Kantos
sababarahakali ka Bandung, pasna mah di setiabudi cakep ikip, ngendong di
adi pernah sababaraha kali amengan ka lembang, pasar lembangTapi
palebahmana mana namah, punclut teh teu terang, ngan ngan kantos angkot anu
nyandak abdi, ngaliwatan jalan anu nanjakhararejoo titingalian, kembang
seueur..endah we pokona mah...
ungggal ngendong di bandung teh, sakadang adi oge sok
ngurihit ngajak ameng enjing2 teh, sabtu atawa minggu ka punclut, cenah
resep..tapi da tara wae...teu kuat ku tiris...boro2 hoyong incah isuk2
tehresep keneh ngeukeupan guling..
Tapi
InsyaAlloh lah, ke mah pami ka bandung bade maksakeun nyobian amengan ka punclut
teh
Nia
-Original Message-From: oman abdurrahman
[mailto:[EMAIL PROTECTED]Sent: August 04, 2004 11:06
AMTo: [EMAIL PROTECTED]Cc:
[EMAIL PROTECTED]Subject: [Urang Sunda] Ngimpi aya Taman
Nasional PUNCLUT (1)
Ti Bandung ka Lembang ngaliwatan Punclut, titingalian teuing ku arendah.
Aya sababaraha jalan anu bisa diliwatan ku kandaraan ti mimiti motor nepi ka
mobil, sebut bae jalur wetan, tengah jeung kulon. Ieu mah di sagigireun jalan
utama Bandung-Lembang ngaliwatan Ledeng, anu heunteu nincak Punclut sacara
langsung. Sakabeh jalan anu tilu jalur tehheunteu aya anu suwung tina
tanjakan. Lain nanjak biasa ieu mah, netek nakeranan. Sakabeh jalur mimiti
asup ti Bengkok-Dago, lebah pertelon anu ka Cigadung (kalereun terminal
Dago)
Jalur kahiji,jalanarula-arileu kalawan pengkolan anu rada
bahaya pasambung jeung tanjakan netek kacida.Kitu deui jalur tengah
jeung kulon. Tina tilu jalur tadi, anu kawilang heunteu pati netek jeung
pungkal-pengkol teh nya anu tengah. Anapon anu pang bahayana kusabab netek
kacida nya jalur kulon.
Ngaliwatan jalur mana bae, satutasna sababaraha tanjakan anu
pohara, urang baris nyorang patempatan anu lamun ngarandeg dimana bae samemeh
Gunung Batu- Lembang, baris mendakan tintingaliananu kalintang endahna
ka jihat mana bae. Ret ka tebeh wetan, tatangkalan ti THR Juanda
patingrunggunuk, nandakeun urang Tatar Sunda, khsusna Bandung, masih aya keneh
kanyaah ka alam, anu hartina nyaah kana sumber kahirupan sarerea.
Paratkeun paningal ka tuntung wetang, baris katingal G Bukittunggul, G.
Palasari, jeung G. Manglayang.
Ret deui ka tebeh tengah - kidul, pating parentul gedong-gedong di
landeuh Bandung, paselang jeung runggunukna tatangakalan anu geus rada
corencang. Lapat-lapat ka tungtung kidul, upama langit lenglang,
patingjungkiring gunung-gunung kayaning G. Malabar, G. Wayang, G. Patuha jeung
sejenna siga anu keur ngaping Bandung anu geus bayeungyang. Jajaran pagunungan
teh parat ka tebeh kulon. Saliwatan samar-samar, katingal beungeut cai
bendungan Saguling.
Nyawang Bandung ti tebeh kelerna dina mumunggang pasir-pasir anu kaasup
wewengkon Punclut, patingkalangkang gambaran mangsa ka tukang sakumaha anu
dicaritakeun ku buku-buku jeung para ahli. Enya, merenah pisan lamun baheula,
mangsa keur can aya jelema tepi ka daratngna sababaraha urang anu kasebut
manusa, aya talaga gede nyicingan landeuh anu ayeuna mashur kasebut
Bandung.
Kabayangna teh, boh talagana atawawewengkon sabudereunna kacida
endahna, siga dina pangimpian di nagri firdausi tea. Pasir-pasir anu hejo ku
tatangkalan,cai talaga anu herang, atuh parentulnagunung-gunung
sabudeureunna siga anusatianungguan talaga. Tepi ka jaman
Walanda,kaendahan sesa talagaBandung Buhun teh masih aya. Urang
terang tina buku kuncen bandung, pangersaKang Hari Kunto, geuning aya
anu disebut Muras Geger Hanjuang jeung muras-muras sejenna. Muras teh
patempatan di dataran Bandungmangsa urang dijajah Walanda anu masih
ngebrehkeun sesa-sesa talaga. Enya, sigana baheulana eta muras teh bagean
talaga anu kawilang pangjerona.
Sesa kaendahan alam Bandung masih aya tepi ka ayeuna. Nya diantarana
wewengkon Punclut anu masih hejo sok sanajan gegedena mah ukur pasir jukut.
Keun bae, untung keneh sakitu oge, urang masih mibanda sesa alam baheula.
Kaendahan Bandung Utara geus kakoncara tepi ka ku Bimbo mah dihaleuangkeun
dina kawih anjeunna, diantara syair na teh: "Senja yang indah, di Bandung
Utara...dst". Enya, sakumaha ceuk Bimbo keneh (duka upama nyutat ti M. A
Brouwer mah) yen cenah Tatar Priangan, kaasup Bandung, diciptakeunna oge waktu
Pangeran ngagelenyu imut. Hiji gambaran anu nandakeun kaendahan alam anu teu
kinten saena.
Hanjakal, dina danget ieu,wanci kiwari, mangsa ayeuna, ieu
wewengkon teh kagiridig ku rencana pangagung urang anu seja mekarkeun eta
wewengkon ku rupa-rupa wangunan atas nama pangwangunan. Singketna, rencana
pangwangunan anu baris ngarobah hejona alam ku garingna gedong-gedong jeung
jalan-jalan. Oge tangtu runtah jeung sagala rupa sesa kasibukan jelema loba
anu heunteu kapiara sakumaha mistina. Naha nya ari para pangagung heunteu aya
emutan pikeun mekarkeun