Kang Deny!..., InsyaAlloh, upami pareng, ke dina waktos pere usum panas anu 
bade dongkap, sim kuring sakulawarga bade pakanci di Bandung sasasih bae mah.
  Di Sant Pauli (ieu mah nu saena) aya Musium sejarah Hamburg, gedungna ageung, 
3 lantai, lega pisan. Koleksina seueur utamana ngeunaan pelabuhan Hamburg, 
minatur kapal jeung sajabana. Aya hiji anu menarik, dina hiji lomari kaca, aya 
wayang kulit, dina labelna ditulis, wayang kulit ti Jawa. Sanajan lain wayang 
golek, parasaan reueus mah aya we, sarua keneh budaya bangsa urang.
  Perkawis kang Maulana aya nu langkung uninga tibatan sim kuring, saurna mah 
di Inggris nuju namatkeun program doktorna, mangga taroskeun kanu langkung 
paos. Ngan minangka titinggalna kang Maulana anu tos ngapopulerkeun angklung di 
Eropah, nya dinten ieu pisan, jam ieu pisan, group angklung Hamburg, jajaka, 
mojang nu ngarora keneh pisan, rata rata sakolana masih keneh Gymnasium 
(SMP/SMA mailahan mah aya nu SD keneh, diantawisna pun anak tiluanana 
ngiringan) nuju mintonkeun kamahiranana nyambut mahasisa baru TU/Universiatas 
Hamburg di gedung Audiomax TUHH, dirigenna kang Prio... eh mas Prio. Angklung 
nu diananggona ge titinggal kang Maulana basa anjeuna di Hamburg.
   
  Kang Trias
    

Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kang Trias moal mulang kitu? mulang we atuh pirage 12 jam hehehe... 
Kade ah ulah 
rajin teuing amengan ka Santa Pauli heuheuheu... Salam ka urang Heidelberg, 
Gromitz 
sareng urang Kalrsruhe (enya kitu nulisna?). Kang Maulana, Pak Eko araya keneh 
kitu? 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kangge Kang John, wilujeng tepang, ngariung di alam maya. Nepangkeung oge 
abdi Trias, dumuk di Hamburg.
> Oge wilujeng ngapung ngawang-ngawang welasan jam ngajugjug tanah 
karuhun. Kacipta sonona ka wargi-wargi jeung sobat-sobat di lemah cai. Kade 
sing 
atos atos cacandakan, eta koper ulah pagentos, hayoh kalah ngajingjing kompor, 
ari 
koper dikantunkeun.
> Sakali deui wilujeng, terbangna ti Schipol sanes?
> 
> Salam,
> Trias Santosa 
> 
> John van der Ploeg <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sanes hatena wae anu leutik, da awakna ge leutik hideung deui,
> eta da nurun ka pun biang, ceuk bahasa Sumatera mah Pendekar
> (pendek kekar) abdi pasti bade ngersakeun ka Jatinangor, mugi-mugi
> sehat da ajeuna munggah genep puluh teh mimita nyareri diditu didieu,
> Mangga atuh, sugan we tiasa tepang pribadi sareng sadaya.
> John siBodo
> 
> ----- Original Message ----
> From: Dena <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Friday, 19 October, 2007 5:37:46 AM
> Subject: [Urang Sunda] Re: nepangkeun
> 
> Kang Jon ulah leutik hate, di lembur ieu mah saha wae tiasa diajar basa 
> sunda. 
Da 
> kuring ge asana mah tongki sarua (gentong jeung pengki hihihihi). Wiljeng 
sumping, 
> wilujeng ngagabung ka babakan kusnet. Atuh upami tiasa mah ngiringan halal bi 
> halal engke kaping 27-28 Oktober di Kiara payung Jatinangor. Upami teu terang 
> mangga nga japri wae ka abdi nya! Keun wae da penjajah ge teu goreng kabeh, 
> sarua wae jeung pribumi teu bener kabeh. Kitu sanes? Pis ah!
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "pinterpisan" <pinterpisan@ ...> wrote:
> >
> > Nyuhun dihapunteun kasadaya.
> > Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun
> > dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.
> > Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina
> > basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol.
> > isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. 
> > Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang.
> > Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti
> > Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon?
> > Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa
> > Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia
> > (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda).
> > Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun 
> > 
> > John siBodo
> >
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month. 
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>



                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke