Baraya,
 
Lain, lain teu kabita ngagorowokkeun kecap "merdeka" dina nyanghareupan tanggal 17 Agustus nepi ka danget ieu teh. Kabita pisan, hayang pisan ngucapkeun "merdeka". Ngan, kuang kumaha da puguh kaayaan rakyat ieu nagereg teh ceuk rarasaan, titingalian jeung pipikiran asa tacan merdeka. Teu rek kitu kumaha, nasib rahayat urang gegedena mah tetep sangsara, malah teu saeutik anu leuwih sangsara tinimbang bapa jeung akina baheula keur jaman dijajah, upamana: anu anakna ilang teu pupuguh jadi wadal "orde baru", aya anu kailangan sarakan (banjar karang pamidangan jeung sarakan garapanana), oge anu teu boga pagawean atawa anu di phk. Di jaman anu ceuk cenah alam "kamerdekaan" ayeuna ieu di NKRI, teu saeutik jalma anu digawe soson-soson tapi pagaweanana teu dihargaan sakumaha mistina. Sabalikna, loba jelema anu ukur diuk ngalagena dina korsi, ukur bati hubungan "hade" kaditu ka dieu, meunang rajakaya siga anak raja narima warisan kolotna.
 
Di alam anu ceuk cenah geus merdeka, karuksakan leuweung nepi kana angka 6 kalieun lapangan sepak bola/menit. Bororaah mere kawalatraan ekonomi ka rahayat, anu puguh mah karugian nagara/masyarakat nepi ka angka Rp 83 milyar unggal poe. Cain geus mimiti ngurangan, beas jeung gula nepi ka kudu impor; panghasilan patani (sabagean gede rahayat NKRI) leuheung mun nepi ka angka Rp 100.000/bulan da puguh ceuk balitungan mah kurang ti sakitu. Di alam anu ceuk cenah merdeka, loba keneh nonoman wanoja urang anu jadi "budak beulian", jadi dagangan para germo. BBM kalah ka beuki naek. Waragad atikan oge tambah gede. Pagawean beuki hese. Kaamanan lingkungan? Sakapeung anu hirup di kampung oge ngarasa teu aman, kitu geuning, ceuk babasan, keur ngisikan oge sakapeung bisa kailangan beas meunang ngisikan...papaseaan antara ras, agama, jero agama sorangan, mindeng remen kadengena.
 
Lamun tea mah eusining pembukaan UUD 1945 teh salaku visi jeung misi nagara RI, asana visi jeung misi teh tambah ngajauhan tina udagan. Aya misi tina proklamasi kamerdekaan RI sakumaha dina pembukaan UUD 1945, dicutat dina basa aslina bae: 1) melindungi segenap bangsa Indonesia dan seluruh tumpah darah Indonesia, 2) memajukan kesejahteraan umum, 3) mencerdaskan kehidupan bangsa, jeung 4) ikut melaksanakan ketertiban dunia yang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi dan keadilan sosial. Misi anu nomer 1), 2) jeung 3) mah asana jauh keneh. Loba warga jeung sarakanana anu teu kasalindungan, karaharjaan sarerea masih jadi impian, rahayat anu cerdas (pinter) oge masih jauh keneh tina kahontal. Anu puguh mah, kakayaan nagara geus kajual ka anu boga gadean, nepi ka urang hese rek ngaturna ku cara urang sorangan. Rahayat, si umum tea, asa tambah jauh bedana antara anu raharja jeung anu sangsara. Nya kitu deui, loba keneh anu tacan cerdas dina enggoning ngungkulan masalah kahirupan.
 
Dina nyanghareupan 17 Agustus 2005 ieu si kuring lain teu kabita ngucapkeun "merdeka", ngan teu kaduga ku kanyataan. Mendingan ngucapkeun "wilujeng milangkala proklamasi kamerdekaan RI anu ka 60" bae, kalayan pangharepan muga-muga  sakabeh rahayat jeung sarakan bangsa Indonesia kasalindungan ku NKRI, karahrjaan keur sakumna rahayat NKRI gancang kawujudkeun, rahayat NKRI maju jeung cerdas, tur bisa milu icikibung dina nangtungkeun katengtreman dunya.
 
baktos,
manAR
 
 
  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke