haturan sadayana

naha nu ngarasa/hayang jadi 'gedeng permoni' teh geuning kabeh lalaki nya?
kang tantan jeung kang irpan. pan tos jelas katulis ku kang yaya, 'dewi'
cenah 'gedeng permoni' teh. ari sakanyaho mah dewi teh awewe. najan tadina
mah lain keur manusa, ukur sesebutan keur dewa awewena. terus dina carita
jaman baheula dewi oge jadi sesebutan keur manusa awewe nu lain samborong,
kudu aya teureuh ningrat. anak raja misalkeun. ngan geuning ari kiwari mah
aran dewi geus samborong keur awewe. sing saha wae bisa boga aran atawa
sesebutan dewi....

nya karak di dieu kuring manggih aya lalaki nu ngarasa/hayang jadi dewi....

heuheu........... nu di luhur mah heureuy ah

balik ka masalah kang yaya nu geus hoream ka lembur ku sabab aya 'dewi
gedeng permoni' tea , kuring mah sapuk jeung usulan kang kumi. utamana dina
palebah kapalay sababara urang sangkan kang yaya nembrakeun saha-sahana
'sang dewi' teh. eta cenah keur pikiraneun sarerea, cek kuring mah sangkan
ieu kasus jadi pikiraneun (teu sambarangan nulis di ieu lembur) da teu kudu
apal saha persis jelemana nu dipake kahoream ku kang yaya. pastina mah kang
yaya ge lain geuleuh ka jelemana, ukur hoream kana kalakuanna/tulisan eta
'sang dewi' di ieu milis.

sangkan urang bisa ngagiwar tina ngalakukeun kalakuan jiga nu geus
dilakukeun ku eta jalma nepi ka kang yaya hoream ka lembur, urang kudu apal
saha ari dewi gedeng permoni teh. jigana teu ukur kuring nu wanoh ka sang
dewi eta teh ukur kitu-kitu wungkul. wanoh ukur hasil tina dedengean saliwat
sabari serius seuseurian ningali bojegan si cepot. ku ayana kitu tinimbang
urang ngadongsok ka kang yaya sangkan ngaluarkeun aran nu jadi ulon-ulon
kahoreamanana, mendingan mangga ka baraya, nu apal saha jeung kumaha ari
dewi gedeng permoni teh, ka parayun keur medar lalakon eta sang dewi. da cek
beja mah ieu dewi teh tokoh wayang sunda salian si cepot. ku kituna, ku
dipedarna ieu lalakon kasundaan urang ge bakal tambah jembar....

sakitu pamendak simuing, nuhun

duq

2009/10/2 Irpan Rispandi <mr.rispa...@gmail.com>

>
>
> top bottom teu bisa, urang bottom up we nya. he..he..he..
> kang Yaya kan can nyebutkeun saha 'nominator' anu kapilih jadi "Gedeng
> Permoni".
>
> Mending urang pada ngajukeun "jago", we lah, saha nu kira-kira pantes jadi
> "Gedeng Permoni".
>
> kuring mah moal nga-jagokeun batur, rek ngajago sorangan we. Kuring pantes
> jadi 'nominator' dina "Gedeng Permoni" Award.
> dukung saya, ketik GP spasi Irpan, kirim keu 911 he..he..he..
>
>
>
> jangdede wrote:
>
>   tapi da ceuk kuringmah mending dijelaskeun saha bungkeuleukanana. sugan
> we bisa dijadikan bahan introspeksi pikeun sarerea.
>
> Sok jentrekeun we lah Kang Ya...
>
>
> salam
> jangdede
>
>
>
> 2009/9/30, tantan hermansah <sariak.lay...@gmail.com>:
>>
>>
>>
>> Dirojong pisan Kang Ya.
>> Mun kirang, engke rek dialungkeun oge di pesbuk kanggo milarian dukungan.
>> Saha atuh "Dewi Gedeng Permoni" teh. Meh jentre. Boa-boa kuring oge tah...
>> (mun enya kuring, kajeung kuring anu undur ti ieu lembur)....
>>
>> Baktos
>> Tantan
>>
>>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke