[Urang Sunda] Re: Reuni Jeung Babaturan SMA

2007-09-21 Terurut Topik ndoell
Silvy nu mana ieu teh ?
aya kitu baturan SMA nu ngarana Silvy ?
ngorong nya ?

-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Kebo Hideung [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

 Reuni Jeung Babaturan SMA
 Ku: Kebo Hideung
 
 Weeyy.Neng Silvy sanes ieu teh ?
 Muhundupi akang saha?
 Ahhh...ari Neng meni tos hilap ka kuring.  bari tuluy gep ngajak 
sasalaman rada lila ngeukeuweuk panangan Neng Silvy anu sakitu 
lemesna, da bakat ku sono.
 
 ke heula Kang...saha atuh akang teh? da abdi mah lebeng teu emut.
 Kieu atuhNeng emut ka Pa Komarudin ?
 muhun emut..kapanan eta mah kepala sekolah.
 Dupi ka Ibu Titin emut?
 Muhun emut kapanan anjeuna mah guru Kimia.
 Tah..tah...tah..tos rada bengras ayeuna mah nya...emutan teh.
 Dupi akang angkatan sabaraha kitu ?
 Ah...kapanan sami we sareng neng.
 Dupi jurusana naon kang ?
 Hmmm..perkawis jurusan..., kaleresan ti akang mah tilu kali naek 
neng, janten rada barabe oge.
 Maksad akang ulah-alih jurusan?
 Tah..leres Neng samodel kitu.
 Naha bet tiasa kitu Kang?
 Muhun Neng emang aturana kedah tilu kali naek, kapanan ti bumi 
sakali naek angkot, kadua teras naek beus jurusan Tasik Cirebon tapi 
kade tong hilap turun di Kuningan, katilu naek angkot, nembe dugi 
Neng.
 
 Haarr..ari akang, maksad abdi mah akang kapungkur nyandak 
jurusan naon? Sos atanapi Bio...  !!?
 Ohhh..sugan teh jurusan mobil neng...hehehhehe..punten Neng.
 Janten jurusan naon atuh akang teh?
 Ahh...sami we sareng Neng.
 
 Ihhh..si akang mah titatadi sami-sami wae walerana. 
 Har atuda teu sami kumaha ari Neng, kapanan urang teh kapungkur 
sakelas.
 Saha atuh nya..? ih...meni panasaran abdi mah Kang...
 Neng emut...ka nu sok nundutan dijuru.?
 Aeeeh...ieu pasti Kang Ajat nya...? bari tuluy ngagebugan 
pundak bangun nu gemes
 Sanes..kuring mah sanes Ajat, kapanan teu rancung rambut kuring 
mah. bari tuluy ngusap buuk
 Teras saha atuh..?
 Neng emut kanu sok noelan imbit Neng upami nuju diajar di kelas ?
 Hi.hi.hi.hiieu pasti Kang Kebo..meni pangling atuda. tembal 
Neng Silvy bari tuluy ngagabrug ngaleupaskeun rasa kasono.
 Alhamdulillah masih emut keneh ka kuring. bari tuluy ngusapan 
tonggong Neng Silvy
 Teu emut kumaha atuh... kapanan akang mah sok cunihin. tembal 
Neng Silvy bari tuluy nyiwit kulit beuteung bangun nu geregeteun.
 Aduuhhtuh nya Neng anu iseng mah, cikan kadieu urang 
nyobian nyiwit lambut Neng.
 Karek oge sagep-gepeun nyabak lambut Neng Silvy..ti lebah tukang 
aya nu ngadehem semu tarik.
 
 Ehe...ehe 
 Eh..Kang Budi...nepangkeun Kang ieu Kang Kebo rerencangan abdi 
kapungkur. cek Neng Silvy bari semu reuwas
 Muhun nepangkeun abdi Kebo... 
 Hmmm..Budi...!  saya suaminya Silvy..
 ohwh.su.sua.minya?
 IyaMah..kalau nyari papah,  papah nunggu di mobil ya. tembal 
Pa Budi bari tuluy ngaleos.
 Iya Pah...engke abdi nyusul.
 Duh bagja Neng mah, gaduh salaki teh nya ganteng nya kaya, tos 
gaduh sabaraha bati ? 
 puguh abdi mah nembe hiji Kang, telat abdi mah, dupi akang tos 
gaduh sabaraha putra?
 Hehehehe...akang mah tos rimbil atuh Neng, tilu neng jaba istri 
sadaya.
 euleuh..meni rajin akang mah.
 hehehehe...sok atuh turutan rajinna...
 
 Sabot keur guntreng ngbrolAllohu Akbar..Allohu Akbar aya sora 
nada adzan tina henpon anu dikeukeuweuk ku neng Silvy.
 Ceklek henpon dipencet...Assalamu'alaikum...ada apa Pah...? 
Ohh..Vina dah bangun? ya udah mamah kesana. ceklek henpon dipencet 
deui.
 
 Aduh..Kang punten Kang sanes kirang sono, itu Neng Vina tos 
gugah...mangga nya Kang. bari tuluy gura-giru ninggalkeun.
 Ohh..muhun atuh tembalna bari olohok
 Neng..duh poho aing can menta alamatna. gerendengna bari 
gugupay
 
 he..rajeun panggih jeung babaturan asa meni sakolepat, jigana 
ngimpi wae  cikan ah ka kantin susuganan panggih jeung juragan gemet 
cs.
 
 Tamat

Re: [Urang Sunda] Re: Reuni Jeung Babaturan SMA

2007-09-21 Terurut Topik Kebo Hideung
heuheuheu.muhun atuh Kang eta mah mung saukur korong
hilap teu diserat : nami tokoh oge tempat sadayana kenging ngawadul

Kebo
keur neangan korongeun, rek dikumpulkeun sugan korong teh jadi sakarung

  - Original Message - 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, September 21, 2007 4:28 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Reuni Jeung Babaturan SMA