Nyanggakeun ka wargi Kusnet.
Tadi pasosore aya telp ti lembur kuring  di kacamatan tambaksari kabupaten 
ciamis( di running teks tv one oge aya infona ) aya hujan mani badag anu 
ngabalukarkeun musibah, sawah sawah anu karek ditanduran limpas kitu deui 
balong seueur anu jebol darmagana (lauk limpas ka lebak/sungai), bahkan aya 
deui sasak anu ngahubungkeun balegede-kaso oge ngiring ambrol, hujan anu badag 
ieu benten ti sasari, kanggo karugian material teu acan di etang mung 
alhamdulillah kana jiwa mah teu aya, memang kajantenan ieu nembe aya deui 
saatos tahun 80-an sareng 90-an. Kacamatan tambaksari aya di handapeun kontrak 
gunung bitung (7'13'34'21 S - 108'32'51'73' E dina google earth) anu kapungkur 
kantos dipelakan karet ( kebon karet milik swasta), saatos kontrak rengse aya 
info eta kebon teh ditukar guling ku pihak sentul ( duka leres na mah ), mung 
nu aya ayeuna eta lahan teh gundul mung sakadar dipepelakan sambeu, boled , 
kacang suuk sareng tanaman sejena (ku masyarakat
 sakurilingna),pami nuju usum halodo karasa tarik pisan da sumber cai ti daerah 
resapan tos teu aya, pami nuju usum hujan sapertos ayeuna sok aya bae musibah 
berupa tanah longsor (desa kaso+desa kadupandak), 
ku kituna bilih diantawis wargi  kusnet terang info perkawis lahan nu gundul 
molenang gunung bitung mangga pedarkeun di dieu. atanapi bilih aya anu konsen 
dina perkawis lingkungan mangga di advokasi.
hatur nuhun ( ka ki kuncen punten panjang teuing )


      

Kirim email ke