Hapunten ka sadayana,

Naon anu dijentrekeun ku kang Yaya dina posting anu direply ieu, sok 
sanajan make basa atawa kecap anu karasana garihal (keur kuring mah 
biasa bae, da rarasaan mah pas dina tempatna), kuring ngarasa eta 
teh ebrehan jinisna sajujurna, satarabasna.

Sapuk kana pamadegan Kang Yudi oge bawiraos nu sanesna, ieu jejer 
masalah sanes perkara jore-jore anu tiasa anggeus ku padungdengan di 
milist. Masalahna heunteu sederhana, heunteu siga ngabedakeun 
hideung jeung bodas, kacida pinuh ku tangtangan, jurang lungkawing, 
lebak cameot pikakeueungeun upama hayoh ku urang diumbar 
magunemkeunana. Anu aya kalah ka beak energi.

Si kuring satuju pisan kana cita-cita ngalarang judi, atawa usaha 
meunangkeun pangupah jiwa bangsa lain tina hasil judi. Eta udagan 
luhur anu sakuduna. Tapi, kahirupan, realitasna heunteu salawasna 
ideal. Aya waktu-waktu jeung mangsa-mangsa urang kudu nyokot 
kaputusan anu pang minimalna. Tah ieu sigana anu dipayunan ku Bang 
Ali harita nalika jadi pimpinan atawa ayeuna disodorkeun deui ka 
gubernur DKI kiwari. Timbang tarajuna, diantarana, sacara panjang-
lebar parantos didugikeun ku Kang Yaya.

Kanggo panambih, teu salawasna kawajiban Al-Islam bisa dilaksanakeun 
kitu bae, estuning aya anu merlukeun syarat-syarat tinangtu. Upamana 
bae, kawajiban ama' ma'ruf nahyi munkar. Ieu papagon agama teh moal 
bisa sagawayah, sakurang-kurangna anu bade ngalaksanakeunanana kudu 
boga kakuatan. Neungtreung ngalarapkeun ieu aturan dina kaayaan 
pimpinan jeung ummatna can samakta ulah-ulah kaasup sakumaha kaayaan 
anu ngabangingik ceurik di tengah leuweung liwung, euweuh anu mairan 
atawa...diseungseurikeun bari dicap: teu boga strategi. Bade 
neungtreung sosoranganan? mangga....Insya Alloh kaasup syahid. Ngan 
emutkeun hiji kalimah luhung:"Kajahatan anu diorganisir kalawan hade 
baris langkung jugala tinimbang kahadean anu sewang-sewangan"

Kacindekan: ngeunaan pamadegan Bang Ali, si kuring teu sagemblengna 
satuju, sakumaha teu sagemblengna nyarekan. Pilah-pilah bae kumaha 
waktuna jeung larapanana oge paniatanana. Pamungkas, sakumaha 
harepan Kang Ganjar, pamugi Bang Ali teh husnul khotimah, alias alus 
panuntunganana.

Kalayan nyodorkeun panggero, ku ieu posting, kumaha upama jejer anu 
pakait sareng pamadegan bang Ali ieu urang pungkas bae nepi ka dieu? 
lebar bisi meakeun tanaga urang anu kacida diperlukeunana keur 
garapan anu sejen, kitu sapuk?

Baktosna,

manAR







--- In urangsunda@yahoogroups.com, Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sapuk kang Waluya, kuring sapamadegan...
> 
> Moal bisa urang ngomong kieu ka bangsa sejen:"..di
> nagara kami mah euweuh lacur, euweuh judi, sabab
> dilarang ku pamarentah jeung agama....".
> 
> Ceuk saha?..omsetna lewih badag batan dinagara nu
> dilegalkeun deuleu!!! di Malaysia diatur pamarentah,
> omsetna leuwih leutik batan di Indonesia yang agamis
> dan moralis sekaligus koruptorrisss.
> 
> Tong tong kukulutus siah mun jelema nu loba duit
> ngamonyah-monyah duitna di X-mas island, di Bukit
> Genteng, di Thailand, tong kukulutus siah mun duit
> urang diangkutan kanagara sejen....bongan sorangan teu
> dibere tempat jeung jalan di nagarana....karunya nya
> duit urang sumebar di batur....di urang mah mangga bae
> nyetakan artos...sanes ngahasilkeun atawa muterkeun
> artos.
> 
> Judi-lacur, goreng siah deuleu....tapi diantara nu
> goreng teh aya nu mending sanajan tetep goreng. Da
> geus puguh teu bisa dilarang, tong boroning ku nagara
> (ku manusa), geuningan dilarang ku Allah ge anger bae.
> 
> Lacur, liar (teu dilokalisisi), teu di kontrol, teu
> unggal 3 bulan di cek awewe nu icalan "software" na,
> tong gegelendeng siah mun aids, gonorhoo, jeung
> sajabana sumebar teu katangen teu kapalire, tong
> gegelendeng siah mun diantara kulawarga anjeun
> kakeunanaan...bongan teu dikontrol teu
> dilokalisasi..geus puguh lacur teh teu bisa dilarang. 
> 
> Judi, beu judi, hese deuleu, nyeta atuh mun teu
> disengker lewih awut-awutan dampak sosialnateh, nya
> kedah nyadar atuh hese diwagelna, kusabab hese diwagel
> nya kedah diwadahan sangkan teu nerekab, da geus puguh
> moal tiasa dihulag.
> 
> Lacur jeung Judi teh siah duduluran jeung narkoba,
> mahabu siah narkoba di urang teh, tah kumargi judi
> sareng lacur teu duurus-teu dilokasir...nerekab siah
> deuleu narkoba teh....cik barenta atuh..ulah api-api
> teu nenjo euweuh lacur-euweuh judi nu duanana
> mangrupakeun sayang narkoba, cobi mun tempatna diatur
> diawasi, dititenan, diparios....sahanteuna bisa
> katangen tah dampak teh......teu kaharti nya omongan
> uing??? hese nya??? enya hese...nu mawi mending nyebat
> teu satuju kana lokalisir jeung legalisir judi teh nya
> .... ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona
> alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik
> ge...da sedep!!!
> 
> Sanajan aya di Arab, nu goreng mah goreng, ningan loba
> TKW diperkosa, sanajan aya di Holywood tempat Bo Derek
> ngadengkakeun pingpingna, geuningan aya keneh nu alus
> buktina loba artis Holywood nu marere duit ka korban
> Aceh. Tah kitu oge, dipasantren ge sok aya nu goreng,
> atuh kitu deui di lokalisasi sok aya nu alus sanajan
> saeutik.
> 
> Lokalisasi jeung legalisir judi teh maksudna keur
> nyengker meh teu nerekap, meh kaatur sangkan ulah siga
> kanker nerekab kamana-mana. Enya goreng...goreng pisan
> uing ge satuju pisan...ngan nyaeta teu bisa dilarang
> teu bisa disingsieunan...mendingan disengker-diwadahan
> sangkan dampak sosialna katangen......
> 
> Mun teu kop ku ilaing halangan...ningan fatwa ge teu
> bisa ngahalangan.....
> 
> ah enggeus..ah....
> 
> KangYa
> Tungtung Seoul 
> 
> 
> --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > Kang Yudi, sim kuring oge satuju yen ngadu teh aya
> > dampak sosialna, 
> > dimana-mana oge anu diharamkeun mah ngandung dampak
> > sosial anu awon. 
> > Tapi urang oge kedah ningali realitas anu aya. Ngadu
> > bade Togel (toto 
> > Gelap) ti Singapure atawa ngadu di kompleks
> > perjudian di nagara urang 
> > teh aya jeung karasa. Ngalarang ngadu di nagara
> > urang, ukur larangan 
> > dina kertas, kanyataan di lapangan henteu kitu,
> > ngadu tetep jalan, 
> > malah omzetna, upami saur Ali Sadikin dugi ka 15
> > triliyun!. Nagara 
> > (government = tukang ngatur sanes tukang marentah)
> > kuduna ngatur 
> > peredaran artos anu sakitu seueurna, sabab artos
> > ieu, lamun henteu 
> > diatur, ukur nyuburkeun cukong, preman jeung aparat
> > pamarentah anu 
> > korup. Kumaha carana, ALi Sadikin gaduh ide, jeung
> > geus dipraktekuen 
> > jaman anjeunna kawasa, legalisir ngadu, terus
> > "diawasi" kalawan sereg 
> > pisan (ketat pisan). Dampak sosial akibat judi liar
> > langkung parah 
> > tinimbang judi nu diawasi ku pamarentah.
> > 
> > Jakarta di tahun 1960'an, samemeh Bang Ali jadi
> > gupernur, ngadu aya 
> > dimana-mana nu ngajalankeun para cukong nu
> > dibekingan ku aparat 
> > pamarentah, protitusi di jalan-jalan. Jakarta leuwih
> > tepat lamun 
> > disebut "big Village" (kampung besar) tinimbang hiji
> > kota (kuring 
> > kantos nonton film living dangerous mel Gibson nu
> > nyaritakeun jakarta 
> > taun 1965, sedih nempona oge, ceuk pandangan para
> > bule, jakarta teh 
> > lir ibarat kota di afrika!). Bang Ali berusaha
> > memeres masalah ieu. 
> > Ngadu dilegalisir, dipajeg, protitusi kitu keneh
> > dilokalisir (akhirna 
> > ditarurutan ku kota-kota lain di Indonesia). Jakarta
> > dijieun master-
> > planna (ieu oge ditarurutan ku dareah lain, nyarieun
> > master-plan keur 
> > daerahna masing-masing). Keur memeres ieu peryogi
> > artos, nya meureun 
> > kapaksa artos tina pajeg judi, da ti pamarentah
> > pusat mah kurang 
> > pisan. 
> > 
> > Tapi, sapertos ceuk Tempo, jaman geus robah, Bang
> > Ali parantos sepuh 
> > jeung geus teu gaduh kakawasaan naon-naon, tinggal
> > galakna wungkul. 
> > Ayeuna mah tinggal urusan nu ngarora, bade dicandak
> > kamana bangsa 
> > urang teh?
> > 
> > Baktos,
> > WALUYA
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke