SEURI MAUR
Ku Kebo Hideung  #Griya Mitra Batik E337 Karsamenak Kawalu Tasikmalaya 
30/08/2008



Aya kukituna nya Mang ?

Naon kitu Lo?

Eta basa wengi Libya di WO

Ohh..maen bal?

Muhun Mang, asa kakara aya maen bal di WO sagala.

Kapanan ieu mah dina raraga Agustusan Lo, geus lumrah mun
aya wo wo-an mah, contona kapanan basa kamari peuting.

Ari kitu kumaha Mang ?

Kapanan kuduna Amang teh asup final, jalaran Amang kabancen
jadi we Amang di WO

Ari kitu final naon Mang ?

Kapanan Amang teh ngiluan Lomba Matematika ?

Lomba matematika naon Mang? 

Enya eta lomba anu aya  balak genep tea

Halah Gapleh maksudna ?

He.he.he… Enya Lo..

Sugan teh olimpiadeu Matematika beneran

Heueuh kapanan sarua eta oge ngitung

Ah..benten eta mang, barina oge kumaha kartu, permaenan
gapleh mah, kartuna butut mah angger we hese dikukumaha oge.

 

Geus ah Lo tong ngurusan lomba matematika, ayeuna mah amang
hayang apal kunaon ceunah eta Libya di wo sagala?

Kieu Mang..ceunah mah pedah pelatihna dijekok ku pelatih kiper
urang.

Uluh..naha ceunah pedah naon?

Enya we Mang..mun kuring deukeut mah kuring lah anu
pangheulana ngajekok mah.

Aeh…naha ?

Atuda enya ngoronyoh wae pelatihna  jiga anu buntutan ngarenyohan dina luhur
tangkal Mang..!

Oh..pedah loba protes maksudna?

Muhun mang…puguh pamaen manehna anu loba sandewara, katoel
saeutik ngagorentel bangun anu kanyenyerian, jaba ka siku dada..naha anu
nyerina suku..ah pokona mah arogoan maena.

 

Oh..pedah kitu nya? Enya ari kituna mah pasti matak
geregeteun peureup, ngan hanjakal urang can bisa merangan hawa nafsu, jadi
balukarna kitu, catetan sajarah sepak bola di urang jadi goreng di mata FIFA.

 

Ah..keun bae mang ngarah jadi pelajaran keur manehna.

He.he.he..geus sabar Lo…tong jadi pikiran bisi gering.

Enya atuda Mang..keuheul kuring mah, juara-juarana mah ngan
asa teu bagja

Lamun dina seuri mah seuri maur nya Lo…he.he.he.

Nya kitu lah Mang…

 

Kieu we Lo, urang mah salaku rahayat anu jadi panongton ngan
ukur bisa nempo bari renghap ranjug, keun we urang du’akeun persepakbolaan di
urang sing aman tengtrem, sing jadi jawara anu juara, saeutikna atuh jadi
jawara dina widang fair play.


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke