Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ceuk kuring mah kakuatan carponna neng Dyah Pitaloka
(oneng), dina susunan basana. Pondok-pondok jiga
puisi/prosa berirama, kentel warna lokal/kadaerahan
anu jelas-jelas  nunjuk ka wewengkon Garut (aya
disabit-sabit pabrik dodol). Dialek kadaerahanana
katingali pisan dina sababaraha dialogna. Milih manuk
siit uncuwing, nunjukkeun aya kesan mistis eusi
caritana. (kuring oge nembe terang manuk anu disada
siga kitu teh siit uncuwing).Aya kajadian goib, waktu
aya banjir, nunjukkeun kamistisan/kasupranaturalanana
carpon eta.

Carita ditungtungan ku datangna  peti mati anu
dieusian mayit anu geuneuk meuleukmeuk, salah sahiji
widang garapan Dyah Pitaloka, nyaeta perkara TKW.
Sakuduna mah, Dyah Pitaloka teh bisa leuwih daria
nyieun carpon nasib TKW. Lamun perlu ngayakeun
obervasi langsung di lapangan, ku jalan jadi TKW
nyaan. Pasti para juragan di Malaysia rebutan supaya
Dyah Pitaloka jadi TKW di tempatna.


baktos,

mrachmatrawyani


--- Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Carita Pondok Kompas Minggu 21 Oktober 2007. Nu
 ngarangna Si Oneng Rieke
 Diah Pitaloka. Rieke nu kalahiran Garut sanajan
 urang Jawa, ngaran Carpon
 Basa Indonesia bari diselipan basa Sunda. Ceuk
 kuring mah, nu teu ngarti
 sastra, lumayan lah carponna Si Oneng teh,
 nyanggakeun copy-pastena:
 
 
 Siit Uncuwing
 
 RIEKE DIAH PITALOKA
 
 Setiap pagi, bila langit sedang bahagia, kalangkang
 gunung menyerung kota
 kecil itu. Warnanya lebih tua dari langit, meski
 sama-sama biru. Saat
 matahari menggeliat, raut pegunungan ikut merona.
 Lekuk-lekuk ngarai
 ditutup rerimbun hijau bagai pinggang dan pinggul
 gadis-gadis menari.
 


__
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


RE: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik mj

Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu bisa kuring
karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge
caritana kurang hade.

Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa ka aki
di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah si lodong teh saminggu deui
rek lebaran peupeus dan karbitna gede teuing. Nostalgila. Duka ayeuna
barudak di desa marasih keneh kitu nyarieun bedil lodong ari puasa? Boa2
geus dilarang nya. Baheula mah ari lebaran teh sok rame ku petasan.
Pangbaradagna biasa ti haji pabrik kurupuk nu pang jugalana. Ayeuna mah teu
aya, jeung aki haji na ge tos pangsiun, sapalih pupus.



Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik Agus Hermawan
leuheung dibalikeun mah kang... aya beja
abdi mah ngirim hiji-dua carpon ka Cupumanik... 
pleng, teu beja, teu beje... he..he
lebar mangsi meureun

ush
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:

 
 Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu
bisa kuring
 karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge
 caritana kurang hade.
 
 Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa
ka aki
 di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah si lodong teh
saminggu deui
 rek lebaran peupeus dan karbitna gede teuing. Nostalgila. Duka ayeuna
 barudak di desa marasih keneh kitu nyarieun bedil lodong ari puasa? Boa2
 geus dilarang nya. Baheula mah ari lebaran teh sok rame ku petasan.
 Pangbaradagna biasa ti haji pabrik kurupuk nu pang jugalana. Ayeuna
mah teu
 aya, jeung aki haji na ge tos pangsiun, sapalih pupus.





Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik Kebo Hideung
enya kang kuring oge pernah ngorong tuluy nyobaan dikirimkeun, da ableng teu 
aya bejana. ngalelewihi bang toyib.

Kebo Hideung

  - Original Message - 
  From: Agus Hermawan 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, October 22, 2007 3:20 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing


  leuheung dibalikeun mah kang... aya beja
  abdi mah ngirim hiji-dua carpon ka Cupumanik... 
  pleng, teu beja, teu beje... he..he
  lebar mangsi meureun

  ush
  --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
  
   
   Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu
  bisa kuring
   karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge
   caritana kurang hade.
   
   Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa
  ka aki
   di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah si lodong teh
  saminggu deui
   rek lebaran peupeus dan karbitna gede teuing. Nostalgila. Duka ayeuna
   barudak di desa marasih keneh kitu nyarieun bedil lodong ari puasa? Boa2
   geus dilarang nya. Baheula mah ari lebaran teh sok rame ku petasan.
   Pangbaradagna biasa ti haji pabrik kurupuk nu pang jugalana. Ayeuna
  mah teu
   aya, jeung aki haji na ge tos pangsiun, sapalih pupus.
  



   

Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng
Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur)
mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu
geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung
meunang nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus
kosong, eta kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di
garotong di bawa kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor
luhureun lembur cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali
nyundut, karbit nu diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah...
ngageleger ... imah anu jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung
kentengna pareupeus... tapi da sok digantian / dibere parurugi ku ajengan.
Manjang eta teh salila bulan Puasa, namatkeun maleman takbir, malah sok aya
perang lodong sagala, patarik2 jeung lembur peuntas.

On 10/22/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:


 Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu bisa
 kuring
 karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge
 caritana kurang hade.

 Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa ka aki
 di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah si lodong teh saminggu
 deui
 rek lebaran peupeus dan karbitna gede teuing. Nostalgila. Duka ayeuna
 barudak di desa marasih keneh kitu nyarieun bedil lodong ari puasa? Boa2
 geus dilarang nya. Baheula mah ari lebaran teh sok rame ku petasan.
 Pangbaradagna biasa ti haji pabrik kurupuk nu pang jugalana. Ayeuna mah
 teu
 aya, jeung aki haji na ge tos pangsiun, sapalih pupus.