Re: [Urang Sunda] Re: terusna Lalakon si Jay

2006-12-22 Terurut Topik RAN

jekson paip?

/* ningali poto */

wuahahah wakkakakak

/* kuat ka nyeri beuteung */


[Urang Sunda] Re: terusna Lalakon si Jay

2006-12-21 Terurut Topik Maman Gantra
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:

 --- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma_ilyas Roro.Rohmah@ 
wrote:

 Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana
 beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung
 aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na
 pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual
 domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet.
 
 ~ipup~


Nepi ka pintu toll, beus teh eureun. Mani lila. Ngadon ngetem. Bubuhan 
nu numpak eta beus teh ngan opatan -- kaasup supir jeung dua kenek. 
Atuh, keur si Jay mah eta teh kasempetan. Jrut manehna turun. Leumpang 
ngadeukeutan tukang tahu jeung tukang cendol nu naragog di lebah 
dinya. Der Jay muka lapak: Ngadon ngamen sabisa-bisa. Modal ramo, 
plastik rawing urut wadah permen, jeung heot. Enya heot. Da, nyanyi 
baleg mah jajauheun tina bisa. Mun bisa ge, tangtuna, moal ngamen sisi 
jalan. Huhuhu...hhuuu...huuhuu..huuu...h..., ceuk si Jay, 
dina wirahma lagu SMS.
 
 




Re: [Urang Sunda] Re: terusna Lalakon si Jay

2006-12-21 Terurut Topik Reka Gayantika

Huwahahahhahahhahha Beneran teh... ieu mah meni nepikeun ka seuri
lolongseran. ninggali eta foto Jackson paip huwaahahhaha... nuhun teh
ah... hihihihihihi

-Bohay-

On 12/22/06, Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote:


   Keur khusu heheotan, ujug-ujug ti bah tukang aya jalma limaan nu
rambutna kribo.
Cik, Jang sing baleg euy...eta teh nyanyi atawa hitut? ceuk nu begang
mun disidik-sidik mah siga si Aming.
Duh, punten Kang ieu teh nuju salesma... ceuk si Jay.
Ah, teu bisa mah teu bisa we atuh... tong loba alesan! ceuk nu buheukeu
nyeuneu.
Mun rek nyanyi kudu jiga kuring jeung balad yeuh...asup TiPi ge mindeng
ceuk nu ciga Roma Irama.
Dupi Akang-akang teh ti grup ben mana nya? Si Jay nanya.
Aeh, ma enya teu apal?! nu siga Rhoma Irama nempas
Leres Kang, teu apal abdi mah... tembal si Jay ngalenghis.
Jackson 5 nyaho!!! Ampir bareng kabeh nembalan.

Tah... baraya Jackson 5 teh aya na pail nangkod potona...

ro2.