Re: [Urang Sunda] nganjang ka eksil

2009-12-05 Terurut Topik rudi rohan
rupina sae tah kanggo bahan novel mang...:D

From: mj 
To: kusnet 
Sent: Sat, December 5, 2009 7:08:47 AM
Subject: [Urang Sunda] nganjang ka eksil

kamari ngulampreng kautrecht, milu kang wahid, dosen sajarah ugm, urang 
kuningan tea nu s3 sejarah di universitas utrecht. calon disertasina ngeunaan 
pajeg jaman kolonial di daerah semarang. tujuan utama mah hayang nempo imah nu 
munggaran make gaya De Stijl, gaya desain nu lahir di Walanda. kapanggih teh 
imah leutik (dua lantey) camperenik teh, di prins hendriklaan, utrech 
wetan-ngidul saeutik. ngan teu asup da kudu nunggu jam 2 bareng jeung nu sejen. 
jaba kudu mayar 16 euro. asa mahal, da museum sejen ngan 7,5 euro

kang wahid geus jangji jeung pa kuslan budiman (umurna 75 tapi masih 
jagjag.bari hirup sorangan) di woerden, hiji kotapraja/gementee antara 
utrecht-leiden. manehna urang trenggalek, alumni Asri yogya. taun 62-63 
neruskeun sakola ka cina widang dekorasi panggung. memeh ka cina, manehna 
anggota lekra, gawena nya tukang ngahias panggung mun grup kasenian lekra 
nyieun acara. nya pegat carita jadi WNI taun 1965 da ku rejim anyar dianggap 
pro komunis tea, basa aya kudeta G 30 S tea.manehna stateless-teu boga 
kawarganegaraan, di cina ngan lima taun, terus pindah ka moskow.di moskow 20taun

pentingna keur sakuringeun peran pa kuslan nyaeta, manehna nu ngurus itu ieu 
layon Utuy Tatang Sontani, pangarang sunda urang cianjur nu oge nasibna kitu, 
dipecat jadi WNI alatan pas kajadian G 30 S manehna keur di moskow. asana dina 
buku kang Ajip dicaritakeun yen harita Utuy ditunjuk tonggong kudu milu ka 
moskow pikeun hiji kagiatan kasenian. pak Kuslan oge ngontak kang Ajip Rosidi 
cenah di Jakarta. utamana ngeunaan naskah beunang Utuy nu numpuk di moskow. 
cenah salila di moskow, Utuy jadi dosen bahasa Indonesia, nu sanggeus pangsiun 
diganti ku manehna.

pa Kuslan terus pindah ka walanda taun 1990. naha pindah, sabab cek manehna, 
walanda loba pakaitna jeung indonesia. jeung loba eksil di walanda. jadi loba 
batur. sabab sobatna di moskow, utuy tatang sontani urang cianjur, geus maot. 
pindah ka walanda dbantuan cenah ku wartawan walanda nu jaman KMB pro sukarno, 
lain pro walanda. si wartawan walanda eta kungdi dines di amrik, jadi nyaho 
cenah amrik harita pro indonesia.

pindah ka walanda mangge proses asylum (menta perlindungan politik) alatan 
manehna mah boga masalah politis jeung nagarana indonesia. basa datang ka 
walanda, manehna ditempatkeun di samacam asrama husus nu menta asylum eta. 
lilana sataun. sanggeus bisa jadi wnw, kungsi cenah ngalongok sarakan jaman gus 
dur, make paspor walanda.

hirupna ayeuna ku santunan ti pamarentah walanda, gedena standar minimal 
tunjangan pikeun nu nganggur (gedena sarua jeung jumlah beasiswa, sekitar 1000 
euro sabulan). kamari di imahna di rembrandtlaan Worden, nempo aya draft 
terjemahan puisi cina klasik hasil terjemahan manehna. cicing di imah nu pikeun 
soranganeun. kamar sare ngan hiji. buku we nu pinuh, maturan manehna. dinner di 
imahna da pa kuslan maksa kudu dahar di imahna.

tapi kasepian mah henteu cenah. sabab aya urang indonesia, istri nu nikah ka 
bule, nganggap bapa ka manehna. jadi boga anak jeung incu angkat. teu kasepian 
teuing. oge boga babaturan papada eksil nu kungsi boga kagitan dicukur 
keliling. saling nyukur da ka tukang cukur mahal cenah. hehe

jam 8an peuting tiluan balik ka leiden. sirah pinuh ku pikiran soal pa ruslan. 

Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang Lebih 
Cepat hari ini! http://id.mail. yahoo.com

[Urang Sunda] nganjang ka eksil

2009-12-04 Terurut Topik mj

  Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang 
Lebih Cepat hari ini! http://id.mail.yahoo.com