KomeNTArna > Wasalam Urang Subang tea > > > wassalam: > > Rusdi Yunus > Rakyat SUBANG gotong royong subang maju > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/