Sumber: http://lemburkuring2007.wordpress.com/2007/05/07/taman-purbakala-cipari/
TAMAN Purbakala
Cipari teh perenahna di Kampung Panawarbeas kaereh wewengkon Kelurahan
Cipari, Kacamatan Cigugur. Kabupaten Kuningan. Lamun dijugjug ti
Cirebon mah anggangna kurang leuwih 35 Km ka tebeh kidul. Ari Kelurahan
Cipari, baheula mah ngarupakeun kampung nu  ngindung  ka
Desa Cigugur Kacamatan Kuningan. Robah ngaran jadi kelurahan soteh
sanggeus Cigugur jadi Kacamatan jeung Kelurahan Cigugur dimekarkeun.
Baheula, Desa Cigugur ngawengku lima kampung atawa blok, nya eta
Kampung Cipari, Citamba, Panawarbeas, Cipager, jeung blok Mayasih. Nu
disebut blok Mayasih, nya eta ngarupakeun pasir nu perenahna tonggoheun
Kampung Cipager. Pasir Mayasih legana ratusan hektar nu ngawengku
sawatara blok, diantarana aya nu disebut Blok Batu Nini jeung Situ
Hyang, nu palataranana ngahunyud ku batu-batu nu kawilang badag.
Tah, di eta lelewek pisan  urang
Cigugur kungsi manggihan batu lumpang, nu satuluyna oge kapanggih
sawatara benda perunggu nu mimiti aya ti abad XVII, nu kapanggihna  basa urang 
dinya  keur
macul di kebon. Satuluyna. di opat kampung kapanggih wangunan titinggal
kapurbakalaan, nya eta mangrupa wangunan megalitik nu diantarana peti
kubur batu, batu dakon, menhir jeung batu pelinggih nu kapanggih di
Kampung Cipari, Citamba, Panawarbeas, jeung kampung Cipager. 
Nyutat
katerangan Teguh Asmar, dina buku Seminar Arkeologi (Cibulan 2-6
Pebruari 1976), pedalan Pusat Penelitian Arkeologi Nasional Departemen
P dan K 1983 Eskapasi (penggalian) di wewengkon Kuningan, dipitembeyan
taun 1975 atawa opat taun ti saprak kapanggihna benda-benda pra
sajarah. Nya eta ku cara ngali peti kubur batu di wewengkon Desa
Cibuntu Kacamatan Mandirancan (ayeuna Kacamatan Pasawahan), Desa
Rajadanu Kacamatan Jalaksana (ayeuna Kacamatan Japara), Desa Ragawacana
Kacamatan Kuningan (ayeuna Kacamatan Karamatmulya), Kampung Panawarbeas
jeung Kampung Cipari Desa Cigugur (ayeuna Kelurahan Cipari Kacamatan
Cigugur).
Saha
Teguh Asmar teh? Taya lian patugas ti Direktorat Sejarah dan Purbakala
Direktorat Jenderal Kebudayaan nu harita mingpin ngali benda-benda
purbakala di wewengkon Kuningan. Nuu matak pantes, lamun Teguh Asmar
apal persis, kumaha ngeunaan benda-benda purbakala mi kapanggih di
wewengkon Kuningan. Malah ceuk katerangan Teguh Asmar dina eta buku
kumpulan hasil seminar arkeologi, disebutkeun, mun dibandingkeun jeung
situs-situs sejenna, pangapangna situs Cibuntu, Cipari leuwih mibanda
strata ku variasi pamanggih nu nunjukeun bedana mangsa. Cibuntu saukur
mibanda lima strata tanah pon kitu deui situs sejenna saukur tilu atawa
opat strata kaasup stratum peti kubur batu jeung strata sanggeus peti
kubur nu henteu kapanggihn hiji benda.
Ari Cipari ngabogaan tujuh strata nya eta pacampurna  starata hiji nepi ka 
strata lima, ku kapanggihna peti batu ngahiji jeung baliung batu pasagi, kampak
perunggu jeung bentuk benda garabah kalawan sawatara variasi. Sedeng
dina strata genep nepi ka strata tujuh kapanggih fragmen-fragmen benda
garabah nu geus aus jeung di sawatara tempat nyebar atawa ngolompok
fragmen batu chert, obsidian,atawa batu kwarsa sejenna. Dina strata
hiji nepi ka strata lima, rea kapanggih kampak perunggu, dimana-mana
rea kapanggih gundukan taneuh liat
 
 
 
Kiwari,
Taman Purbakala Cipari dijadikeun obyek wisata budaya jeung pendidikan.
Teu saeutik para siswa jeung mahasiswa ngahaja datang ka Taman
Purbakala Cipari pikeun studi tour, malah masarakat umum oge rea, nu
ngarasa panasaran mah ngahajakeun datang ka Cipari. Memang, obyek
wisata Taman Purbakala Cipari kawilang strategis, sabab aya di jalur
pariwisata Linggarjati, Cibulan, Cigugur jeung Waduk Darma. Cindek na
pikeun nu rek ngajujug Taman Purbakala Cipari henteu kudu kukurilingan,
najan ti jalan raya Cigugur, rada jolok tapi jalanna ngabulungbung
meulah pilemburan. aya meureun kurang leuwih 100 meter mah.
Kepala Dinas Pariwisata Kabupaten Kuningan, Ir. Dendie Warsita nyebutkeun, 
nangtayungan jeung ngamumule Cagar budaya  teh
kawilang penting, sabab benda cagar budaya atawa situs nurutkeun
Undang-Undang No. 5 taun 1992 ngeunaan Benda Cagar Budaya boga harti
penting diantarana minangka eunteung sajarah manusa jeung
kabudayaanana, media pendidikan masarakat, obyek pariwisata, tempat
ngawanohkeun elmu kabudayaan antar daerah jeung bangsa, suaka alam
cagar budaya, pikeun ngamalirkeun elmu pikeun umum, jeung tempat
dokumentasi jeung panalungtikan ilmiah.*
Kungsi dimuat dina Koran Galura


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke