Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread kang boim

Haturan kang Aldo...,
wilujeng ngambah sagara rumah tangga mugia janten kulawarga nu sakinah ma
wadah warokhmah tur genah tumaninah sareng dilancarkeun sagalana kalayan aya
dina ridlo Allah Swt...amin.
hapunten rupina moal tiasa ngaluuhan mung saukur tiasa jajap ku do'a.

cag...,

"kkbm'69"
-kanggo bah Willy kang Aldo nikahna di Cisalak - Cisarua Sumedang anu
lebetna ti Cimuja nu aya pangkalan ojeg tea.


Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread Agus Wirabudiman
Sampurasun kang Aldo
Niti Wanci nu Mustari, Neang Mangsa Nulugina, Wilujeng Jatukrami kang Aldo, 
mugia kacai jadi saleuwi kalebak jadi sadarat.
Hirup sauyunan.

Ieu mah aya papatah sepuh waktu simkuring jatukrami...cenah jampe pamake pikeun 
ngawangun rumah tanggi teh nyaeta "REPOK" tiantawisna.
hapunten upami parantos ka uninga ku salira.

REPOK teh jampe anu kacida mujarabna, babari di ucapkeun rada beurat 
dilakukeun. tapi lamun biasa mah hade kacida, gede manfaatna eta JAMPE teh.
Nalika tuang Istri POK (nyarita)...urang kudu REP (repeh)., nalika Bojo REP 
(repeh) urang POK nyarita...tah sakitu jampe tisimkuringmah dina raraga 
ngajalankeun Rumah tangga mudah-mudahan jampena bisa mawa anu kasebat Kacai 
jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

sakitu heula, wilujeng-wilujeng, rahayu-rahayu
baktos
Agus Wirabudiman.
  - Original Message - 
  From: Aldo Desatura 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, January 08, 2007 9:41 AM
  Subject: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan


Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread mj

Wilujeng ka kang Aldo. mudah2an sing dipaparin kalancaran sagalana. oge
rumahtangga kang Aldo tiasa sakinah, mawadah, warohmah, oge ngeunah. hehe

wilujeng!

mj

http://geocities.com/mangjamal


> Dear,
>
> punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring
> hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a
> restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener
> iyeu teh...
>




Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread Budyana Yogaswara

Wilujeng Kang Aldo, jadinya wisudaan lulusan ti paguron jajaka nyandang
gelar caroge. Teu tiasa ari ngadongkapan mah ngan insya Allah, do'a mah dugi
nya, sing janten kulawargi anu Mawaddah wa rahmah dugi ka paketrok iteuk.

Salam,
Budyana


On 1/8/07, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


   Selamat lah kang Aldo. ari sugan teh ditungtungna aya jiga dikoran
tinggal diteukteuk kupon ditukerkeun keur angkot ka sumedangna..heuheuheu...

by

- Original Message -
*From:* Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* urangsunda@yahoogroups.com
*Sent:* Monday, January 08, 2007 9:41 AM
*Subject:* [Urang Sunda] Uleman Pernikahan



Dear,

punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring
hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a
restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener
iyeu teh...



__ NOD32 1959 (20070105) Information __

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com





Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread Buyung
Selamat lah kang Aldo. ari sugan teh ditungtungna aya jiga dikoran tinggal 
diteukteuk kupon ditukerkeun keur angkot ka sumedangna..heuheuheu...

by
  - Original Message - 
  From: Aldo Desatura 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, January 08, 2007 9:41 AM
  Subject: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan



  Dear,

  punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring 
hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a 
restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener iyeu 
teh... 

   

  __ NOD32 1959 (20070105) Information __

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com


Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread Siddik Wiradireja
Ngiring bingah, kalayan ngiring jajap ku pangdu'a, mugi lungsur-langsar dina 
waktos jatukramina, runtut raut dina rarabina, kalayan aya dina ridho Allah 
SWT. 
  Amiin ya robbal alamiinn..
   
  ssw
  

Aldo Desatura [EMAIL PROTECTED]
Dear,
   
  punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring 
hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a 
restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener iyeu 
teh... 


  Recent Activity

  5
  New Members
  
  1
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
  
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

  Yahoo! Mail
  Get on board
  You're invited to try
  the all-new Mail Beta.

Y! Messenger
  Want a quick chat?
  Chat over IM with
  group members.

Yahoo! Photos
  Upload Now!
  First 20
  prints are free



  .

 
 


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-07 Thread Kang Ule

Alhamdulillah geuningan tah..
Wilujeng Kang Aldo... mugia sing lancar sagalana, janten kulawarga anu
SAMAWA.. pokokna anu sae sae wae lah.. wilujeng janten Pamimpin Keluarga...

Ngiring bingah,
Ule * ehm..jadi kabita sok hayang deui euy... heuheuheuheu...

On 1/8/07, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


   Dear,

punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring
hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a
restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener
iyeu teh...
.






Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-07 Thread Toha Tazix

Baraokalloh kang Aldo,
mudah2an sing janten kulawargi SAMARA(SAkinah MAwadah waRAhmah),
Ammiin.

2007/1/8, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]>:


   Dear,

punteun ka kuruhun sareng wargi dina iyeu babakan teh... iyeu simkuring
hoyong ngulem baraya sadayana, mugi mugi tiasa datang  nya..?? tapi du'a
restuna nu di utamakeun mah... punteun teu basa sunda na mereun teu bener
iyeu teh...

 






--
Regards

Toha
---
"Live your life with love"